Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 19 >> 

1(19-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (19-2) Ku bengras langit ngebrehkeun kamulyaan Allah! Ku cekas eta teh nembongkeun karya Mantenna!

2(19-3) Poe nu ieu nepikeun hal eta ka poe isuk, peuting nu ayeuna nyaritakeun hal eta ka peuting nu engke.

3(19-4) Taya ucap taya kecap nu dipake, taya sora nu kadenge;

4(19-5) tapi amanahna parat ka saampar jagat, aweuhanana kadenge tepi ka tungtung bumi. Allah ngimahan panonpoe di langit,

5(19-6) nu medal isuk-isuk lir panganten lalaki lugay ti kamar, pertentang jeg pahlawan seja miang.

6(19-7) Ngagandeuang ti tungtung langit nu ieu, ngambah jalan muru ka tungtung langit nu itu, kabeh taya nu luput tina panasna.

7(19-8) Hukum PANGERAN sampurna, matak seger kana jiwa. Parentah PANGERAN beunang dipercaya, mere hikmah ka anu tuna harti.

8(19-9) Papakon PANGERAN saestu, matak bagja nu mituhu. Parentah PANGERAN teh adil, matak lantip budi akal.

9(19-10) Bakti ka PANGERAN kacida hadena, bakal lumangsung salalawasna. Putusan PANGERAN adil kabeh lempeng sarta jujur.

10(19-11) Leuwih pikabitaeun ti batan emas nu pangalusna, leuwih amis ti batan madu asli.

11(19-12) Tina eta abdi kenging pangarti, tigin ka eta kenging ganjaran.

12(19-13) Taya jalma nu ngarasa kana kasalahan dirina; bebaskeun abdi tina kalepatan nu teu kaciri!

13(19-14) Sareng luputkeun tina dosa anu dihaja, sing ulah kacangking ku lampah kitu. Sangkan jadi jalma sampurna, bebas leupas tina dosa nu matak cilaka.

14(19-15) Sakur ucap abdi katut usiking sanubari, sing matak kamanah ku Gusti nun PANGERAN, panyaluuhan sareng panebus abdi!



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 19 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel