Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 58 >> 

1(58-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Ulah ngabasmi. Jabur ti Daud. (58-2) He para pangereh, kungsi aranjeun nyieun putusan nu adil? Jujur aranjeun nimbang perkara pada manusa?

2(58-3) Teu! Nu dipikir ku aranjeun ngan rek nyieun kajahatan, jeung nyieun katelengesan di jero nagri.

3(58-4) Jalma jahat mah kalakuanana goreng saumur-umur, ti barang dijurukeun ge geus mimiti nipu.

4(58-5) Dirina pinuh ku peurah kawas oray, ceulina tara dipake, kawas oray sinduk torek,

5(58-6) anu teu ngadengeeun kana sora pawangna, atawa kana sora tembang tukang ngematna.

6(58-7) Remukkeun sihungna eta singa-singa galak teh, nun Allah!

7(58-8) Sing musna eta jalma-jalma teh, sapertos cai nyaab, sina kaidek sapertos jukut di jalan,

8(58-9) sing cara tetenggek, leeh jadi leuleueur, sing sapertos orok kaluron, teu kungsi ningal caang.

9(58-10) Memeh areling maranehna geus dicacar cara rurungkunan. Ku Allah anu bendu maranehna dibalangkeun hirup-hirup.

10(58-11) Anu balener bakal barungah narenjo nu daroraka dihukum; getih jelema anu jarahat teh ku maranehna bakal dipake ngaraas.

11(58-12) Jalma-jalma bakal ngaromong, "Nyata, nu bener teh aya ganjaranana, nyata aya Allah, anu ngajalankeun hukum adil di dunya."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 58 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel