Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 17 >> 

1Paneda Daud. Nun PANGERAN, dangukeun, abdi nyuhunkeun kaadilan, mugi kersa merhatoskeun, abdi jumerit nyuhunkeun tulung! Dangukeun doa abdi anu iklas.

2Belaan perkara abdi, reh Gusti tingali ka nu bener.

3Gusti uninga kana eusi hate abdi; Gusti sumping wanci wengi, diri abdi ku Gusti parantos ditaliti, kapendak teu aya kahayang awon. Abdi tara nurut kana timbalan Gusti

4sapertos nu sanes. Abdi nurut kana timbalan Gusti sareng tara nganggo kakerasan.

5Salamina mung nyorang jalan Gusti, tara pisan mengpar ti dinya.

6Abdi sasambat, nun Allah, margi tangtos Gusti ngawaler, mugi kersa nolih, dangukeun paneda abdi.

7Nun PANGERAN, pintonkeun kaasih Gusti nu agung, abdi salametkeun; caket ka Gusti mah abdi aman ti musuh-musuh.

8Jagi abdi lir ka soca ku manten, sumputkeun dina kalangkang jangjang Gusti,

9sangkan teu ditarajang ku nu jahat. Abdi dikepung ku musuh nu rek maehan,

10nu taya pisan rasrasanana, ucap-ucapanana takabur.

11Ayeuna abdi katingker, didodoho ti sakuriling bade digusur.

12Maranehna lir singa nu bade nekuk, rek nyasaak awak abdi.

13Enggal, nun PANGERAN! Lawan musuh-musuh abdi, elehkeun! Luputkeun abdi ti nu jarahat ku pedang Gusti,

14luputkeun abdi ti maranehna, anu hirupna parantos kacumponan kahayangna. Hukum maranehna, ku kasangsaraan anu ku Gusti parantos diajangkeun keur maranehna sing cekap kasangsaraanana teh keur anak-anakna ongkoh, malah sing aya langkungna keur ngahukum incu-incuna.

15Dupi abdi ku margi teu lepat, tangtos bakal ningal Gusti, sareng waktos hudang tangtos ngarasa senang da Gusti aya ngabanding.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 17 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel