Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 12 >> 

1Teu lila ti harita, dina poe Sabat Yesus angkat ngalangkung lahan pelak gandum. Murid-murid-Na lalapareun, tuluy maretik gandum sarta didalahar.

2Katarenjoeun ku urang Parisi tuluy diomongkeun ka Yesus, "Tingali itu murid-murid Anjeun ngarempak Hukum Agama urang, migawe anu dilarang dina poe Sabat!"

3Waler Yesus, "Tacan ngaos kitu carita Daud, kumaha waktu anjeunna jeung pangiringna lapar?

4Anjeunna lebet ka Bait Allah nyandak roti pangbakti ka Allah, sarta terus dituang jeung pangiringna. Padahal nurutkeun Hukum Agama mah eta roti teu meunang didahar ku sambarang jelema, ngan imam bae nu meunang ngadahar.

5Atawa can kaaos kitu dina Hukum Musa, yen imam-imam anu digarawe di Bait Allah unggal poe Sabat ngalanggar papakon Sabat tapi teu disalahkeun?

6Bisi can tarerang, di dieu aya anu leuwih mulya ti batan Bait Allah.

7Dina Kitab Suci aya ayat kieu: ‘Anu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.’ Lamun aranjeun ngarti enya-enya kana ieu ayat, piraku nepi ka nyalahkeun ka nu teu salah.

8Karana Anak Manusa teh Gustina poe Sabat."

9Yesus neruskeun angkat tuluy lebet ka imah ibadah.

10Di dinya aya hiji jelema anu leungeunna kemper sabeulah. Jeung aya nu sejen deui, anu saenyana ngarep-ngarep supaya Yesus ngadamel kasalahan, rek didakwa. Maranehna ngadoja ka Anjeunna, "Coba ieu lamun dicageurkeun ayeuna dina poe Sabat, kumaha ngarempak Hukum Agama urang?"

11Waler Yesus, "Lamun aranjeun aya anu boga domba sasiki, ragrag kana lombang jero dina poe Sabat, kumaha moal diusahakeun diangkat?

12Komo jelema anu lain domba! Ku sabab kitu, najan keur poe Sabat oge Hukum Agama urang ngidinan ari nulungan ka sasama hirup mah."

13Geus kitu saur-Na ka eta nu kemper, "Angkat leungeun maneh, lempengkeun." Seug nu kemper teh ngangkat leungeunna, sarta harita keneh tuluy cageur kawas nu sabeulah deui.

14Urang Parisi ngalaleos ti dinya, badami rek maehan Yesus.

15Yesus uningaeun yen Anjeunna rek aya nu nelasan, tuluy ngantunkeun eta tempat, ditaluturkeun ku jalma rea. Anjeunna nyageurkeun anu garering,

16tapi maranehna teu meunang ucah-aceh perkara Anjeunna.

17Pang Anjeunna midamel kitu teh ngalaksanakeun sabda Allah anu diucapkeun ku Nabi Yesaya baheula:

18"Nya ieu abdi Kami, utusan pilihan Kami, anu ku Kami diasih jeung dipisuka, bakal diauban ku Roh Kami. Anjeunna bakal ngembarkeun ka bangsa-bangsa perkara putusan Kami.

19Anjeunna bakal nyingkiran papaduan, moal hahaok, atawa sosoak pidato di jalan-jalan.

20Anjeunna moal motongkeun awi anu geus bengkung, moal mareuman lampu anu geus kakalincesan. Tekadna teguh nepi ka kaadilan nanjeurkeun kaunggulan.

21Anjeunna bakal jadi harepan sagala bangsa."

22Aya rombongan mawa jelema nya lolong nya pireu lantaran diraksuk ku roh jahat, dideuheuskeun ka Yesus. Ku Anjeunna dicageurkeun jadi bisa ngomong bisa nenjo.

23Jelema-jelema anu narenjo mani arolohok tuluy ngaromong, "Boa Anjeunna teh Putra Daud anu dijangjikeun tea, nya?"

24Ngadarenge kitu, urang Parisi nembal, "Manehna bisaeun ngusir roh jahat teh lantaran dibere kawasa ku Beelsebul, kapala roh-roh jahat."

25Yesus uningaeun kana pipikiran maranehna, tuluy sasauran, "Nagara anu pecah jadi golongan-golongan anu silih lawan, ngadegna moal lila. Kota atawa kulawarga anu anggotana pecah jeung silih musuhan, bakal paburantak.

26Kitu keneh di karajaan Iblis, lamun anu sagolongan ngusir anu sagolongan deui, eta nandakeun karajaanana geus pecah, tereh ambrug burantakan!

27Ceuk aranjeun, Kaula ngusir eta roh jahat teh make kakawasaan Beelsebul. Nah, para panganut aranjeun ti saha meunangna kawasa ari ngusir roh jahat? Para panganut aranjeun sorangan anu netelakeun yen aranjeun salah!

28Anu mere kakawasaan ka Kaula ngusir roh-roh jahat lain Beelsebul, tapi Roh Allah, nandakeun yen aranjeun geus aya dina suasana Karajaan Allah.

29Moal aya anu bisa ngabongkar imah jelema bedas sarta nyokotan harta bandana, kajaba lamun eta jelema bedas teh ditalikung heula, kakara imahna bisa dijarah.

30Anu henteu biluk ka Kaula tandaning lawan. Anu henteu ngabantu Kaula ngumpulkeun, hartina ngacak-ngacak pagawean Kaula!

31Ku sabab eta Kaula mere terang, jelema anu nyieun dosa jeung anu omonganana jahat bisa dihampura. Tapi anu ngagogoreng Roh Suci mah teu bisa dihampura.

32Anu omonganana ngalawan ka Anak Manusa bisa dihampura, tapi anu omonganana ngalawan ka Roh Suci mah dunya aherat moal dihampura!"

33"Lamun hayang buah anu alus kudu boga tangkalna anu mulus. Tangkal anu kuru mah buahna moal alus. Tangkal naon tangkal naon bisa kanyahoan tina buahna.

34Ari aranjeun, oray-oray, kumaha rek bisa ngucapkeun nu hade lamun aranjeun jahat? Ucapan anu mudal tina sungut teh asalna tina hate.

35Jelema hade tangtu ngabijilkeun anu hade tina hatena anu pinuh ku nu harade. Jelema jahat tangtu ngabijilkeun anu jahat tina hatena anu pinuh ku nu jarahat.

36Kaula ngingetan, dina Poe Kiamat unggal jelema kudu nanggung balukar omongan-omonganana anu mubadir.

37Sabab ucapan-ucapan aranjeun sorangan anu baris dipake nangtukeun aranjeun salah atawa teu salah."

38Ceuk guru-guru ahli hukum agama Yahudi jeung urang Parisi ka Anjeunna, "Guru, cik ngayakeun kaajaiban, hayang ningal."

39Yesus ngawaler, "Ku jarahat jeung ku daroraka ari manusa jaman kiwari! Marenta kaajaiban? Moal dibere, salian ti kaajaiban anu kasorang ku Nabi Yunus.

40Tilu poe tilu peuting Yunus aya di jero beuteung hiji lauk gede. Ari Anak Manusa, tilu poe tilu peuting bakal aya di jero kandungan bumi di jero taneuh.

41Dina Poe Kiamat, urang Ninewe bakal nunjuk kadorakaan aranjeun, da urang Ninewe mah narurut kana hutbah Nabi Yunus, tarobat. Tapi ayeuna di dieu aya anu leuwih ti batan Nabi Yunus!

42Dina Poe Kiamat, kajahatan aranjeun bakal ditunjuk ku ratu nagri Syeba, da eta ratu jauh-jauh ti nagrina geus merelukeun datang ngabandungan papatah-papatah Raja Suleman anu pinter wijaksana. Tapi ayeuna di dieu aya anu leuwih ti batan Raja Suleman!"

43"Lamun roh jahat geus kaluar tina nyurupna ka hiji jelema, tuluy ngatrok ka tempat-tempat anu garing, neangan enggon reureuh. Sanggeus teu manggih,

44ngomong sorangan, ‘Mending balik deui ka imah aing nu bareto.’ Tuluy balik deui, nyampak urut nyurupna teh kosong, bararesih, rarapih.

45Seug indit heula, balikna mawa batur tujuhan, roh-roh anu leuwih jahat ti batan manehna, tuluy nyarurup ka eta jelema, cicing reujeung. Kajadianana, kaayaan eta jelema jadi leuwih cilaka ti batan tadina. Kaayaan anu bakal nyorang ka jelema-jelema jahat jaman kiwari oge kitu."

46Sabot Yesus sasauran keneh jeung maranehna, ibu-Na sumping jeung saderek-saderek-Na, narangtung di beh luar, talatah yen seja nepungan.

47Seug aya anu ngunjukkeun ka Anjeunna, pokna, "Itu aya ibu sareng saderek-saderek, hoyongeun nepangan."

48"Saha ari ibu Kami? Saha ari dulur-dulur Kami?

49Ieu ibu jeung dulur-dulur Kami mah!" waler Yesus nunjuk ka murid-murid-Na.

50"Sing saha anu ngalampahkeun pangersa Rama Kami nu di sawarga, eta dulur Kami awewe lalaki jeung ibu Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 12 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel