Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 109 >> 

1Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. Nun Allah, anu ku abdi dipuji, Gusti ulah mindel bae!

2Nu jarahat sareng tukang bohong narajang ka abdi, nyebarkeun carita bohong perkawis abdi,

3sareng ngomongkeun jahat hal diri abdi, teu puguh-puguh narajang.

4Ka abdi ngaralawan, sakitu abdi nyaah sareng sok mangnedakeun maranehna.

5Kahadean abdi dipulangna ku kajahatan, kanyaah abdi dipulangna ku kangewa.

6Pilih sawatara hakim curang, sina nguji musuh abdi, sareng sina didakwa ku salah saurang musuh manehna.

7Mangka manehna sing kauji sareng kapendak kasalahanana, mangka ucap pamentana ge sing dianggap mangrupa kajahatan!

8Mangka hirupna sing tereh enggeusan, pangkatna sing diandih ku nu lian!

9Mangka anak-anakna sing jaradi yatim, pamajikanana sing jaradi randa!

10Mangka anak-anakna sing ulah baroga imah, jaradi tukang jajaluk, sing dibuburak ti ruruntuk imahna.

11Mangka harta bandana sing dijabel ku nu ngahutangkeun, beubeunangan digawena sing dicokot ku jalma asing.

12Mangka sing ulah aya nu ha’at ka manehna sing ulah aya nu watir ka anak-anakna nu geus ditinggalkeun.

13Mangka turunanana sing tumpur ludes, ngaranna sing dipohokeun ku turunan pandeurieunana.

14Mangka kajahatan karuhunna sing kaemut-emut ku PANGERAN, sarta dosa-dosa indungna sing ulah dihampura.

15Mangka dosa-dosa maranehna salawasna sing kaemut ku PANGERAN, sabalikna maranehna sorangan mah sing kapopohokeun sama sakali!

16Eta jalma tara mikir hayang jadi jalma bageur, sok nganiaya jeung maehan jalma miskin, jalma sangsara, jeung jalma nu teu boga daya.

17Karesepna nyumpahan — mangka dirina sorangan sing aya anu nyumpahan. Cadu ngaberkahan — mangka dirina ge sing ulah aya anu ngaberkahan!

18Manehna geus biasa nyapa, cara geus biasa dangdan, mangka panyapana sing nyerep ka dirina kawas cai rembes, sing nyerep kana balung-balungna kawas minyak!

19Sing mungkus kana awakna jadi bajuna, sing meulit kana cangkengna, jadi sabukna salilana!

20Nun PANGERAN, hukum musuh-musuh abdi kawas kitu, sakur anu ngagogoreng abdi sapertos kitu.

21Sawangsulna nun PANGERAN Nu Maha Agung, tulungan abdi, sakumaha jangji Gusti, luputkeun abdi, demi kasaean sareng kaasih Gusti.

22Abdi teh miskin sareng balangsak, hate raheut jero pisan.

23Lir kalangkang wanci sore, abdi bakal tereh sirna sapertos insekta nu dikebutkeun.

24Tuur nyorodcod lantaran kurang dahar, awak kantun tulang sareng kulit.

25Jalmi-jalmi nu naringal nyaleungseurikeun, garogodeg ngahinakeun.

26Tulungan, nun PANGERAN, Allah abdi, demi kaasih Gusti nu taya kendatna, salametkeun abdi!

27Musuh-musuh abdi sina tarerangeun, yen anu nyalametkeun abdi teh Gusti.

28Sawios maranehna nyarapa ka abdi, nanging Gusti mah mugi ngaberkahan. Mugi anu ngadarakwa abdi areleh, sawangsulna abdi Gusti mah sing tiasa bungah.

29Mugi musuh-musuh abdi nandang kahinaan, sing karungkup ku wiwirang lir katutup ku jubahna.

30Kaula seja nganuhunkeun ka PANGERAN masing tarik, seja muji Mantenna dina pagempungan jalma rea,

31karana Mantenna ngaraksa ka jalma miskin, disalametkeun ti jalma-jalma anu ngaragragkeun hukum pati ka dirina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 109 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel