Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 145 >> 

1Pamuji ti Daud. Nun Allah, nun Raja, abdi bade ngembarkeun kaagungan Gusti, sareng bade muji sukur sapapaosna.

2Unggal-unggal dinten bade muji sukur, bade ngamulyakeun Gusti sapapaosna.

3Agung PANGERAN teh, pohara pinujina, kaagungana-Na henteu katepi ku pangarti.

4Sugri padamelan Gusti bakal diagung-agung ku unggal turunan, dadamelan Gusti anu rarongkah bakal dimashurkeun ku maranehna.

5Maranehna bakal nyaritakeun kamulyaan sareng kadaulatan Gusti, sarta abdi bade ngalenyepan dadamelan Gusti anu araheng.

6Jalmi-jalmi bakal nyaritakeun sugri dadamelan Gusti anu rarongkah, abdi oge sumeja ngembarkeun kaagungan Gusti.

7Jalmi-jalmi bakal nyaritakeun kasaean Gusti, sareng nganyanyikeun kaadilan Gusti.

8PANGERAN teh sipat welas sipat hampura, tara gancang bendu, sarta jembar asih.

9Mantenna sae ka unggal jalma, sarta mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.

10Sadaya mahluk Gusti bakal ngamulyakeun, nun PANGERAN, sarta umat Gusti bakal maruji sukur ka Gusti,

11maranehna bakal nyaritakeun kamulyaan karajaan Gusti, sareng nyaritakeun karongkahan Gusti,

12dugi tiap jalmi terang kana dadamelan Gusti nu rarongkah, sareng kana kamulyaan kadaulatan karajaan Gusti.

13Pamarentahan Gusti langgeng Gusti jadi raja sapapaosna. PANGERAN satia kana saniskara jangji-Na, tur mikawelas ka saniskara dadamelana-Na.

14PANGERAN nulungan sakur anu kasusahan, sarta ngahudangkeun anu lalabuh.

15Sakumna mahluk hirup ngarep-ngarep ka Gusti, sarta dina waktosna ku Gusti dipaparin tedaeun;

16Gusti maparin sacekapna, sareng nyumponan kabutuh sakumna mahluk.

17PANGERAN adil dina sagala tindakana-Na dina sagala damelna dibarengan ku kawelasan.

18Mantenna deukeut ka sakur anu sasambat ka anu sasambatna ka Mantenna enya-enya.

19Mantenna nyumponan kabutuh jalma anu ngahormat, kersa ngadangu sarta nyalametkeun sakur nu jumerit ka Mantenna.

20Mantenna ngaraksa ka sakur nu micinta salira-Na, sabalikna nu jahat mah ku Mantenna dibasmi.

21Kaula moal kendat muji ngagungkeun PANGERAN, sing sakur nu kumelip masing ngamulyakeun kana jenengana-Na nu suci, sapapanjangna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 145 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel