Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 6 >> 

1"Dina ngalakonan anu diwajibkeun ku agama, kade ulah nyiri-nyirikeun maneh. Sabab lamun kitu maraneh moal meunang ganjaran naon-naon ti Rama maraneh nu di sawarga.

2Mere sidekah ka nu miskin ulah ditembong-tembong ka batur. Ulah cara anu marunapek sok karitu di tempat ngabakti atawa di jalan, hayang katangar balabah ngarah dipuji. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.

3Jadi ari nulung ka nu miskin teh sing rikip, batur anu dalit ge ulah nyahoeun.

4Ulah hayang kanyahoan ku batur. Sabab najan rikip ge pitulung maraneh teh ku Rama nu di sawarga mah kauninga, sarta Mantenna baris ngaganjar."

5"Ari neneda ulah cara jalma tukang pura-pura! Maranehna ngadoana teh resep ngabedega di tempat babakti atawa di pepengkolan, ngarah katembong ku batur. Tah eta ganjaran maranehna mah, sakitu-kituna.

6Maraneh mah mun rek neneda kudu di kamar, pantona rekepkeun, tujukeun paneda ka Rama maraneh nu teu katenjo. Sanajan dilampahkeun di tempat rikip ge ku Mantenna kauninga sarta tangtu diganjar.

7Teu kudu panjang loba ucap nu teu perlu kawas lain umat Allah. Panyanana lamun sembahyangna panjang tangtu dimakbul.

8Maraneh mah ulah kitu. Samemeh diunjukkeun ge Rama maraneh mah geus uningaeun naon anu rek dipenta ku maraneh.

9Jadi kieu bae unjukan teh: ‘Nun Ama di sawarga. Mugi jenengan Ama nu suci dimulyakeun.

10Karajaan Ama mugi rawuh. Pangersa Ama mugi laksana di dunya, sapertos di sawarga.

11Mugi abdi dinten ieu dipaparin tedaeun nu picekapeun.

12Sareng hapunten kalelepatan abdi, sakumaha abdi oge parantos ngahapunten ka nu gaduh kalelepatan ka abdi.

13Mugi abdi ulah diterapan cocoba anu abot, sawangsulna mugi di salametkeun ti panggoda Iblis. [Wirehi nya Ama nu jumeneng Raja, kawasa sareng mulya, salalanggengna. Amin.]’

14Lamun maraneh ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama di sawarga tangtu dihampura.

15Lamun maraneh henteu ngahampura kasalahan batur, kasalahan maraneh ge ku Rama nu di sawarga moal dihampura."

16"Jeung ari keur puasa ulah nyaleuy-nyaleuy beungeut kawas anu marunapek, paruasana teh nyiri-nyirikeun maneh ngarah kanyahoan puasa. Nya anu jadi ganjaranana oge eta, sakitu-kituna.

17Maraneh mah ari keur puasa anggur kudu sibeungeut, buuk sisiran sing luis,

18ngarah ulah kaciri ku batur yen keur puasa, sina kauninga ku Rama maraneh bae wungkul nu teu katenjo. Mantenna tangtu ngaganjar, da uningaeun sanajan puasana ngaririkip maneh oge."

19"Di dunya ulah numpuk-numpuk harta banda keur sorangan. Barang dunya mah bisa ruksak ku rinyuh jeung taihiang, atawa beak dibongkar bangsat.

20Kudu ngumpulkeun teh harta pikeun maneh di sawarga, anu moal dihakan rinyuh, moal taihiangan, moal aya nu ngabangsat.

21Sabab di mana bae ayana harta maneh nya di dinya nempelna hate maneh."

22"Panon teh minangka lampu awak. Lamun panon cekas, sakujur awak ngempray caang,

23tapi lamun panon surem, sakujur awak tangtu poek. Jadi lamun lampu awak teh poek, tada teuing poekna awak teh!"

24"Moal aya anu bisa ngawula ka dua dunungan, sabab nyaahna ngan bisa ka saurang, moal bisa ka duanana. Satiana oge ngan ka saurang, ka nu saurang deui mah malah jengkel. Maraneh oge kitu, moal bisa ngabdi ka Allah bari ngawula kana duit.

25Nu matak Kami ngingetan, hirup teh ulah salempang sieun teu manggih dahareun atawa inumeun, ulah salempang awak teu kabajuan. Hirup teh lain leuwih ti batan dahareun, awak leuwih penting ti batan papakean?

26Awaskeun tuh manuk anu keur hihiberan. Tara pepelakan, tara dibuat, tara nyimpen, geuning ku Rama maraneh nu di sawarga diurus! Maraneh teh lain leuwih luhur pangaji ti batan manuk?

27Na bisa maraneh manjangkeun umur saeutik mah ku kasalempang?

28Jeung naha kudu salempang sieun teu make? Tenjo tuh! Kembang bakung anu jaradi sorangan di tegal: teu digarawe, teu nyarieun pakean.

29Tapi sanajan kitu, Raja Suleman anu sakitu beungharna ge panganggona henteu sakitu alusna kawas eta kekembangan.

30Jukut di tegal, anu poe ieu jadi poe isukna geus diduruk, ku Allah didangdanan mani alus. Atuh komo deui maraneh, moal teu dipaparin pakean! Ulah sok kurang percaya!

31Ulah salempang, jeung ulah humandeuar, ‘Kumaha lamun teu manggih dahareun atawa inumeun!’ Atawa, ‘Kumaha lamun nepi ka teu boga baju-baju acan!’

32(Humandeuar teh kabiasaan jelema-jelema anu teu percaya ka Allah.) Rama maraneh nu di sawarga uningaeun yen maraneh perlu dahar, perlu nginum, perlu make.

33Upayakeun heula diri tunduk kana parentah jeung pangersa Allah. Sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin.

34Jadi ulah salempang kumaha isukan. Kasusah mah poe ieu ge loba, ulah ditambah deui ku mikiran poe isuk."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 6 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel