Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Mazmur 90 >> 

1Paneda Musa, abdi Allah. Nun PANGERAN, Gusti teh salamina jadi panyalindungan abdi sadaya.

2Memeh Gusti ngajadikeun gunung-gunung, memeh bumi sareng alam dunya ku Gusti dicipta, Gusti parantos jumeneng Allah nu langgeng sareng baris teras jumeneng salalanggengna.

3Gusti ngedahkeun manusa mulang ka asal, ku Gusti dijadikeun deui lebu.

4Kangge Gusti mah sarebu taun sami sareng sadinten, saumur dinten kamari anu parantos liwat, lir hiji sa’at anu pondok wanci wengi.

5Umur jalmi ku Gusti disina nyeot lir palid ku caah, teu langkung panjang ti saimpian. Sapertos jujukutan, enjing-enjing marentik,

6jaradi sareng karembangan, sorena gararing teras paraeh.

7Abdi-abdi musna ku bebendu Gusti, sami sumeblak ku duduka Gusti.

8Dosa abdi-abdi disina nembrak di payuneun Gusti, sanaos buni ku Gusti mah katingali.

9Hirup abdi-abdi jadi pondok, diteukteuk ku bebendu Gusti, umur sirna ibarat napas sarenghap.

10Lamina umur abdi-abdi mung tujuh puluh taun, atanapi dalapan puluh pikeun nu kiat, kitu ge bari ripuh seueur nu karasa, hirup sakedap, teras sirna.

11Saha nu parantos ngarasa karongkahan mudalna bebendu Gusti? Saha nu sadar kumaha matak gimirna balukar tina duduka Gusti?

12Elingkeun abdi sadaya yen hirup teh kacida pondokna, supados jadi jalmi wijaksana.

13Sabaraha deui lamina Gusti bendu teh? Sing hawatos ka sadaya kawula Gusti.

14Tembongkeun kaasih Gusti ka abdi sadaya unggal enjing, supados hirup abdi-abdi tiasa ngarasa bagja.

15Paparinan kagenahan, saimbang sareng kaprihatinan anu dikeunakeun ka abdi sadaya salami nyorang kalaraan.

16Ebrehkeun padamelan Gusti anu rongkah ka abdi-abdi, ebrehkeun pangawasa Gusti anu mulya ka turunan abdi sadaya.

17Paparinkeun rahmat Gusti, nun PANGERAN, Allah abdi sadaya! Langsarkeun sugri pagawean abdi sadaya!


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Mazmur 90 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel