1Ti Daud. Puji PANGERAN, papayung kaula! Mantenna ngalatih kaula jurit jeung ngajar kaula perang.
2Mantenna papayung anu bela ka kaula, panyalindungan jeung jurusalamet kaula. Di Mantenna kaula percaya yen aman. Mantenna nundukkeun bangsa-bangsa ka kaula.
3Nun PANGERAN, naon manusa teh pangna ku Gusti dipirosea? Eta teh mung manusa, ku Gusti bet diperhatoskeun?
4Manusa teh mung sapertos angin sahius umurna mung sapertos kalangkang ngolepat.
5Nun PANGERAN, soehkeun langit sing muka, lajeng lungsur, rampa gunung-gunung, tangtos meledug haseupna.
6Burinyaykeun kilat, buyarkeun musuh-musuh Gusti, pentang-pentangkeun jamparing Gusti, musuh sina putat-patit lalumpatan.
7Sodorkeun panangan Gusti ti luhur, abdi rawel, tarik ti jero cai, luputkeun tina genggeman bangsa asing,
8anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.
9Nun Allah, abdi bade ngalagukeun lagu anyar, bade dikawihkeun dipirig kacapi, kanggo Gusti.
10Gusti maparin kaunggulan ka raja-raja sareng nyalametkeun Daud, abdi Gusti.
11Uculkeun abdi ti musuh anu barengis luputkeun tina genggeman bangsa asing anu ngomongna tara sabenerna, malah dibawah sumpah ge bohong.
12Mugia anak-anak lalaki urang dina mangsa ngorana sing saibarat pepelakan, morontod sarta karuat, anak-anak awewe sing saibarat tihang-tihang agung, panghias juru-juru karaton.
13Mugia leuit-leuit urang parinuh, ku rupa-rupa hasil bumi, domba-domba urang di tegal-tegal aranakanana sing puluhan rebu.
14Mugia sapi urang baranahan pirang-pirang jeung ulah aya nu kaluron atawa leungit. Mugia di jalan-jalan di nagri urang taya ceurik taya susah.
15Bagja temen bangsa anu kaayaanana sarupa kitu! Estu bagja bangsa anu Allahna PANGERAN.