1Lagu paranti jarah. Abdi tanggah ka Gusti, anu murba di sawarga.
2Lir gandek gumantung ka juragan pameget, lir lanjang-lanjang, gumantung ka juragan istri, harepan abdi sadaya museur ka Gusti, ngarep-ngarep piwelas, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya.
3Nun PANGERAN, mugi aya piwelas ka abdi-abdi, wireh parantos kacida teuing dihina-hina,
4parantos lami teuing dipoyok ku nu jararegud, dihina ku nu garumede.