Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 1 >> 

1Teopilus anu mulya, Seueur jalmi anu parantos sateka-teka nyeratkeun perkawis anu parantos kajadian di urang.

2Hal-hal anu diserat ku maranehna cocog sareng carios anu katampi ku urang ti jalmi-jalmi anu ngawawarkeunana, nya eta anu nyaraksian sorangan eta kajadian ti awalna.

3Sim kuring, ku margi parantos nyukcruk kalayan taliti eta perkawis ti awit kajadianana, gaduh emutan aya saena nyeratkeun eta hal kalayan beres jujutanana, kangge Paduka.

4Maksad sim kuring nya eta supados hal leresna sagala perkawis anu parantos diwulangkeun ka Paduka teh ku Paduka kauninga sadayana.

5Keur mangsa Herodes ngarajaan di Yudea, aya hiji imam ti golongan imam-imam Abia, jenenganana Jakaria. Istrina oge turunan imam, jenenganana Elisabet.

6Istri pameget mulus lampahna di payuneun Allah, kacida ta’atna kana hukum jeung parentah Pangeran.

7Teu karagunganeun putra lantaran Elisabet gabug, jeung deui duanana geus kacida sarepuhna.

8Dina hiji poe Jakaria barangdamel mangku kawajiban imam di Bait Allah, giliranana laladen poean.

9Numutkeun undian anu biasa dijalankeun ku para imam, anjeunna anu kapilih kudu ngukus dina altar. Anjeunna lebet ka Bait Allah.

10Sabot anjeunna ngukus meuleum menyan, jalma rea ngadaroa di luar.

11Breh malaikat Pangeran nembongan ka anjeunna, ngadeg di katuhueun altar paragi ngukus.

12Jakaria ngarenjag jeung kacida sieuneunana.

13Tapi malaikat teh ngalahir, "Ulah sieun, Jakaria! Paneda anjeun ku Allah enggeus didangu. Elisabet bojo anjeun bakal boga anak, lalaki, pingaraneunana Yohanes.

14Pisakumahaeun anjeun bagjana upama eta geus lahir, nu sejen oge loba anu bakal bungah!

15Eta teh bakal jadi jelema penting di payuneun Allah. Ulah sina nginum anggur atawa inuman keras lianna. Ti barang dijurukeunana bakal dilinggihan ku Roh Suci,

16jeung bakal nungtun urang Israil baralik deui ka Pangeran Allahna.

17Manehna ku Pangeran diutus ti heula, bakal kuat jeung kawasa cara Nabi Elias; bakal ngarapihkeun kaom bapa jeung anak-anakna; bakal nungtun tukang ngaralawan baralik deui kana pikiran anu bener. Jadi eta teh bakal nyadiakeun keur Pangeran hiji umat anu daraek ngabdi ka Mantenna."

18Piunjuk Jakaria ka malaikat, "Perkawis eta kumaha bade buktosna? Abdi parantos kolot, pun bojo nya kitu keneh."

19Waler malaikat, "Kaula teh Jabrail, purah aya di payuneun Allah anu ngutus kaula ayeuna ka anjeun, nepikeun ieu warta anu pikabungaheun.

20Ieu hal tangtu bukti dina waktuna, tapi ku anjeun teu dipercaya. Ku sabab anjeun henteu percaya, anjeun bakal pireu, moal bisa ngomong nepi ka mangsa anu diomongkeun ku kaula kajadian."

21Jalma-jalma anu keur ngadaragoan Jakaria hareraneun dumeh anjeunna sakitu lilana di jero.

22Ari kaluar, Jakaria bet teu iasaeun sasauran. Ku jalma rea kajudi yen anjeunna di jero mendak titingalian. Ku sabab teu iasa sasauran pisan, anjeunna tuluy pepeta ku panangan.

23Sanggeus tutup giliran anjeunna laladen di Bait Allah, Jakaria mulih ka bumina.

24Teu lila ti harita Elisabet geureuhana ngandeg, terus ngerem anjeun nepi ka lima bulan,

25sarta misaur kieu, "Ahirna Pangeran kersa mitulung, ngaleungitkeun kahinaan diri kuring."

26Sanggeus Elisabet ngandegna nincak genep bulan, Allah ngutus malaikat Jabrail ka Nasaret, hiji kota di Galilea,

27nyandak amanat ka hiji parawan anu eukeur babakalan jeung Yusup turunan Raja Daud. Eta parawan ngaranna Mariam.

28Jabrail sumping ka Mariam tuluy ngalahir, "Salam rahayu! Pangeran nyarengan ka Nyai sarta pohara ngaberkahana-Na."

29Mariam ngarenjag nguping kasauran eta malaikat, jeung henteu ngartoseun naon maksudna.

30Malaikat ngalahir deui, "Ulah sieun, Mariam! Nyai kenging kurnia ti Allah.

31Nyai bakal ngandeg, bakal puputra anu ku Nyai kudu dijenenganan Yesus.

32Eta putra Nyai bakal agung, jeung bakal disarebut Putra Allah Nu Maha Agung. Ku Allah Pangeran bakal didamel raja sakumaha Daud karuhun-Na,

33bakal ngarajaan ka turunan Yakub salalawasna, sarta karajaana-Na moal aya anggeusna."

34Piunjuk Mariam ka eta malaikat, "Eta perkawis teh kumaha pitiasaeunana, margi abdi teh parawan keneh?"

35Malaikat ngawaler, "Nyai bakal disumpingan ku Roh Suci, bakal diliputan ku kakawasaan Allah. Ku sabab kitu eta putra anu bakal medal teh suci, bakal disebut Putra Allah.

36Sangkan Nyai terang, Elisabet baraya Nyai anu kacaturkeun gabug tur geus sakitu kolotna, ayeuna keur ngandeg geus kagenep bulan ieu.

37Sabab mungguh di Allah mah henteu aya anu mustahil."

38Piunjuk Mariam, "Abdi teh abdi Pangeran, mugia laksana sakumaha pilahir Juragan." Ti dinya malaikat teh jengkar ngantunkeun Mariam.

39Ti dinya Mariam geuwat angkat ka hiji kota pagunungan di Yudea,

40ngajugjug ka bumi Jakaria. Sasumpingna tuluy uluk salam ka Elisabet.

41Barang Elisabet ngadangu salamna Mariam, bayi di jero kandunganana ngulisik. Elisabet dilebetan ku Roh Suci,

42terus nyaur tarik, "Nya Nyai anu pangdiberkahanana ti sadaya istri. Mugia wilujeng putra nu baris medal ti Nyai.

43Karah naon ieu Ibu dugi ka kenging nugraha disumpingan ku Ibuna Gusti sembaheun Ibu?

44Barang Nyai uluk salam, jabang bayi di jero kandungan Ibu dugi ka ajrug-ajrugan atoheun.

45Nyai estu bagja parantos kersa percaya yen perkawis anu diandikakeun ku Pangeran teh tangtos buktos!"

46Saur Mariam, "Hate abdi muji ka Pangeran,

47jiwa estu bingah, ku karana Allah Jurusalamet abdi,

48reh Mantenna parantos mikaemut ka abdi, abdi-Na nu laip. Ti semet ayeuna, jalma rea ka abdi bakal nyarebat bagja,

49reh abdi nampi perkawis anu marulya ti Allah Nu Maha Kawasa. Suci jenengan Mantenna.

50Sugri nu mikaajrih ka Mantenna, turun-tumurun ku Mantenna dipikawelas.

51Mantenna metakeun panangana-Na anu santosa, ngubrak-ngabrik anu aradigung katut sagala paniatanana.

52Raja-raja anu garagah perkosa, ku Mantenna dirurud tina tahtana, jalmi laip dijungjung harkatna.

53Kaom lapar dicekapan ku sagala kasaean, nu baleunghar sina indit ngagilincing.

54Mantenna sumping, nulungan Israil abdi-Na, sakumaha jangji-Na ka karuhun urang.

55Emuteun yen seja mikawelas ka Ibrahim, sareng ka sugri turunanana, salalanggengna!"

56Sanggeus nganjrekna di Elisabet kurang leuwih tilu bulan, Mariam tuluy mulih.

57Sanggeus Elisabet bobotna jejeg bulanna tuluy babar, putrana pameget.

58Tatangga-tatanggana jeung wargi-wargina anu nyarahoeun yen anjeunna mendak ganjaran anu taya papadana ti Pangeran, kabeh daratang ngawilujengkeun.

59Sanggeus yuswa eta murangkalih jejeg saminggu, maranehna daratang deui arek nyepitan murangkalih, sakalian dipaparin jenengan Jakaria, cara ramana.

60Tapi saur ibuna, "Ulah eta ngaranna! Kudu Yohanes."

61Tapi ceuk maranehna, "Jenengan kitu mah teu aya di wargi-wargi Ibu!"

62Ti dinya maranehna pepeta ka Jakaria, maksudna naranyakeun murangkalih teh kudu dijenenganan saha.

63Jakaria mundut dipangnyandakkeun batu tulis, geus kitu nyerat kieu, "Ngaranna Yohanes." Jalma-jalma teh kacida hareraneunana!

64Ari Jakaria harita keneh dadak sakala iasa deui sasauran, tuluy ngamulyakeun ka Allah.

65Jalma-jalma jadi sarieuneun. Saterusna beja eta kajadian teh nyebar ka sakuliah kota pagunungan Yudea.

66Saban anu ngadenge eta beja, hatena tingtaranya, "Rek jadi naon eta murangkalih teh?" Kawantu eta murangkalih teh diaping ku kakawasaan Pangeran.

67Jakaria, ramana Yohanes, dilebetan ku Roh Suci, tuluy ngawejang ngucapkeun amanat ti Allah:

68"Sagala puji ka Pangeran, Allah Israil! Mantenna sumping seja nulungan umat-Na, ngabebaskeun maranehna.

69Urang dipaparin Jurusalamet perkosa, turunan Daud abdi-Na.

70Baheula Mantenna jangji, dikedalkeunana ku nabi-nabi pilihana-Na,

71bakal nyalametkeun urang ti musuh-musuh, tina genggeman anu gareuleuheun ka urang.

72Dawuhana-Na, Mantenna baris mikawelas ka karuhun urang, sarta baris ngalaksanakeun jangji-Na nu suci.

73(1:73-74) Ka Ibrahim rama urang Mantenna sumpah, jangji ngaleupaskeun urang ti musuh-musuh, sarta ngidinan urang ngabdi ka Mantenna kalawan taya karisi.

74(1:73)

75Sangkan urang di payuneuna-Na mulus jeung bener saumur-umur.

76Ari hidep anaking, bakal disarebut nabi Allah Nu Maha Agung. Hidep ku Mantenna diutus ti heula, keur naratas jalan Mantenna.

77Pikeun ngembaran jalma-jalma yen bakal disalametkeun, ku jalan dihampura dosa-dosana.

78Allah urang sipat welas sipat kurnia, bakal nyorotkeun cahaya pisalameteun sina meletek luhureun urang,

79sina sumorot ti sawarga, nyaangan ka sakur anu araya dina poekna kalangkang maot, baris nungtun lengkah urang ka jalan nu aman santosa."

80Murangkalih tea beuki ageung, jiwana beuki teguh. Anjeunna mukim di gurun keusik, ngantos mangsana nganyatakeun anjeun ka urang Israil.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Lukas 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel