Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Lukas 9 >> 

1Yesus ngempelkeun murid-murid anu dua welas tea, seug maranehanana dipaparin kawasa jeung wewenang pikeun ngusir roh-roh jahat jeung nyageurkeun rupa-rupa panyakit.

2Ti dinya maranehanana diutus pikeun ngawawarkeun warta yen Karajaan Allah rek diadegkeun di ieu dunya, jeung pikeun nyageurkeun anu garering.

3Pilahir Anjeunna, "Pikeun kaperluan di jalan maraneh ulah mawa naon-naon saperti iteuk, kantong sidekah, dahareun, duit. Pisalin ge ulah mawa.

4Ditarima di mana bae, nganjrek teh kudu terus di imah eta anu narima nepi ka waktu kaluar deui ti eta kota.

5Upama di hiji kota maraneh taya anu narima, tinggalkeun bae eta kota teh bari gibrigkeun kekebul tina suku, minangka ngingetan ka urang dinya."

6Bral murid-murid arindit mapay desa-desa, ngawartakeun Injil Kasalametan jeung nyageur-nyageurkeun anu garering.

7Sagala perkara hal Yesus teh kadangu ku Herodes anu nyekel kawasa di Galilea. Kacida anjeunna bingungeunana, sabab loba anu nyarita majar teh Yohanes Jurubaptis tea hirup deui.

8Aya oge anu nyarita majarkeun Nabi Elias muncul deui. Aya deui anu nyarita yen salah sahiji nabi anu baheula ayeuna hirup deui.

9Saur Herodes, "Yohanes ku aing geus diteukteuk sirahna. Jadi eta jelema anu sagala bejana kadenge ku aing, saha?" Manahna panasaraneun hayang ningali Yesus.

10Rasul-rasul anu diutus tea geus marulang, sarta ngunjukkeun sagala pagaweanana. Ku Yesus dicandak nyingsal ka nu sepi di kota Betsaida.

11Tapi jalma rea pada naluturkeun lantaran nyarahoeun. Ku Anjeunna ge ditampi, terus diwuruk hal Karajaan Allah. Nu garering dicalageurkeun.

12Waktu panonpoe geus rek surup, murid-murid arunjukan, "Jalmi-jalmi teh piwarang budal bae, sina marilarian tedaeun sareng pamondokan ka desa-desa sareng ka kampung-kampung, kawantos ieu tempat mah sakieu sepina."

13Saur Yesus, "Barere dahar ku maraneh bae saaya-aya." Ari tembalna, "Kumaha da mung gaduh roti lima siki sareng lauk dua siki. Kedah meser heula kitu tedaeun keur jalmi sakitu seueurna?"

14(Jelemana kira-kira aya lima rebu urang.) Saur Yesus, "Sina dariuk sarombongan-sarombongan, masing-masing kira-kira limapuluhan."

15Pek ku murid-murid dititah dariuk.

16Roti nu lima siki jeung laukna dua siki tea ku Yesus dicandak. Anjeunna tanggah ka langit jeung muji sukur ka Allah. Geus kitu roti teh disemplekkan, sina dibagikeun ku murid-murid.

17Jalma-jalma dalahar nepi ka sareubeuheun. Rotina nyesa keneh, ku murid-murid dikumpulkeun meunang dua belas karanjang.

18Hiji mangsa sarengsena Yesus sembahyang nyalira, murid-murid-Na pada ngadareuheus. Ku Anjeunna dipariksa kieu, "Ari ceuk jelema rea Kami teh saha?"

19Wangsulanana, "Aya anu nyebatkeun Yohanes Jurubaptis, aya anu nyebatkeun Nabi Elias, aya oge anu nyebatkeun salah sawios nabi hirup deui."

20Yesus mariksa deui, "Ari ceuk maraneh, Kami teh saha?" Ceuk Petrus, "Bapa teh Kristus anu dijangjikeun ku Gusti Allah."

21Yesus ngomat-ngomatan pisan supaya maranehna ulah ngucah-ngaceh eta hal.

22Saur-Na deui, "Putra Manusa teh kudu nyorang sangsara anu pohara, ditolak ku para kokolot, ku para imam kapala, jeung ku guru-guru agama, tuluy dipaehan, tapi sanggeus tilu poe bakal dihirupkeun deui."

23Geus kitu ngalahir ka sarerea, saur-Na, "Lamun aya anu rek milu ka Kami kudu miceun kapentingan sorangan, unggal poe kudu manggul salibna, heug anut ka Kami.

24Sabab sing saha anu ngabelaan hirupna, bakal kaleungitan hirup. Sabalikna anu ngorbankeun hirupna lantaran anut ka Kami, bakal nyalametkeun hirupna.

25Naon untungna meunangkeun saalam dunya tapi matak ngabinasa atawa rugi nyawa? Taya pisan untungna!

26Lamun jelema era ngaku ka Kami jeung kana pangajaran Kami, Putra Manusa oge bakal era ngaku ka eta jelema, lamun Anjeunna engke sumping dina kamulyaana-Na jeung kamulyaan Rama katut kamulyaan malaikat-malaikat saruci.

27Sing percaya: ti anu araya ayeuna di dieu, aya sababaraha urang anu moal waka maot samemeh narenjo heula Karajaan Allah ngadeg di ieu dunya."

28Kira-kira saminggu ti sanggeus nyaurkeun kitu, Yesus unggah ka hiji gunung seja neneda. Petrus, Yohanes jeung Yakobus dicandak.

29Sabot Anjeunna keur neneda, katembong raray-Na salin rupi, jeung anggoana-Na jadi bodas hurung mancur.

30Dak-dumadak katembong aya anu ngarencangan duaan keur sasauran jeung Anjeunna, nya eta Musa jeung Elias,

31anu salirana pinuh ku kamulyaan sawarga. Anu disalaurkeunana nya eta yen Yesus teh bakal nekanan kapastian ti Allah, bakal ditelasan di Yerusalem.

32Petrus, Yohanes, jeung Yakobus harita keur sarare. Tapi tuluy harudang, ret narenjo ka Yesus anu sakitu mulyana, jeung aya anu ngarencangan duaan.

33Barang eta anu duaan rek ngarantunkeun Yesus, Petrus unjukan ka Yesus, "Guru! Ku raraos di dieu teh! Abdi bade ngadamel kemah tilu, kangge Guru, kangge Musa, sareng kangge Elias," kitu pokna semu teu eling kana omonganana sorangan.

34Sabot manehna ngomong keneh, katembong aya mega sarta kalangkangna ngaliputan ka aranjeunna. Waktu eta mega turun ngalayang ka murid-murid, maranehna kacida sarieuneunana.

35Tina eta mega bijil gentra kieu, "Ieu teh Putra Kami nu kapilih. Kudu narurut ka Anjeunna!"

36Jep gentra, Yesus kantun nyalira. Eta murid nu tiluan teh tetep nyidem sagala tetenjoanana harita, henteu betus ka nu sejen.

37Poe isukna waktu Yesus lungsur ti gunung jeung tilu murid-Na, dipapag ku jalma loba.

38Nu saurang ngagero ka Anjeunna tarik pisan, "Pa Guru, mugi pangningalikeun pun anak anu mung hiji-hijina!

39Sok diserang ku roh jahat anu nyurup, dugi ka sok ujug-ujug jejeritan lajeng sawan, awakna heuras, sungutna ngabudah. Teras-terasan bae eta roh jahat nyiksana ka pun anak teh, meh-mehan pun anak tiwas!

40Parantos nyuhunkeun tulung ka murid-murid Pa Guru supados roh jahatna dikaluarkeun, nanging henteu tariasaeun."

41Yesus ngalahir, "Ari maraneh ku areuweuh kapercayaan jeung saralah! Kudu nepi ka iraha direujeungan jeung disabaran ku Kami teh?" Geus kitu lahirana-Na ka eta jelema, "Bawa budak teh ka dieu!"

42Waktu eta budak keur leumpang nyampeurkeun, ku roh jahat dibantingkeun nepi ka sawan. Roh jahatna ku Yesus diseuseul. Budakna cageur, tuluy ku Anjeunna diserenkeun ka bapana.

43Narenjo hebatna kakawasaan Allah, jalma-jalma kabeh barengong. Waktu jelema-jelema hareraneun keneh ku nu dipidamel ku Yesus, Anjeunna nyarios kieu ka murid-murid,

44"Ulah paroho kana ieu omongan Kami! Putra Manusa teh geus tereh diselehkeun kana kakawasaan jelema."

45Pilahir-Na ku murid-murid henteu kahalartieun. Hal ieu dirasiahkeun ka maranehna nepi ka maranehna teu bisa ngajudi kana maksud anu saenyana. Ari rek naranyakeun teu waranieun.

46Geus kitu murid-murid teh recok sual saha ti antara maranehna anu pangpunjulna.

47Yesus, anu uningaeun kana palikiranana nyandak hiji budak leutik, ditangtungkeun di gedengeuna-Na,

48tuluy ngalahir ka maranehna, "Saha-saha anu narima ka ieu budak ku karana Kami, eta teh narima ka Kami; saha-saha anu ngaku ka Kami, eta teh narima ka anu ngutus Kami. Sabab anu panghandapna di maraneh, nya eta nu pangpunjulna."

49Yohanes mihatur, "Juragan, abdi-abdi kantos ningal jalmi anu ngusir setan nyambat tuang jenengan. Ku margi manehna sanes ti pihak urang, ku abdi-abdi diwagel."

50"Ulah dilarang," waler Yesus ka Yohanes jeung ka nu sejen-sejen, "sabab sing saha anu teu ganggu ka maraneh eta teh batur, mihak ka maraneh."

51Sanggeus meh cunduk kana waktuna Yesus bakal dicandak ka sawarga, Anjeunna mutuskeun seja angkat ka Yerusalem.

52Tuluy miwarang utusan ti heula ka hiji desa di Samaria, sina nyadiakeun pisumpingeuna-Na.

53Tapi urang desa eta arembungeun narima, dumeh nyarahoeun yen Yesus teh geuning kersana rek ka Yerusalem.

54Dua murid, nya eta Yakobus jeung Yohanes, sanggeus tarerangeun kitu teh mihatur ka Yesus, "Gusti, kumaha pangersa teh, naha kenging abdi-abdi nyambat seuneu turun ti langit sina ngalebur eta jalmi-jalmi?"

55Yesus nyoreang ka maranehna, sarta eta dua murid teh diseukseukan.

56Geus kitu Anjeunna angkat jeung murid-murid ka desa sejen.

57Di satengahing jalan aya jelema mihatur ka Yesus, "Abdi sumeja ngiring Bapa ka mana bae."

58Saur Yesus, "Careuh baroga liang, manuk baroga sayang, ari Putra Manusa mah teu boga tempat keur ngedeng-ngedeng acan."

59Ari ka nu saurang deui kieu lahir-Na, "Tuturkeun kami." Tapi ngajawabna teh, "Nyuhunkeun permios heula bade ngaruang pun bapa."

60Saur Yesus, "Keun nu maot mah sina nguburkeun nu maotna sorangan, ari maneh kudu ngawartakeun Karajaan Allah anu bakal ngadeg di ieu dunya."

61Aya deui saurang, mihatur kieu, "Abdi sumeja ngiring, Juragan! Mung bade pamitan heula ka kulawargi."

62Saur Yesus ka manehna, "Lamun geus prak ngawuluku masih sumoreang mah teu pantes jadi warga Karajaan Allah."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Lukas 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel