Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 51 >> 

1(51-1) Pikeun pamingpin biduan. Jabur Daud. (51-2) Waktu ditegor ku Nabi Natan lantaran jinah jeung Batseba. (51-3) Nun Allah, sing hawatos ka abdi, demi satia asih Gusti. Pupus dosa abdi, demi Gusti teh maha kurnia.

2(51-4) Seuseuh sagala kajahatan abdi, beresihkeun abdi tina ieu dosa!

3(51-5) Abdi teh rumaos lepat, kadorakaan abdi tansah jadi emutan.

4(51-6) Abdi rumaos, dosa teh estu ka Gusti, ka Gusti pisan, gaduh lampah anu ku Gusti dianggap dosa. Gusti ngahukum ka abdi teh pantes, hukuman ka abdi adil, merenah.

5(51-7) Ti awit dilahirkeun oge abdi teh parantos doraka, dosa ti lebet kandungan keneh.

6(51-8) Anu dipundut ku Gusti nya eta jujur sareng bener; pinuhan hate abdi ku hikmah Gusti.

7(51-9) Angkat ieu dosa abdi, supados abdi beresih, abdi kumbah, supados langkung bodas manan salju.

8(51-10) Ridoan abdi nguping sora kabungah sareng kasuka supados tiasa deui ngarasa bagja, sanaos ku Gusti parantos disasaak sareng diririkes.

9(51-11) Peureumkeun soca Gusti, tong ningali dosa abdi, sadaya kajahatan abdi mugi dipupus.

10(51-12) Ciptakeun di diri abdi hate anu beresih, nun Allah, eusian abdi ku sumanget anyar, jiwa satia.

11(51-13) Abdi ulah dipiceun ti payuneun Gusti, roh Gusti anu suci ulah dicandak ti abdi.

12(51-14) Pasihan deui kagumbiraan ku kasalametan ti Gusti, sareng paparin kadaek nurut ka Gusti.

13(51-15) Engke abdi bade ngajarkeun parentah Gusti ka nu daroraka, sina tarobat ka Gusti.

14(51-16) Raksa nyawa abdi, nun Allah, abdi salametkeun. Kaadilan Gusti tangtos ku abdi dibewarakeun kalayan gumbira.

15(51-17) Tulungan abdi nyanggem, nun PANGERAN, sangkan muji-muji ka Gusti.

16(51-18) Gusti teu hoyong kurban peuncitan, atanapi dihaturanan kurban beuleuman, eta oge Gusti teu hoyong.

17(51-19) Abdi ngurbankeun hate anu pinuh ku karumasaan, nun Allah! Gusti tangtos moal nolak hate anu rumasa sareng tobat.

18(51-20) Sing hawatos ka Sion, tulungan, kuta Yerusalem mugi sina ngadeg deui.

19(51-21) Saparantos kitu tangtos Gusti kersa nampi kurban anu layak, kurban beuleuman, sareng sapi jalu, anu dikurbankeun dina altar Gusti.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 51 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel