1(75-1) Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu: Ulah ngabasmi. Jabur Asap. Lagu. (75-2) Abdi-abdi muji sukur, nun Allah, muji sukur! Abdi-abdi ngabewarakeun kaagungan Gusti,
2(75-3) Allah ngandika, "Kami geus nangtukeun waktu pangadilan, Kami rek ngahakiman kalawan adil.
3(75-4) Najan bumi gunjang-ganjing katut nu ngeusianana, Kami tetep mageuhkeun pademenna."
4(75-5) Nu jarahat ku Kami dicarek ulah aradigung;
5(75-6) maranehna teu meunang nyombong deui.
6(75-7) Datangna putusan pangadilan lain ti wetan atawa ti kulon, lain ti kidul atawa ti kaler.
7(75-8) Anu jadi hakim teh nya Allah, ngahukum nu itu, ngabebaskeun nu ieu.
8(75-9) Panangan PANGERAN nyepeng hiji lumur; dieusi anggur keras, anggur kabendu-Na. Seug dicicikeun, sina diarinum ku nu jarahat, ku maranehna diarinum nepi ka beak.
9(75-10) Ari kaula moal eureun-eureun nyaritakeun hal Allahna Yakub, moal eureun muji ngagungkeun Mantenna.
10(75-11) Kakuatan nu jarahat ku Mantenna bakal diremukkeun, kakuatan anu balener disina beuki kuat.