Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 113 >> 

1Puji PANGERAN! He abdi-abdi PANGERAN, paruji jenengan Mantenna!

2Mugia diparuji jenengana-Na ti ayeuna nepi ka salalanggengna.

3Ti wetan nepi ka kulon, paruji jenengan PANGERAN!

4PANGERAN marentah ka sakabeh bangsa, kamulyaana-Na ngaluhuran langit.

5Taya pisan nu saperti PANGERAN, Allah urang. Panglinggihana-Na di puncakna luhur,

6tapi Mantenna dongko ningali ka langit jeung bumi.

7Mantenna nyengkatkeun anu miskin tina lebu, ngangkat nu masakat tina kabalangsakan,

8sina satata jeung para pangeran, nya eta para pangeran di kalangan umat-Na.

9Mantenna ngurniaan ibu rumah tangga anu gabug, dibagjakeun dipaparin anak. Puji PANGERAN!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 113 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel