Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Markus 9 >> 

1Saur-Na deui, "Kami ngabejaan: Ti anu araya di dieu ayeuna, aya anu moal waka maot samemeh nenjo heula datangna Karajaan Allah reujeung kakawasaanana."

2Heuleut genep poe ti harita, Yesus unggah ka hiji gunung anu luhur, nyandak Petrus, Yakobus jeung Yohanes. Di luhur gunung ngan opatan bae. Katarenjo ku nu tiluan, di dinya Yesus salin rupi,

3sarta panganggo-Na jadi bodas gumebyar, di dunya moal aya anu bisa nyeuseuh sakitu bodasna.

4Geus kitu eta tilu murid teh narenjo aya Elias jeung Musa keur sasauran jeung Yesus.

5Pok Petrus ngomong, unjukan ka Yesus, "Pa Guru, ku raraos di dieu teh! Urang ngadamel kemah tilu, hiji kangge Bapa, hiji kangge Musa, hiji kangge Elias."

6Petrus, nya kitu deui nu sejenna kacida ngarasa sieunna, nepi ka manehna teu nyaho naon anu kudu diucapkeun.

7Sabot kitu aya mega ngaliputan aranjeunna ku kalangkangna, sarta tina eta mega aya soara kieu, "Ieu teh Putra kaasih Kami. Sing narurut ka Anjeunna!"

8Gancang maranehna luak-lieuk ka ditu ka dieu, tapi teu nenjo sasaha, ngan tinggal Yesus.

9"Tetenjoan maraneh tadi ulah dicaritakeun ka saha-saha, nepi ka waktu Putra Manusa hudang deui ti nu maraot," saur Yesus ka maranehna waktu keur marudun ti gunung.

10Pesen Anjeunna ku maranehna digumatikeun. Tapi maranehna ngaromongkeun lahiran Anjeunna nu tadi, carekna, "Naon maksudna hudang ti nu maraot teh?"

11Tuluy naranya kieu ka Anjeunna, "Ku naon saur guru-guru agama mah Elias nu bakal sumping ti heula?"

12Waler-Na, "Bener, Elias heula nu kudu sumping pikeun memeres sagala kaayaan. Tapi Kitab Suci geus nyebutkeun, Putra Manusa teh bakal dikaniaya jeung dihina-hina ku manusa. Naon sababna?

13Kami ngabejaan, saenyana Elias teh geus sumping, tapi jelema-jelema ka anjeunna teh sakarep-karep pisan, cocog sakumaha anu disebutkeun dina Kitab Suci."

14Waktu Yesus sumping jeung murid-Na anu tiluan, murid-murid sejenna keur dirubung-rubung ku jalma rea, keur pacental-cental jeung guru-guru agama.

15Jalma rea karageteun narenjo Yesus sumping teh, tuluy lalumpatan marapagkeun.

16Yesus mariksa ka murid-murid, "Keur ngaributkeun naon jeung guru-guru agama?"

17Ti jalma rea aya anu ngajawab, "Pa Guru, abdi teh ngabantun ieu pun anak anu diraksuk ku roh jahat, teu tiasa ngomong-ngomong acan.

18Upami nuju jadi, pun anak dugi ka dibuntang-banting kana taneuh ku eta roh jahat, sungutna ngabudah, huntuna ngancing, sakujur awakna jadi jeger. Parantos nyuhunkeun tulung ka murid-murid Bapa, nanging teu tariasaeun."

19Yesus ngalahir ka murid-murid-Na, "Ari maraneh ku teu baroga kapercayaan! Na Bapa teh kudu reureujeungan bae jeung maraneh? Kudu nepi ka mana Bapa nyabaran maraneh teh? Bawa ka dieu budakna!"

20Tuluy budakna diasongkeun ka Anjeunna. Barang eta roh jahat nenjoeun ka Yesus, seug budakna disina jeger nepi ka ngaguling kana taneuh terus gugulitikan, sungutna ngabudah.

21"Geus sabaraha lilana kieuna?" Yesus mariksa ka bapa eta budak. "Sumuhun ti aalit," tembalna.

22"Sering meh-meh tiwas ku eta roh jahat digulingkeun kana seuneu atanapi ka jero cai. Upami leres Bapa iasa, abdi nyuhunkeun sih piwelas, mugi ditulungan."

23"Puguh bae," waler-Na, "asal maneh oge percaya. Moal aya nu mustahil pikeun jelema anu percaya mah."

24Bapa eta budak ngajawab satengah ngagero, "Kantenan abdi percanten, mung henteu mantep. Mugi eta kapercayaan abdi teh ku Bapa disina mantep!"

25Katingali ku Yesus jalma rea beuki nyedek ka Anjeunna, tuluy bae nimbalan ka eta roh jahat, "Eh, roh anu nya torek nya pireu! Parentah Kami, maneh geura nyingkir, ulah nyurup-nyurup deui ka eta budak!"

26Eta roh jahat ngagerung sarta budakna disina jeger, ti dinya eta roh jahat teh kaluar. Budak teh katenjona mani kawas mayit, nepi ka ceuk sarerea, "Geus paeh!"

27Tapi ku Yesus dicepeng leungeunna dihudangkeun, tuluy nangtung.

28Sanggeus Yesus aya di jero imah, murid-murid naranyakeun kieu, "Ku naon ku abdi-abdi mah teu tiasa diusir eta roh jahat teh?"

29Waler-Na, "Roh jahat anu tadi mah ku naon-naon ge teu bisa diusir salian ti ku paneda."

30Yesus angkat deui ti dinya jeung murid-murid, ngalangkung Galilea. Anjeunna teu kersaeun kanyahoan aya di mana,

31sabab keur ngawulang ka murid-murid-Na. "Putra Manusa teh bakal diserenkeun kana kakawasaan manusa, tuluy dipaehan," saur-Na. "Tapi sanggeus tilu poe bakal hudang deui ti nu maraot."

32Murid-murid-Na teu ngalartieun, tapi teu waranieun nanyakeun.

33Yesus jeung murid-murid-Na geus nepi ka Kapernaum. Sanggeus aya di jero imah, Yesus mariksa ka murid-murid, saur-Na, "Cekcok naon maraneh tadi di jalan?"

34Maranehna teu ngajarawab, sabab anu direcokkeun teh perkara saha anu pangpunjulna.

35Yesus calik, murid-murid kabeh dipiwarang kumpul, tuluy nyarios, "Anu hayang jadi nomer hiji kudu daek jadi panungtung, jeung kudu daek ngawula ka nu sejen."

36Ti dinya Anjeunna nyandak hiji budak leutik ditangtungkeun hareupeun maranehna. Anjeunna nyarios deui bari nangkeup ka eta budak, saur-Na,

37"Anu daek ngaku ka budak pantar kieu ku karana Kami, sarua jeung ngaku ka Kami. Jelema anu ngaku ka Kami, ngakuna lain ka Kami bae, tapi ngaku ka Mantenna ongkoh, anu ngutus Kami."

38Yohanes mihatur ka Yesus, "Pa Guru, abdi-abdi kantos ningal jalmi anu ngusir roh jahat nyebat jenengan Bapa. Ku abdi-abdi dicarek margi manehna sanes ti urang."

39Waler-Na, "Ulah dihalang-halang. Sabab moal aya jelema anu tas nyieun kaajaiban demi ngaran Kami, tuluy buru-buru ngagogoreng Kami.

40Sabab jelema anu henteu ngalawan ka urang, eta aya di pihak urang.

41Sing percaya, jelema anu daek mere nginum ka maraneh lantaran ngingetkeun maraneh panganut Kami, pasti bakal narima ganjaranana."

42"Upama aya jelema anu ngalantarankeun salah sahiji budak leutik pantar kieu ingkar ti Kami, eta jelema leuwih hade dibangbaluhan beuheungna ku batu panggilingan, terus alungkeun ka jero laut.

43Ku sabab kitu, upama leungeun maraneh nu hiji matak ingkar tina kapercayaan, teukteuk bae! Mending ngan boga leungeun hiji tapi hirup di Allah, ti batan boga leungeun dua, tapi diri sakujur asup ka naraka, ka jero seuneu langgeng.

44[Seuneuna moal pareum-pareum, bilatungna moal paeh-paeh.]

45Lamun suku maraneh anu hiji matak ingkar tina kapercayaan, teukteuk bae! Mending ngan boga suku hiji tapi hirup di Allah, ti batan boga suku dua tapi badan sakujur asup ka naraka.

46[Seuneuna moal pareum-pareum, bilatungna moal paeh-paeh.]

47Lamun panon maraneh nu hiji matak ingkar tina kapercayaan, cokel bae! Mending ngan boga panon hiji asup ka Karajaan Allah, ti batan boga panon dua tapi badan sakujur asup ka naraka.

48Di dinya dihakanan ku bilatung anu moal paeh-paeh, diduruk ku seuneu anu moal pareum-pareum.

49Unggal jelema bakal disucikeun ku seuneu, saperti kurban disucikeun ku uyah.

50Uyah teh alus. Tapi lamun uyah jadi teu asin, kumaha ngasinkeunana deui? Jadi maraneh kudu saperti uyah, kudu ngadulur, hirup kudu rukun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Markus 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel