Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 80 >> 

1(80-1) Pikeun pamingpin biduan. Cara lagu Kembang Bakung. Panaksen Asap. Jabur. (80-2) Nun Gusti Pangangon Israil, nun panungtun pakumpulan, dangukeun. Nun anu linggih dina tahta luhureun mukarabin,

2(80-3) ebrehkeun salira Gusti ka kaom-kaom Epraim, Binyamin sareng Menase. Pintonkeun kakawasaan, jait abdi sadaya.

3(80-4) Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.

4(80-5) Nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa, naha bade bendu keneh, ngantep panyambat umat?

5(80-6) Ku Gusti lir disina dahar kasusah, lir disina nginum cipanon sacangkir ageung.

6(80-7) Gusti ngajeunkeun tanah abdi diparebutkeun ku bangsa-bangsa sakurilingeun, abdi-abdi pada ngahina ku musuh-musuh.

7(80-8) Pulihkeun abdi sadaya, nun Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.

8(80-9) Gusti parantos nyandak hiji tangkal anggur ti Mesir, ngusiran bangsa-bangsa, lajeng eta petetan teh dipelak di tanah maranehna.

9(80-10) Disina ngagedean, tempatna diberesihan, dugi ka akarna nyaliara ka sakuliah nagara.

10(80-11) Gunung-gunung katutup ku daunna tangkal-tangkal kiputri raksasa kahieuman ku dahan-dahanna.

11(80-12) Dahan-dahanna ngararambat dugi ka Laut Tengah, pucuk-pucukna dugi ka Walungan Eprat.

12(80-13) Ku naon pagerna ku Gusti direbahkeun? Buahna seep dipalingan ku nu laliwat,

13(80-14) diidek-idek ku bagong leuweung, sareng diranjah ku sato-sato alas.

14(80-15) Tingali ieu abdi-abdi, nun Allah Nu Maha Kawasa! Tingali ti sawarga! Jait ieu umat Gusti teh!

15(80-16) Salametkeun ieu tangkal anggur pelak Gusti teh, kenging Gusti mulasara dugi ka gedena.

16(80-17) Ayeuna ku musuh diduruk, dituar; tumpurkeun musuh teh ku bendu Gusti.

17(80-18) Umat kenging Gusti milih, bangsa kenging Gusti nohagakeun, mugi diraksa.

18(80-19) Moal deui-deui abdi-abdi nyingkir ti Gusti, mugi ku Gusti dipaparin hirup, sumeja muji ka Gusti.

19(80-20) Pulihkeun abdi sadaya, nun GUSTI, Allah Nu Maha Kawasa! Sing welas ka abdi-abdi, tangtos abdi-abdi salamet.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 80 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel