Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 136 >> 

1Haturkeun nuhun ka PANGERAN, demi kasaeana-Na, asih-Na langgeng.

2Haturkeun nuhun ka nu pangagungna ti sakabeh dewa, asih-Na langgeng.

3Haturkeun nuhun ka nu pangkawasana ti sakabeh pangeran, asih-Na langgeng.

4Ngan Mantenna, nu ngadamel mujijat-mujijat agung, asih-Na langgeng.

5Ku kawijaksanaanana Mantenna ngadegkeun langit asih-Na langgeng.

6Mantenna ngadegkeun bumi di luhureun cai jero, asih-Na langgeng.

7Mantenna ngadamel panonpoe jeung bulan, asih-Na langgeng;

8panonpoe geusan ngarajaan beurang, asih-Na langgeng.

9bulan jeung bentang-bentang geusan ngaratuan peuting, asih-Na langgeng.

10Mantenna maehan cikal-cikal urang Mesir, asih-Na langgeng.

11Mantenna nuyun urang Israil budal ti Mesir, asih-Na langgeng;

12ku pananganana anu kuat jeung bedas, asih-Na langgeng.

13Mantenna meulahkeun Laut Beureum, asih-Na langgeng,

14umat-Na dituyun nyorang eta laut, asih-Na langgeng,

15sabalikna raja Mesir jeung baladna diteuleumkeun, asih-Na langgeng.

16Mantenna mingpin umat-Na nyorang gurun keusik, asih-Na langgeng.

17Mantenna maehan raja-raja anu garagah, asih-Na langgeng.

18Mantenna maehan raja-raja anu kasohor, asih-Na langgeng,

19maehan Sihon, raja urang Emor, asih-Na langgeng,

20maehan Og, raja Basan, asih-Na langgeng.

21Tanah maranehna ku Mantenna diserenkeun ka umat-Na, asih-Na langgeng,

22dipasihkeun ka Israil, abdi Mantenna, asih-Na langgeng.

23Mantenna henteu lali waktu urang kasoran, asih-Na langgeng.

24Mantenna ngaleupaskeun urang ti musuh, asih-Na langgeng.

25Mantenna maparin dahareun ka sakabeh mahluk hirup, asih-Na langgeng.

26Haturkeun nuhun ka Allah nu murbeng langit, asih-Na langgeng.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 136 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel