Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 13 >> 

1Ti dinya dulur-dulur dipangmacakeun Hukum Musa, tarik kadenge ku sarerea. Macana nepi ka bagian anu unina ngalarang umat Allah campur jeung urang Amon atawa urang Moab.

2Lantaranana, keur mangsa Israil kaluar ti Mesir, keur di satengahing jalan, urang Amon jeung urang Moab ti batan mawakeun dahareun mawakeun cai, kalah ka ngongkos Balhum sina nyapa ka Israil. Sukur, panyapana ku Allah urang dirobah ngajadi berkah.

3Sanggeus ngadarenge ungel kitu, seug urang Israil misahkeun bangsa asing ti masarakatna.

4Ari Imam Elyasib, anu ngawas kamar-kamar sisimpenan Bait Allah, geus lila dalit jeung Tobia.

5Anjeunna ngidinan Tobia make hiji kamar di Bait Allah, tur kamarna lega. Eta kamar saenyana ngan wungkul pikeun nyimpen bahan-bahan sasajen, gandum, seuseungitan, parabot Bait Allah, paranti nyimpen kurban perpuluhan keur para imam, paranti nyimpen perpuluhan gandum, anggur jeung minyak jetun, anu bakal dibagi-bagikeun ka urang Lewi, para pamaen musik Bait Allah jeung ka para pangawal Bait Allah.

6Harita, nya eta dina taun katilu puluh dua Artahsasta jadi raja di Babul, sim kuring keur teu aya di Yerusalem, keur ka Babul nyanggakeun laporan ka raja. Sanggeus kawidian mulang,

7tuluy mulang ka Yerusalem. Sim kuring kacida ngajenghokna barang terang yen Elyasib ngidinan Tobia make kamar di Bait Allah.

8Awahing ku napsu, barang-barang Tobia ku sim kuring dibalang-balangkeun kabeh ka luar.

9Sim kuring tuluy marentah supaya kamar-kamar teh diberesihan, disucikeun, sarta parabot-parabot Bait Allah, gandum kurbankeuneun, jeung seuseungitan, disimpenan deui dina parantina.

10Meunang deui beja, para pamaen musik Bait Allah oge, kitu deui urang Lewi lianna, geus arindit ti Yerusalem, marulang ka tanah pertanianana masing-masing, lantaran sumbangan-sumbangan ti dulur-dulur teh teu cukup.

11Para pamingpin ku sim kuring diweweleh, lantaran ngantep Bait Allah dilalaworakeun kitu. Urang Lewi jeung para pamaen musik ku sim kuring dibawa deui ka Bait Allah, sina ngajalankeun kawajibanana.

12Urang Israil ngirimkeun deui perpuluhanana ka kamar-kamar simpenan Bait Allah: gandum, anggur jeung minyak jetun.

13Sim kuring ngangkat tilu jelema purah nitenan kamar-kamar sisimpenan, nya eta: Selemya, imam; Sadok, ahli Hukum; jeung Pedaya, urang Lewi. Dibere pangbantu saurang nya eta Hanan bin Sakur incu Matanya. Sim kuring yakin maranehna baris jalujur enggoning ngabagi-bagi sumbangan ka sasama pagawe.

14Nun Allah panutan, ieu sagala ihtiar abdi kangge Bait Allah kagungan Gusti sareng kangge babaktina, ku abdi disanggakeun ka Gusti.

15Hiji waktu katingal ku sim kuring, urang Yuda mareres anggur dina poe Sabat. Aya oge anu keur ngamuatan kalde ku gandum, anggur, buah anggur, buah kondang, jeung salianna, tuluy dibarawa ka Yerusalem. Ku sim kuring dielingan ulah barang jual naon-naon dina poe Sabat.

16Aya sawatara urang asal ti Tirus anu caricing di Yerusalem, dina poe Sabat teh daragang lauk jeung rupa-rupa barang ka jero kota.

17Pamingpin-pamingpin urang Yahudi ku sim kuring diseukseukan. Ceuk sim kuring, "Maraneh kacida dosana! Maraneh henteu nyucikeun Sabat.

18Kapan pangna karuhun maraneh nepi ka dihukum oge ku Allah, waktu ieu kota bareto ditumpurkeun, lantaranana nya kitu pisan. Kari-kari ayeuna maraneh ngondang bebendu Allah ka Israil, ngotoran Sabat."

19Ku sabab eta sim kuring ngaluarkeun parentah, sangkan dina unggal malem Sabat, ti barang reup magrib lawang kota kudu ditutup, teu meunang dibuka-buka nepi ka geus liwat Sabat. Sarta pagawe-pagawe sim kuring ditempatkeun sina ngawas lawang kota, supaya dina poe Sabat ulah nepi ka aya nu barang bawa ka jero kota.

20Sakali-kalieun sok aya sudagar-sudagar barang, ngadon mareuting malem Jumaah deukeut kuta.

21Ku sim kuring diomongan, "Taya gunana narungguan isuk di dinya. Lamun sakali-kali deui, awas!" Ti harita maranehna tara daratang deui dina poe Sabat.

22Ari urang Lewi ku sim kuring diparentah kudu susuci, geus kitu dititah ngajaga lawang-lawang, sangkan Sabat tetep suci. Nun Allah, ihtiar abdi anu ieu oge ku abdi disanggakeun ka Gusti. Nun Gusti nu maha asih, abdi nyuhunkeun diraksa.

23Lian ti eta ku sim kuring kanyahoan yen loba urang Yahudi anu karawin ka awewe urang Asdod, urang Amon, jeung urang Moab.

24Anak-anakna sawareh mah geus teu barisaeun basa sorangan, ngaromongna teh ku basa Asdod atawa basa-basa asing lianna.

25Eta jelema-jelema ku sim kuring dicarekan, dimuga-muga masing kasapa, diteunggeulan, buukna dijenggut. Tuluy sina sarumpah demi Allah, yen boh maranehna, boh anak-anakna, moal deui-deui pacorok jodo jeung urang asing.

26Ceuk sim kuring, "Anu ngalantarankeun Raja Suleman dosa oge kapan awewe bangsa asing. Kaagungan anjeunna mapakan raja-raja bangsa sejen, ku Allah dipikaasih, dijenengkeun raja ngarajaan sakumna Israil, tapi teu burung beunang ku dosa nu cara kitu.

27Na rek nyarontoan kitu maraneh teh ka dulur-dulur nu sejen, sina marilu ngalawan ka Allah urang, kararawin ka awewe bangsa batur?"

28Eta deui Yoyada, sakitu anak Elyasib, anak Imam Agung, aya anakna saurang anu kawin ka awewe anakna Sanbalat urang Bet Horon. Ku sabab eta Yoyada ku sim kuring dikaluarkeun ti Yerusalem.

29Nun Allah, abdi nyanggakeun eta dulur-dulur anu sakitu ngotoranana kana jabatan kaimaman, sareng kana perjangjian Gusti ka maranehna sareng ka urang Lewi.

30Geus kitu dulur-dulur ku sim kuring diberesihan tina sagala pangaruh nu asing. Sim kuring ngayakeun aturan-aturan pikeun para imam jeung urang Lewi, sangkan hararideng kana kawajibanana.

31Jeung sim kuring nyieun giliran nu ngarala suluh, anu kudu aya dina waktuna pikeun ngaduruk kurban-kurban; kitu deui rahayat kudu marere sumbangan gandum tina panen cikal, jeung bubuahan anu asakna pangheulana. Nun Allah, mugi ieu sadaya ku Gusti kaemutkeun, sareng nyuhunkeun timbangan sakumaha layakna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 13 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel