Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 26 >> 

1Sanggeus nyarios kitu Yesus nyarios deui ka murid-murid, saur-Na,

2"Maraneh nyaho dua poe deui Pesta Paska, Putra Manusa teh bakal diserenkeun terus disalibkeun."

3Harita imam-imam kapala jeung para kokolot bangsa Yahudi mah keur kumpul di karaton Kayapas, Imam Agung,

4badami arek nangkep Yesus kalawan rikip, baris tuluy ditelasan.

5"Tapi nangkepna ulah dina waktu keur pesta," ceuk maranehna, "sabab rahayat tangtu rusuh."

6Yesus sumping ka Betania, linggih ka imah Simon anu baretona katerap ku lepra.

7Sabot keur tuang, datang hiji awewe mawa goci dieusi minyak seungit anu mahal ka Anjeunna, minyak teh tuluy dikucurkeun kana mastaka-Na.

8Murid-murid narenjo kitu teh jadi arambekeun, "Ku naon dihahambur kitu eta teh?" ceuk maranehna.

9"Eta minyak bisa dijual mahal, duitna jang kaom miskin!"

10Yesus uninga pikiran maranehna nu saenyana. "Ku naon maraneh openan ka ieu awewe?" saur-Na. "Manehna geus nembongkeun kalemesan jeung kamulyaan budina ka Kami.

11Nu mariskin mah salawasna ge aya bae jeung maraneh, tapi Kami mah aya di maraneh teh moal salilana.

12Ieu awewe ngucuran Kami ku minyak seungit teh saenyana makelatkeun Kami waktu pamakaman Kami engke.

13Sing percaya: Di mana bae Injil diwawarkeun di sakuliah dunya, kahadean ieu wanita ka Kami geus tangtu bakal disebut, dijieun pangeling-eling ka manehna."

14Aya hiji murid ti antara nu dua welas, ngaranna Yudas Iskariot, datang ka imam-imam kapala.

15"Upami abdi nyerenkeun Yesus ka Bapa-bapa, naon buruhna?" carekna. Imam-imam kapala ngitung duit tilu puluh gebleg perak, tuluy diserenkeun ka Yudas.

16Ti harita Yudas neangan kasempetan rek nyerenkeun Yesus ka imam-imam kapala.

17Dina poe kahiji Pesta Roti Teu Diragian, murid-murid arunjukan ka Yesus, "Bapa palay di mana disayagikeunana tuang jamuan Paska teh?"

18Waler-Na, "Tepungan hiji jelema di kota. Caritakeun ka manehna kieu: ‘Saur Pa Guru, Kaula geus tereh nepi ka wanci. Kaula seja mestakeun Paska jeung murid-murid di bumi andika.’"

19Murid-murid arindit nedunan piwarangana-Na, terus nyadiakeun tuangeun keur jamuan Paska.

20Sanggeus rada peuting Yesus calik tuang jeung murid-murid.

21Bari tuang Anjeunna nyarios, "Kami mere nyaho, ti maraneh aya saurang nu rek hianat ka Kami."

22Murid-murid mani tingrarenjag. "Tangtos sanes abdi nu dimaksad ku Gusti teh?" ceuk maranehna naranyakeun silihgenti.

23Waler-Na, "Anu rek ngahianat teh nya eta anu engke bantrok jeung Kami nyelupkeun roti kana mangkok.

24Memang Putra Manusa teh kudu tiwas. Hal eta geus disebutkeun dina Kitab Suci. Tapi kacida cilakana engke eta anu ngahianat ka Putra Manusa teh! Leuwih hade lamun eta jelema henteu kungsi lahir ka dunya!"

25Ceuk Yudas, si hianat tea, "Tangtos jalmina sanes abdi, Pa Guru?" Waler Yesus, "Kitu ceuk maneh mah."

26Tengah-tengah tuang Yesus nyandak roti hiji. Sanggeus muji sukur, rotina ku Anjeunna disemplekan tuluy diasongkeun ka murid-murid. "Ieu tampanan, dahar," saur-Na, "ieu teh daging awak Kami."

27Ti dinya Anjeunna nyandak lumur anggur. Sanggeus muji sukur, lumur diasongkeun ka murid-murid. "Ieu inum ku sarerea," saur-Na,

28"ieu teh getih Kami anu neguhkeun perjangjian Allah, getih anu dikucurkeun pikeun jalma rea geusan ngahampura dosa-dosana.

29Kami ngabejaan, ti semet ieu Kami moal nginum deui anggur ieu, nepi ka waktu engke nginum anggur anu anyar jeung maraneh di Karajaan Rama Kami."

30Sanggeus kitu aranjeunna nganyanyikeun hiji lagu pupujian. Ti dinya terus kaluar, ngajugjug ka Gunung Jetun.

31Yesus nyarios, "Peuting ieu keneh maraneh bakal kalabur ti Kami. Sabab ceuk Kitab Suci, ‘Eta pangangon ku Allah baris dipaehan, dombana disina paburisat.’

32Tapi sanggeus Kami dihirupkeun deui, Kami rek miheulaan maraneh ka Galilea."

33Ceuk Petrus ka Anjeunna, "Sanaos nu sanes naringgalkeun ka Bapa, abdi mah moal!"

34Waler Yesus ka Petrus, "Kami ngingetan, peuting ieu memeh hayam kongkorongok, maneh bakal geus tilu kali nyebut teu wawuh ka Kami."

35Ceuk Petrus, "Moal! Abdi mah moal nyebat kitu sanaos kedah paeh bareng sareng Bapa oge!" Nu sejen ge ngaromongna teh kitu.

36Yesus nyandak murid-murid-Na ka hiji tempat anu ngaranna Getsemane. Ti dinya saur-Na, "Maraneh dariuk di dieu sabot Kami neneda di ditu."

37Anjeunna terus angkatna, nyandak Petrus jeung dua sadulur anak bapa Sebedeus, manah-Na nalangsa jeung ketir.

38"Hate Kami asa remuk, nalangsa taya hinggana. Daragoan di dieu, jeung Kami bantuan nyaring," saur-Na ka maranehna,

39bari angkat ngantunkeun. Sanggeus rada jauh, bluk Anjeunna sujud meubeutkeun anjeun terus neneda, "Nun Ama, manawi kenging mah ieu lumur eusi kasangsaraan teh singkirkeun ti Abdi! Nanging ulah numutkeun panuhun Abdi, kedah numutkeun pangersa Ama."

40Sanggeus neneda Anjeunna ngalongok heula ka nu tiluan, tapi geus sarare. Ngalahir ka Petrus, "Na teu kuat maraneh tiluan maturan Kami nyaring barang sajam?

41Kudu nyaring, kudu neneda, supaya ulah keuna ku panggoda. Maraneh ari jiwa mah sumanget, tapi badan lahir hengker."

42Geus kitu dikantunkeun deui, mindo neneda, "Nun Ama, ari teu kenging henteu mah ieu lumur eusi kasangsaraan teh kedah bae diinum, mugi pangersa Ama laksana."

43Geus kitu ngalongok deui ka nu tiluan, tapi sarare keneh bae, panonna teu barisa dipake beunta.

44Seug dikantunkeun deui, katilu kalina neneda deui, kecap-kecap-Na cara tadi keneh.

45Geus kitu nepangan deui nu tiluan. Ti dinya ngalahir, "Rek tonggoy bae sarare jeung ngareureuh teh? Tenjo, geus waktuna Putra Manusa teh diserenkeun kana kakawasaan manusa nu daroraka.

46Geura harudang, urang indit. Tenjo, anu arek ngahianat ka Kami teh geus datang!"

47Sabot Anjeunna sasauran keneh, Yudas, murid ti nu dua welas tea geus datang jeung jelema loba pisan, marawa pedang jeung gegendir, titahan imam-imam kapala jeung para kokolot.

48Eta jelema hianat teh memehna geus mere isarat, "Mana-mana anu ku kula dicium, eta jelemana, pek tangkep."

49Manehna muru lempeng ka Yesus. "Salam, Pa Guru!" pokna bari terus nyium.

50Yesus ngawaler, "Geura pek eta pakarepan teh lampahkeun, Ki Sanak!" Rob Anjeunna dironom terus ditangkep, dicerek pageuh pisan.

51Ti nu ngiring ka Anjeunna aya anu nyabut pedang, dikadekkeun ka hiji jelema bujangna Imam Agung, rampung ceulina.

52Tapi saur Yesus, "Asupkeun eta pedang, sarangkaan deui. Sabab anu ngagunakeun pedang paehna ku pedang deui.

53Dikira Kami teu bisa nyambat ka Rama Kami menta balad malaikat leuwih ti dua welas pasukan?

54Tapi lamun kitu kumaha rek laksana ucapan Kitab Suci yen kudu kieu jadina?"

55Geus kitu sasauran ka nu rea, "Maraneh marawa pedang jeung gegendir nangkep Kami, na Kami teh penjahat? Unggal poe Kami aya di Bait Allah ngawuruk, ku maraneh teu ditangkep!

56Tapi memang geus kieu mistina, sangkan laksana pisaur nabi-nabi anu ditulis dina Kitab Suci." Ari murid-murid tuluy kalabur kabeh ti Anjeunna.

57Yesus ku nu narangkep dibawa ka bumi Kayapas, Imam Agung. Di dinya geus kumpul guru-guru agama jeung para kokolot.

58Petrus nuturkeun ti kajauhan nepi ka buruan bumi Imam Agung, milu asup tuluy diuk jeung para pangawal, hayangeun nyaho kumaha tungtungna.

59Imam-imam kapala jeung sakumna Mahkamah Agama geus sakedah polah neangan bukti palsu anu bisa ngalantarankeun Yesus dihukum pati.

60Tapi bukti anu dipikahayang hiji ge teu aya, sanajan ari nu nawarkeun maneh jadi saksi palsu mah loba. Tungtungna aya dua jelema anu maju ka hareup,

61tuluy nuding, "Ieu jelema kungsi nyebutkeun kieu, ‘Ieu Bait Allah ku Kami rek diruag, sanggeus heuleut tilu poe rek diadegkeun deui.’"

62Imam Agung tuluy ngadeg mariksa ka Yesus saurna, "Kumaha, rek dijawab eta panuding ka Maneh?"

63Yesus teu ngawaler. Imam Agung nimbalan deui ka Anjeunna, "Demi Allah anu jumeneng, ieu kami ngancam ku sumpah, aku: Enya Maneh teh Kristus, Putra Allah?"

64Yesus ngawaler, "Kitu pilahir anjeun. Nanging sing percanten: Ti semet ayeuna bakal kataringali ku aranjeun Putra Manusa calik di tengeneun Allah Nu Maha Kawasa, tuluy sumping ti langit dina mega!"

65Berewek Imam Agung nyosoeh anggoanana, tuluy ngalahir, "Ngahina ka Allah! Teu perlu deui urang make saksi! Geus kadarangu kitu ngahina-Na!

66Kumaha timbangan aranjeun?" Jawabna, "Eta jelema salah! Kudu dipaehan!"

67Tuluy maranehna nyariduhan raray Yesus bari nareunggeul. Aya oge anu nampiling ka Anjeunna

68bari ngomong kieu, "Coba teguh, Kristus, saha ieu anu nampiling ka Maneh?"

69Sabot Petrus diuk di buruan luar, disampeurkeun ku hiji awewe babuna Imam Agung. "Maneh lain sok bareng jeung Yesus di Galilea?" ceuk eta awewe.

70Tapi Petrus ngangles di hareupeun sarerea. "Ngomong naon ieu teh, kuring teu ngarti," jawabna.

71Tuluy ngaleos ka lawang buruan. Katenjoeun ku babu sejen, anu terus ngomong ka nu araya di dinya ngomongkeun Petrus, pokna, "Manehna sok babarengan jeung Yesus urang Nasaret."

72Petrus ngangles deui, "Wani sumpah, teu wawuh ka jelema eta teh!"

73Teu kungsi lila Petrus disalampeurkeun ku nu araya di dinya. "Maneh pasti salah saurang babaturana-Na," ceuk maranehna, "kaciri lentong maneh kitu!"

74Tembal Petrus, "Wani sumpah, kuring ngomong saenyana! Masing dihukum kuring ku Allah lamun henteu saenyana. Kuring teu wawuh ka eta jelema!" Harita keneh hayam kongkorongok,

75ras Petrus ingeteun kana saur Yesus yen, "Memeh hayam kongkorongok, tilu kali maneh bakal nyebut teu wawuh ka Kami." Leos bae Petrus ka luar, ceurik nalangsa kabina-bina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 26 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel