Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 18 >> 

1(18-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud, abdi PANGERAN. Laguna diunjukkeun ka PANGERAN, sanggeus diluputkeun tina kungkungan musuh jeung tina ancaman Saul. (18-2) Kumaha cintana abdi ka Gusti, nun PANGERAN! Gusti teh kakiatan abdi.

2(18-3) PANGERAN teh panyalindungan kaula, benteng kaula anu kuat Allah kaula teh pangraksa kaula, jeung Mantenna kaula aman. Mantenna lir kepeng anu mindingan kaula, ngajaga kaula sangkan rahayu.

3(18-4) Kaula sasambat ka PANGERAN; tuluy kaula dileupaskeun ti leungeun musuh. Puji PANGERAN!

4(18-5) Kaula geus dilingkung ku bahya maot, digulung ku ombak kabinasaan.

5(18-6) Kaula geus dirubung ku bahya pati, geus ditaheunan ku kubur.

6(18-7) Sajeroning tagiwur kaula sasambat ka PANGERAN, nyambat pitulung Allah kaula. Sora kaula kadangueun di Bait-Na, jerit kaula menta tulung diperhatoskeun.

7(18-8) Geus kitu bumi ngadegdeg jeung genjlong, dasar gunung-gunung aringgeung sabab Allah bendu.

8(18-9) Tina liang pangambung-Na ngebul haseup, tina baham-Na nyebrot seuneu jeung ruhak burahay.

9(18-10) Mantenna nyiklakkeun langit, jut lungsur ngadampal kana mega nu angkeub.

10(18-11) Tuluy nyeot hiber nitihan mukarabin sumiriwik dina jangjang angin.

11(18-12) Mantenna ngarimbunan anjeun ku poek, dikuribeng ku mega mendung.

12(18-13) Tina kilat di payuneuna-Na, bijil hujan es jeung burinyayna seuneu, nembus mega angkeub anu kandel.

13(18-14) Geus kitu PANGERAN ngagulugur di langit, gentra-Na Nu Maha Agung karungu.

14(18-15) Mantenna ngalepas-lepaskeun jamparing-Na ngaburencaykeun musuh-musuh-Na, nyamber-nyamberkeun kilat-Na, musuh-musuh-Na kalabur.

15(18-16) Dasar laut kasingkabkeun, dasar-dasar jagat ngabuliklak, nalika Gusti, nun PANGERAN, ngahaok ka musuh, sareng ngagaur lantaran bendu.

16(18-17) PANGERAN ti luhur ngulurkeun panangan, ceg kaula dicepeng, tuluy dibedol tina cai anu jero.

17(18-18) Mantenna ngaleupaskeun kaula ti musuh rongkah, jeung ti jalma-jalma anu mikangewa; kakuatan maranehna lain lawaneun kaula.

18(18-19) Waktu kaula meunang bahla, maranehna narajang, tapi PANGERAN ngaraksa ka kaula.

19(18-20) Kaula dijait tina bahla, sabab Mantenna nyaaheun ka kaula.

20(18-21) Kaula ku Mantenna diganjar, sabab geus milampah anu bener, diberkahan, lantaran teu boga salah.

21(18-22) Kaula tigin kana parentah PANGERAN, tara nyingkir ti Allah kaula.

22(18-23) Hukum-hukum Mantenna ku kaula diturut, sagala timbalana-Na taya nu dipungpang.

23(18-24) Mantenna uningaeun yen kaula taya celana, jeung nyegah diri tina kagorengan.

24(18-25) Mantenna ngaganjar kaula lantaran kaula nyieun nu bener lantaran Mantenna uningaeun yen kaula teu boga salah.

25(18-26) Nun PANGERAN, Gusti teh satia ka jalmi anu satia ka Gusti, sae ka jalmi anu lampahna utami.

26(18-27) Gusti wening galih ka nu hatena beresih, ngamusuhan ka nu nyieun kagorengan.

27(18-28) Gusti nyalametkeun jalmi anu rendah hate, ngarendahkeun jalmi anu luhur hate.

28(18-29) Gusti ka abdi maparin caang, nyaangan abdi nu keur poekeun.

29(18-30) Gusti maparin abdi kakiatan ngagempur musuh maparin kasanggupan ngabedah pertahanan lawan.

30(18-31) Allah teh damel-Na sampurna liwat saking! Sagala pangandika-Na estu cekeleun! Mantenna ibarat tameng ka sakur nu nyalindung ka Mantenna.

31(18-32) Allah teh ngan PANGERAN, ngan Allah panyalindungan urang teh.

32(18-33) Nya Allah pisan nu maparin kakuatan ka kaula, anu ngamankeun pijalaneun kaula.

33(18-34) Suku kaula disina rikat lir peucang, kaula disina aman di pagunungan.

34(18-35) Mantenna ngadidik kaula kana jurit, nepi ka sanggup ngawengkang gondewa nu pangkuatna.

35(18-36) Nun PANGERAN, Gusti nangtayungan, nyalametkeun abdi. Paniten Gusti ngalantarankeun abdi unggul, salamet ku karana kakawasaan Gusti.

36(18-37) Abdi teu kacerek, teu ragrag ka musuh, Gusti nu ngajagi.

37(18-38) Musuh ku abdi diudag sarta beunang, haben digempur dugi ka tumpur.

38(18-39) Diamuk dugi ka rarubuh tingrumpuyuk, teu harudang deui, areleh tinggaloler di hareupeun.

39(18-40) Gusti maparin abdi kadigjayaan jurit maparin unggul ngelehkeun musuh.

40(18-41) Maranehna ku Gusti disina jicir, nu darengki ka abdi sadayana dibasmi.

41(18-42) Tingkoceak marenta tulung taya nu nolih, pada sasambat ka PANGERAN, tapi teu didangu.

42(18-43) Ku abdi diluluh nepi ka jadi sapertos lebu anu mancawura ku angin, diidek sapertos leutak di jalan.

43(18-44) Abdi ku Gusti diluputkeun ti jalmi-jalmi nu bangkawarah didamel kawasa ka bangsa-bangsa, jalmi-jalmi nu abdi teu wawuh, ayeuna ngawula ka abdi.

44(18-45) Urang asing ka abdi marendek, omongan abdi ku maranehna diturut.

45(18-46) Maranehna parantos leungit kawani, kalaluar ti bentengna bari ngadegdeg.

46(18-47) PANGERAN jumeneng! Puji Mantenna, bebenteng kaula! Embarkeun kaagungana-Na, Allah anu nyalametkeun kaula.

47(18-48) Mantenna anu ngunggulkeun kaula ti musuh, anu nalukkeun bangsa-bangsa ka kaula,

48(18-49) jeung anu ngaluputkeun kaula ti kabeh satru. Nun PANGERAN, Gusti nu ngersakeun abdi unggul ti musuh, nu ngaraksa ti jalmi anu barengis.

49(18-50) Ku margi kitu, abdi muji Gusti di bangsa-bangsa, abdi nyanggakeun pupujian ka Gusti.

50(18-51) Allah maparin kaunggulan rosa ka raja nu diangkat ku Mantenna, nembongkeun kaasih-Na ka jalma nu dipilih ku Mantenna, ka Daud jeung turunanana salalawasna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
© 2010-2022
Alkitab.SABDA.org

Android.SABDA.org
SABDA.mobi
Bantuan
Dual Panel

Laporan Masalah/Saran