Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 16 >> 

1Jabur Daud. Raksa abdi, nun Allah, da abdi nyalindung ka Gusti.

2Kaula unjukan ka PANGERAN, "Gusti teh PANGERAN abdi; sadaya pitulung ti Gusti asalna."

3Ku utama umat anu satia ka Allah! Kaula pangresepna reureujeungan jeung maranehna.

4Anu muru allah-allah sejen, geus tangtu susah sorangan. Kaula embung miluan kana kurbanna, embung milu nyembah ka allah-allahna.

5Kagaduh abdi mah mung salira Gusti, nun PANGERAN. Pangabutuh abdi nya Gusti nu nyekapan, pati hurip abdi nya Gusti nu nyepengna.

6Pangasih Gusti ka abdi estu matak helok, taya babandinganana.

7Kaula muji sukur ka PANGERAN, reh ku Mantenna dituyun, ari ti peuting sanubari teh ngingetan.

8Kaula salawasna eling di payuneun PANGERAN, Mantenna teh deukeut, teu aya nu matak rentag.

9Jadi hate abdi ngarasa sukur, bungah, sarta ngarasa kacida tengtremna,

10reh ku Gusti dijaga tina kawasa ajal. Abdi satuhu ngawula ka Gusti, ku Gusti moal diselehkeun ka dunya anu maraot.

11Gusti baris nuduhan jalan anu brasna kana hirup; aya di payuneun Gusti hate pinuh ku kabingahan, sareng kasenangan salalamina.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel