Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mikha 5 >> 

1(4-14) Eh urang Yerusalem, kumpulkeun kakuatan. Sabab urang teh dikepung. Pamingpin Israil rek ditarajang!

2(5-1) PANGERAN ngandika, "Eh Betlehem Eprata! Maneh kota pangleutikna di antara kota-kota di Yuda. Tapi nya ti maneh Kami baris medalkeun hiji pangereh pikeun Israil, anu memang geus aya asal-usulna ti jaman baheula."

3(5-2) Jadi, PANGERAN baris ngajeunkeun umat-Na dina kakawasaan musuh-musuhna, nepi ka mangsa eta pangereh dibabarkeun ku hiji istri. Geus kitu warga-warga anu sabangsa jeung Anjeunna baris marulang ti pangbuangan, ngahiji deui jeung bangsana sorangan.

4(5-3) Di mana Anjeunna geus medal, baris marentah umat-Na kalawan kakawasaan PANGERAN, sarta kalawan kaagungan PANGERAN Allah ku manten. Umat-Na bakal hirup kalawan aman santosa, sabab kaagungan Anjeunna diaku ku bangsa-bangsa sakuliah jagat,

5(5-4) sarta Anjeunna baris jadi puseur karapihan. Lamun urang Asur ngarurug nagri urang, sarta nobros pertahanan-pertahanan urang, urang pajukeun pamingpin-pamingpin urang nu pangkuatna, ngayonan maranehna.

6(5-5) Ku kakuatan pakarang perangna, para pamingpin urang bakal ngelehkeun Asur, nagri Nimrod, sarta bakal nyalametkeun urang ti urang Asur lamun maranehna nempuh wilayah urang.

7(5-6) Urang Israil anu masih keneh hirup, pikeun bangsa nu loba ibarat ciibun ti PANGERAN nu matak seger, ibarat hujan nyiram pepelakan. Maranehna bakal muntang ka Allah, lain ka manusa.

8(5-7) Anu araya keneh di antara bangsa-bangsa sejen pijadieun ibarat singa keur muru mamangsan di leuweung atawa di sampalan. Eta singa asup ka tengah kumpulan domba, terus nubruk jeung nyasaak. Nu ditubruk pamohalan aya nu bisa ngaleupaskeun.

9(5-8) Israil bakal nalukkeun jeung ngabasmi musuh-musuhna.

10(5-9) PANGERAN ngandika, "Harita kabeh kuda maneh ku Kami baris dimusnakeun, kareta-kareta perang maneh baris diancurkeun.

11(5-10) Kota-kota di nagri maneh baris ditumpurkeun, pertahanan-pertahanan maneh baris diburak-barik.

12(5-11) Jampe-jampe pamake maneh ku Kami baris dibasmi, sarta tukang-tukang ngaramal di maneh ku Kami baris disingkirkeun.

13(5-12) Arca-arca jeung pilar-pilar karamat maneh rek ditumpurkeun; maneh moal nyembah deui kana barang-barang buatan maneh sorangan.

14(5-13) Arca-arca Dewi Asera di nagri maneh ku Kami baris dirubuhkeun, kota-kota maneh rek ditumpurkeun.

15(5-14) Bari amarah teu kira-kira, Kami bakal ngabales kajahatan sakabeh bangsa anu teu nurut ka Kami."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mikha 5 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel