Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 1 >> 

1Ieu laporan Nehemia bin Hakalya tina hal anu dilampahkeun ku anjeunna. Mangsa kadua puluh taun Artahsasta jadi raja Persia, dina bulan Kislew, waktu sim kuring aya keneh di ibukota Susan,

2dulur sim kuring anu ngaran Hanani ti tanah Yuda, datang jeung baturna sababaraha urang. Sim kuring nanyakeun kaayaan Yerusalem jeung dulur-dulur sasama urang Yahudi anu marulang ti pangbuangan di Babul.

3Jawabna, dulur-dulur nu rahayu bisa marulang ka lemah cai teh keur katarajang susah gede, turug-turug dihina ku tatangga-tatanggana bangsa-bangsa sejen. Tembok kuta Yerusalem angger ancur, gapura-gapurana ti barang tas aya nu ngahuru acan diomean deui.

4Meunang beja kitu, brek sim kuring diuk bari ceurik. Meunang sababaraha poe sim kuring teu dahar-dahar acan, prihatin teu leungit-leungit. Seug neneda ka Allah,

5"Nun GUSTI, Allah Sawarga! Gusti teh agung sareng matak gimir! Gusti pengkuh nyepeng perjangjian ka sugri anu nyaah sareng ngestokeun timbalan-timbalan!

6Tingali nun PANGERAN, sareng dangukeun ieu paneda abdi siang sareng wengi tina perkawis umat Gusti, bangsa Israil. Abdi rumaos, urang Israil teh gaduh dosa ka Gusti. Kitu deui karuhun-karuhun sareng abdi pribadi oge gaduh dosa.

7Doraka, ngabaha ka Gusti, teu tumut kana timbalan. Henteu tigin kana papakon-papakon anu ku Gusti ditetepkeun pikeun abdi sadaya ku perantaraan Musa, abdi Gusti tea.

8Tangtos Gusti emut, Gusti parantos nimbalan kieu ka Musa, ‘Maraneh Israil, upama henteu satia ka Kami, tan wande dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen.

9Tapi upama tarobat sarta ngagugu kana timbalan Kami, najan keur pabalencar nepi ka tungtung jagat oge, tan wande dipulangkeun ka tempat anu ku Kami geus dipilih geusan ngabakti ka Kami.’

10Nun PANGERAN, eta teh sadayana abdi-abdi Gusti, umat Gusti ku manten, kenging Gusti ngajait ku pangawasa sareng kadigjayaan anu langkung-langkung agungna.

11Mugi kersa ngadangu kana panyambat abdi, sareng kana panyambat sugri anu sumeja ngamulyakeun ka Gusti, mugi-mugi abdi mendak kurnia ti raja, dikabulkeun panuhun." Kitu paneda sim kuring. Harita sim kuring teh jadi juruladen leueuteun prabu.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel