Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 88 >> 

1(88-1) Lagu. Jabur golongan Korah. Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu: Mahalat Leanot. Lagu atikan ti Heman, urang Esrah. (88-2) Nun GUSTI Allah, jurusalamet abdi, ari siang abdi sasambat, ari wengi dumeuheus ka payuneun Gusti.

2(88-3) Mugi ieu paneda teh dangukeun, dangukeun panyambat abdi nyuhunkeun tulung!

3(88-4) Abdi diambreg ku rupi-rupi pakewuh, ajal parantos nyantong,

4(88-5) sapertos nu sanes-sanes anu parantos meh maot, parantos taya tangan pangawasa.

5(88-6) Abdi ditinggalkeun di nu paraeh, sapertos nu dipaehan, ngalonjor di jero kuburan maranehna, anu ku Gusti hamo diemut-emut deui, parantos di luareun pitulung Gusti.

6(88-7) Abdi ku Gusti digebruskeun ka jero liang kubur, liang anu pangpoekna sareng pangjerona.

7(88-8) Amarah Gusti nindihan kacida abotna, abdi remuk dilindes ku panekana.

8(88-9) Babaturan abdi ku Gusti sina nyalingkir, abdi ku Gusti didamel pikageuleuheun maranehna. Abdi kakepung, taya petana kaluar.

9(88-10) Panon ceuleuyeu teu kiat ku sangsara. Sadidinten abdi sasambat ka Gusti, leungeun tumamprak neda pitulung.

10(88-11) Gusti teh bade midamel mujijat ka nu parantos maraot? Tiasaeun mayit lugay teras mumuji ka Gusti?

11(88-12) Naha kaasih Gusti sok diomongkeun di jero kubur? Naha kasatiaan Gusti sok dicarioskeun di tempat kabinasaan?

12(88-13) Naha tiasa katingal mujijat-mujijat Gusti di nu poek, kitu deui kasaean Gusti di tanah nu leungit tina emutan?

13(88-14) Nun PANGERAN, abdi ngalengis nyambat pitulung, saban enjing neneda ka Gusti.

14(88-15) Naon margina abdi disieuhkeun, nun PANGERAN, naon margina Gusti ngabalieur ti abdi?

15(88-16) Ti ngongora abdi teh diriripuh dugi ka mehmehan maot, parantos cape nadahan hukuman ti Gusti.

16(88-17) Haben dilindes ku amarah Gusti anu ngentab-ngentab, binasa jadi tadah panyiksa Gusti.

17(88-18) Sadinten jeput sapertos diteumbragan ku caah, ambreg ti unggal sisi.

18(88-19) Sobat-sobat nu pangdalitna ge naringgalkeun, nu maturan teh mung poek.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 88 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel