Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 9 >> 

1(9-1) Pikeun pamingpin biduan. Nurutkeun lagu Mut Laben. Jabur Daud. (9-2) Kalayan hate mantep, nun PANGERAN, abdi sumeja muji ka Gusti, sareng seja ngamashurkeun padamelan Gusti anu araheng.

2(9-3) Ku karana Gusti, abdi bingah sumeja nyanyi. Sumeja nyanyi muji ka Gusti, nun Allah Nu Maha Kawasa.

3(9-4) Musuh-musuh abdi bubar birat barang naringal Gusti tembong, tingjarungkel paraeh.

4(9-5) Gusti ngahukum kalawan adil tur jujur, parantos ngabelaan perkawis abdi.

5(9-6) Gusti parantos ngahukum bangsa-bangsa nu jarahat parantos dibasmi, moal aya nu nginget-nginget deui.

6(9-7) Musuh-musuh parantos musna sapapaosna, kota-kotana ku Gusti parantos diancurkeun, moal aya deui nu mikaeling.

7(9-8) Demi PANGERAN mah raja salalanggengna, tahta pangadilana-Na geus nanjeur.

8(9-9) Anjeunna marentah dunya kalayan adil, ngahakiman bangsa-bangsa ku kaadilan.

9(9-10) PANGERAN teh pananggeuhan keur sakur nu ditindes, panyalindungan dina mangsa susah.

10(9-11) Anu tarerang ka Gusti, nun PANGERAN, bakal ngaharep ka Gusti, sugri anu marek ku Gusti tara ditolak.

11(9-12) Sanggakeun puji ka PANGERAN, anu marentah di Sion! Mashurkeun padamelana-Na ka sakumna bangsa-bangsa!

12(9-13) Allah emut ka nu sangsara, henteu lali kana panyambatna, sareng ngahukuman jalma-jalma nu nyiksa ka maranehna.

13(9-14) Duh PANGERAN, mugi aya piwelas! Tingali talajak musuh anu nyangsara ka abdi! Nun PANGERAN, jait abdi tina ajal.

14(9-15) Supados abdi tiasa nangtung hareupeun urang Yerusalem, nembongkeun kabungah parantos disalametkeun ku Gusti.

15(9-16) Bangsa-bangsa nyarieun lombang, maranehna anu tigebrus, beunang ku pitapakna sorangan.

16(9-17) PANGERAN ngebrehkeun anjeun ku putusan hukum-Na nu adil, nu daroraka teh cilaka ku polahna sorangan.

17(9-18) Nya paeh bagian nu jarahat mah, bagian jelema anu narolak ka Allah.

18(9-19) Nu balangsak moal salilana diantep; moal salilana pangarep-ngarep nu laip disina remuk.

19(9-20) Sumping, nun PANGERAN! Tong diantep manusa sombong ka Gusti! Kempelkeun maranehna ka payuneun, umumkeun hukumanana.

20(9-21) Sina sarieuneun, nun PANGERAN, sina ngarasaeun yen manehna teh saukur manusa.



Studi Alkitab dengan AI: Chat dengan Alkitab GPT.

Studi lengkap, silahkan lihat: Alkitab SABDA.
Dengar dan baca Alkitab Karaoke, silahkan kunjungi: Alkitab Karaoke.
Rencana Multimedia Baca Alkitab: BaDeNo.

 <<  Mazmur 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Keesaan
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Alkitab GPT
Bantuan
Dual Panel Dual Panel