Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 121 >> 

1Lagu paranti jarah. Kaula mencrong gunung-gunung; ti mana baris datangna pitulung kaula?

2Pitulung ka kaula datangna ti PANGERAN, nu ngadamel langit jeung bumi.

3Mantenna moal ngantep anjeun tiguling, panyalindungan anjeun salawasna nyaring.

4Panyalindungan Israil leleyepan ge tara, sumawonna kulem.

5PANGERAN ngaraksa ka maneh, salawasna aya di gigireun, nangtayungan.

6Maneh ti beurang moal nepi ka kumaha onam ku panonpoe, atawa ku bulan lamun ti peuting.

7Ku PANGERAN tangtu ditangtayungan tina picilakaeun, maneh aman dijaga.

8Dina datang dina indit maneh ditangtayungan ku Mantenna, ayeuna jeung salalawasna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 121 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel