1Lagu paranti jarah. Waktu PANGERAN mulangkeun urang ka Sion, harita mani asa ngimpi!
2Urang teh bisa seuri, bisa nyanyi, suka bungah! Tina hal urang kitu, kieu ceuk bangsa-bangsa lian, "PANGERAN geus nyieun hal anu hebat pikeun maranehna."
3Memang, PANGERAN geus ngayakeun hal anu hebat pikeun urang, kacida bungahna urang harita!
4Nun PANGERAN, mugi abdi-abdi tiasa makmur deui, sapertos walungan saat caian deui dina usum hujan.
5Mugi anu tadina pepelakan bari ceurik, tiasa mupu hasilna bari suka bungah.
6Mugi anu tadina indit tebar bari rambisak, warangsulna sing barungah ngahaleuang marawa hasil pepelakanana.