Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 89 >> 

1(89-1) Lagu atikan ti Etan, urang Esrah. (89-2) Abdi salamina bade nganyanyikeun satia asih Gusti, nun Allah, salamina bade ngamashurkeun kasatiaan Gusti.

2(89-3) Abdi terang kaasih Gusti tetep salalamina kasatiaan Gusti sateguh langit.

3(89-4) Saur Gusti, "Kami geus jangji ka hiji jalma pilihan Kami; Kami geus sumpah ka Daud, abdi Kami,

4(89-5) ‘Hiji turunan maneh salawasna bakal jadi raja, tahta karajaan maneh bakal langgeng.’"

5(89-6) Satungkebing langit muji kaajaiban padamelan Gusti, nu saruci muji-muji kasatiaan Gusti, nun PANGERAN.

6(89-7) Di sawarga teu aya nu sapertos Gusti, teu aya mahluk sawarga anu nandingan Gusti.

7(89-8) Dina pasamoan mahluk-mahluk suci, Gusti pada mikagimir, sadayana alajrih ka Gusti.

8(89-9) Nun GUSTI Allah Nu Maha Kawasa, teu aya anu hebatna sapertos Gusti, Gusti satia dina sagala perkawis, nun PANGERAN.

9(89-10) Gusti murba kana kaangkaraan laut, ombakna nu ngamuk ku Gusti dilelerkeun.

10(89-11) Rahab, naga laut, ku Gusti dipaehan, diremukkeun, musuh-musuh kucar-kacir ku kawasa Gusti.

11(89-12) Langit kagungan Gusti, bumi oge kagungan Gusti, alam dunya saeusina nya Gusti anu ngagelarkeun.

12(89-13) Kaler sareng kidul Gusti anu nyiptakeun, Gunung Tabor sareng Gunung Hermon nyanyi kangge Gusti.

13(89-14) Kawasa Gusti tanpa tanding! Gusti bedas liwat saking!

14(89-15) Karajaan Gusti napak dina kaestuan sareng kaadilan, kaasih sareng kasatiaan tembong dina samudaya karya Gusti.

15(89-16) Estu bagja jalmi anu sumujud ka Gusti bari gumbira, anu hirupna dina cahaya kasaean Gusti.

16(89-17) Sadidintenna suka bungah ku karana Gusti, muji sukur ku karana piwelas Gusti.

17(89-18) Gusti maparin kaunggulan ka abdi-abdi, ku karana asih Gusti abdi-abdi tiasa unggul.

18(89-19) Gusti, nun PANGERAN, maparin papayung, Gusti, Nu Suci, Allah Israil, maparin raja ka abdi-abdi.

19(89-20) Ti kapungkur keneh, dina hiji titingalian, Gusti ngandika ka para kawula Gusti nu saratia, "Kami geus nulung hiji prajurit anu kamashur, diangkat ti tengah rahayat, sina ngadiukan tahta.

20(89-21) Abdi Kami Daud, ku Kami dijadikeun raja, geus diistrenan ku Kami ku minyak suci.

21(89-22) Salawasna baris dideudeul ku kabedasan Kami, kakawasaan Kami baris jadi kakuatanana.

22(89-23) Musuh-musuhna moal bisa ngelehkeun, nu daroraka moal bisa meunang ka manehna.

23(89-24) Kami nu baris nyasaak musuh-musuhna, Kami nu baris maehan nu ngarewaeunana.

24(89-25) Kami rek mikanyaah, rek satia ka manehna, ku Kami rek disina meunangan terus.

25(89-26) Karajaanana rek dilegakeun, ti Laut Tengah nepi ka Walungan Eprat.

26(89-27) Ngabasakeunana ka Kami, ‘Rama, Allah abdi. Ama benteng sareng panyalindungan abdi.’

27(89-28) Estu, ku Kami rek dijieun anak cikal, anu pangpunjulna ti sakabeh raja-raja.

28(89-29) Jangji Kami ka manehna salawasna bakal ditedunan, perjangjian Kami ka manehna bakal langgeng.

29(89-30) Tahtana rek dipageuhkeun sapageuh langit, ti turunanana salawasna aya bae anu pijadieun raja.

30(89-31) Tapi lamun turunanana teu nurut kana hukum Kami, hirupna teu nurutkeun parentah-parentah Kami,

31(89-32) lamun ngalanggar aturan-aturan jeung katangtuan-katangtuan Kami,

32(89-33) maranehna geus tangtu baris dihukum, baris disusahkeun ku karana kasalahanana.

33(89-34) Najan kitu kanyaah Kami ka Daud moal laas, jangji Kami ka manehna moal gingsir.

34(89-35) Perjangjian Kami ka manehna moal pegat, jangji Kami sarupa ge moal aya nu dicabut.

35(89-36) Sabab Kami geus sumpah demi kasucian Kami: pamohalan Kami jalir ka Daud!

36(89-37) Salawasna bakal aya turunanana, karajaanana baris diaping ku Kami satungtung aya keneh panonpoe.

37(89-38) Sina tetep aya saperti bulan, nu jadi saksi satia di langit."

38(89-39) Nanging Gusti bet bendu ka anjeunna, raja pilihan Gusti ku Gusti dipiceun, ditolak.

39(89-40) Perjangjian Gusti ka anjeunna dipegatkeun, makutana ku Gusti dialungkeun ka nu jeblog.

40(89-41) Kuta-kuta kotana dirugrugkeun, benteng-bentengna diburak-barik,

41(89-42) harta milikna diranjah ku nu laliwat, sarta anjeunna diseungseurikeun ku para tatangga.

42(89-43) Musuh-musuhna ku Gusti disina unggul, disina saruka bungah.

43(89-44) Anjeunna disina eleh perangna, pakarangna disina taya gunana.

44(89-45) Iteuk karajaanana ku Gusti dicandak, tahtana dibeubeutkeun kana taneuh.

45(89-46) Mangsa anomna ku Gusti disinggetkeun, dipopokan ku kahinaan.

46(89-47) Na Gusti teh bade teras nyumput bae? Bade dugi ka iraha Gusti bendu ngagugudug?

47(89-48) Mugi diemut, umur abdi teh kacida pondokna. Mugi diemut, manusa teh ku Gusti dijadikeun mahluk pana.

48(89-49) Saha pijalmieunana anu moal keuna ku ajal, anu tiasa ngejat tina alam kubur?

49(89-50) Nun PANGERAN, mana tanda kanyaah Gusti anu kapungkur teh? Mana jangji-jangji Gusti ka Daud teh?

50(89-51) Ulah lali, abdi Gusti sakieu diasorkeunana, nandangan panghina bangsa-bangsa deungeun.

51(89-52) Nun PANGERAN, raja pilihan Gusti teh dihina ku musuh-musuh Gusti! Mios ka mana ge teu weleh dinistakeun.

52(89-53) Puji PANGERAN salalanggengna! Amin! Amin!



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 89 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel