Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Matius 9 >> 

1Yesus naek deui kana parahu tuluy meuntas, mulih ka lembur-Na ku anjeun.

2Sanggeus sumping, aya anu lumpuh dibawa ka Anjeunna, digotong dina bale-bale. Jelema-jelema teh ku Anjeunna dipeleng, katingali yen kacida palercayaeunana ka Anjeunna. Seug Anjeunna ngadawuh ka eta nu lumpuh, "Sing gede hate anaking! Dosa-dosa hidep geus dihampura."

3Di dinya aya guru-guru agama sababaraha urang, ngaromong dina hatena, "Eta jelema teh mapadani ka Allah!"

4Yesus uningaeun kana pikiran maranehna, tuluy sasauran, "Ku naon pikiran aranjeun sakitu gorengna?

5Babari mana nyebutkeunana, ‘Dosa-dosa hidep dihampura,’ atawa, ‘Geura hudang tuluy leumpang’?

6Tapi ayeuna ku Kaula rek dibuktikeun yen Putra Manusa teh di ieu dunya kawasa ngahampura dosa." Ti dinya Anjeunna ngadawuh ka nu lumpuh tea, "Geura hudang, bale-balena angkat, jung geura balik!"

7Jung nu lumpuh teh nangtung, tuluy balik.

8Anu nyaraksian jadi sarieuneun, tapi tuluy maruji ka Allah reh Mantenna geus maparin kawasa kitu ka manusa.

9Yesus angkat ti dinya. Sabot angkat ningali tukang mulung pajeg, ngaranna Mateus, keur diuk di kantorna. Ku Anjeunna diajakan, "Hayu milu ka Kami!" Mateus jung nangtung, tuluy nuturkeun Yesus.

10Sabot Yesus keur tuang di imah Mateus, loba tukang mulung pajeg jeung jelema-jelema anu dianggap jelema goreng daratang ka imah Mateus, marilu dahar jeung Yesus jeung murid-murid-Na.

11Urang Parisi narenjoeun tuluy nanya ka murid-murid Yesus, "Naha guru maraneh tuang jeung jelema-jelema kitu?"

12Yesus ngadangueun tuluy ngalahir, "Anu perlu doktor teh anu garering, nu calageur mah teu perlueun.

13Mangga lenyepan pihartieunana ayat Kitab Suci anu kieu: ‘Anu dipundut ku Kami teh watek welas asih, lain sato kurban.’ Kaula datang lain rek neangan jelema anu marulya, tapi rek neangan jelema-jelema nu diaranggap hina."

14Tuluy aya panganut-panganut Yohanes Jurubaptis daratang ka Yesus, naranya kieu, "Abdi-abdi sareng urang Parisi sering puasa. Naha Bapa sareng murid-murid mah tara puasa?"

15Waler Yesus, "Kumaha ceuk aranjeun, naha layak tamu-tamu ngaruyung lamun reureujeungan keneh jeung ki panganten dina pesta? Tangtu moal! Paruasana teh engke lamun ki panganten geus waktuna dipisahkeun ti maranehna.

16Moal aya anu nambal baju heubeul ku lawon anyar, sabab lamun lawon anyarna murengked, nu heubeulna kabenyeng, soehna ngagedean.

17Moal aya anu ngeusikeun anggur anyar kana kantong kulit anu geus heubeul, sabab tangtu bedah, anggurna kapiceun. Anggur anyar wadahna ge kudu anyar supaya boh wadahna boh eusina tetep hade."

18Sabot Yesus sasauran kitu, aya hiji pamingpin tempat ibadah datang ka Anjeunna terus deku ka payuneuna-Na, pok unjukan, "Pun anak awewe nembe pisan tilar dunya. Mugi Bapa ka ditu numpangkeun panangan, tangtos pun anak hirup deui."

19Yesus angkat jeung eta kapala, diiring ku murid-murid.

20Di satengahing jalan aya hiji awewe anu boga kasakit haid, ngagetih terus geus dua welas taun, nyelendep ka pungkureun Yesus.

21Ceuk pamikirna, "Asal nyabak bae kana tungtung jubah-Na tangtu aing cageur." Tuluy manehna nyabak tungtung jubah Yesus.

22Ku Yesus dilieuk. Anjeunna tuluy ngalahir, "Sing gede hate, anaking! Hidep geus cageur, sabab percaya."

23Yesus geus sumping ka imah pamingpin tea. Barang ningali aya tukang-tukang musik paranti kapapaten sarta jalma-jalma rame rarecok,

24Anjeunna ngalahir, "Kalaluar sarerea! Budak teh keur sare, lain maot!" Jelema-jelema teh nyaleungseurikeun Anjeunna.

25Sanggeus kabeh kalaluar, Yesus lebet ka kamar budak. Leungeun budak teh dicepeng. Budakna ngulisik tuluy hudang.

26Bejana tuluy nerekab ka sakuliahna.

27Yesus angkat deui ti dinya. Di jalan aya nu lolong duaan nutur-nutur, tuluy gegeroan ka Anjeunna, "Putra Daud! Sing hawatos ka abdi!"

28Barang Yesus lebet ka hiji imah, nu lolong teh nyalampeurkeun. Ku Anjeunna dipariksa, "Maraneh percaya yen Kami bisa nyageurkeun?" "Sumuhun percanten," tembalna.

29Panonna ku Yesus dicabak, bari saur-Na, "Ku sabab maraneh percaya, heug kahayang maraneh dimakbul!"

30Harita keneh panon maranehna jadi sehat. Ku Yesus dipesen, saur-Na, "Kade ulah cacarita ka saha-saha!"

31Tapi eta dua jelema teh tuluy nyebar-nyebar beja perkara Yesus ka sakuliahna.

32Sanggeus jelema anu duaan tadi arindit, aya deui anu daratang ka Yesus, mawa hiji jelema anu ngabigeu teu bisa ngomong lantaran diraksuk ku hiji roh jahat.

33Roh jahatna ku Yesus dikaluarkeun, tuluy jelemana mimiti bisa ngomong. Nu nyaraksianana kabeh barengong. Seug ngaromong, "Kakara manggih di Israil kajadian nu sakieu ajaibna!"

34Tapi ari ceuk urang Parisi mah, "Manehna bisaeun ngaluarkeun eta roh jahat teh lantaran meunang kawasa ti gegedug roh jahat."

35Yesus ngider nyumpingan kota-kota jeung desa-desa, ngawulang di imah-imah ibadah, nyiarkeun Injil Kasalametan tina hal Karajaan Allah, jeung nyageur-nyageurkeun anu garering jeung rupa-rupa kasakit.

36Manahna kacida ngahelasna ningali jelema-jelema anu pinuh ku kabingung jeung katalimbeng lir domba nu taya pangangonna.

37Seug ngalahir ka murid-murid, "Pibuateun lega, ari nu dibuatna ngan saeutik.

38Ku sabab eta kudu nyuhunkeun ka anu kagungan eta pibuateun, supaya Mantenna ngirim jelema-jelema anu bakal mibuatanana."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Matius 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel