Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 7 >> 

1Ayeuna kuta geus anggeus. Lawang-lawangna geus dipasang. Tukang-tukang jaga, para jurukawih, jeung urang Lewi lianna geus nyarekel tugasna masing-masing.

2Sim kuring ngangkat dua jelema pikeun ngatur kota Yerusalem, nya eta Hanani dulur sim kuring, jeung Hananya, kapala kawasa leuweung. Hananya jelema pinter tur sieun ku Allah, taya sasamana.

3Ku sim kuring diomongan, yen lawang-lawang kota Yerusalem lamun acan bray isuk jeung panonpoe acan moncorong, ulah waka dibuka. Jeung samemeh kawal-kawal daratang ngajaga pabuburit, salawasna kudu ditutup sarta dipalang. Jaba ti eta kudu neundeun jelema ti kota Yerusalem, sawareh sina ngarajaga di garduh-garduh. Sawareh deui kudu ngaronda sabudeureun imahna masing-masing.

4Yerusalem teh kota gede, tapi pangeusina acan sakumaha lobana, imah oge loba anu can dijieun.

5Sim kuring kenging ilham ti Allah, kudu ngumpulkeun dulur-dulur jeung kapala-kapala sarta pamingpin-pamingpinna, kudu ditaliti sajarah karuhunna. Tina daptar anu marulang ti heula ti pangboyongan, nurutkeun catetanana kieu:

6Loba pisan anu marulang ti pangbuangan di Babul teh, marulang ka Yerusalem jeung Yuda, ka lemburna masing-masing. Caricingna di ditu ti barang diboyong ku Raja Nebukadnesar.

7Kapala-kapalana nya eta: Serubabel, Yosua, Nehemia, Asarya, Raamya, Nahamani, Mordekai, Bilsan, Misperet, Bigwai, Nehum jeung Baana.

8(7:8-25) Ieu daptar golongan-golongan Israil, katut jumlah lobana anu marulang ti pangbuangan: Golongan Paros 2.172; Golongan Sepaca 372; Golongan Arah 652; Golongan Pahat Moab (turunan Yesua jeung Yoab) 2.818; Golongan Elam 1.254; Golongan Satu 845; Golongan Sakai 760; Golongan Binui 648; Golongan Bebai 628; Golongan Asgad 2.322; Golongan Adonikam 667; Golongan Bigwai 2.067; Golongan Adin 655; Golongan Ater (anu katelah Hiskia) 98; Golongan Hashum 328; Golongan Besai 324; Golongan Harip 112; Golongan Gibon 95.

9(7:8)

10(7:8)

11(7:8)

12(7:8)

13(7:8)

14(7:8)

15(7:8)

16(7:8)

17(7:8)

18(7:8)

19(7:8)

20(7:8)

21(7:8)

22(7:8)

23(7:8)

24(7:8)

25(7:8)

26(7:26-38) Anu marulang ka tempat-tempat asal karuhunna: Urang Betlehem jeung Netopa 188; Urang Anatot 128; Urang Bet Asmawet 42; Urang Kiryat Yarim, Kepira jeung Berot 743; Urang Ramah jeung Geba 621; Urang Mikmas 122; Urang Betel jeung Ai 123; Urang Nebo lianna 52; Urang Elam lianna 1.254; Urang Harim 320; Urang Yeriho 345; Urang Lod, Hadid jeung Ono 721; Urang Senaa 3.930.

27(7:26)

28(7:26)

29(7:26)

30(7:26)

31(7:26)

32(7:26)

33(7:26)

34(7:26)

35(7:26)

36(7:26)

37(7:26)

38(7:26)

39(7:39-42) Daptar golongan-golongan imam anu marulang ti pangbuangan: Golongan Yedaya (turunan Yesua) 973; Golongan Imer 1.052; Golongan Pashur 1.247; Golongan Harim 1.017.

40(7:39)

41(7:39)

42(7:39)

43(7:43-45) Golongan-golongan urang Lewi anu marulang ti pangbuangan: Golongan Yesua jeung Kadmiel (turunan Hodawia) 74; Golongan tukang-tukang musik Bait Allah (turunan Asap) 148; Golongan tukang-tukang jaga Bait Allah (turunan Salum, Ater, Talmon, Akub, Batita jeung Sobai) 138.

44(7:43)

45(7:43)

46(7:46-56) Golongan kuli-kuli Bait Allah anu marulang ti pangbuangan: Siha, Hasupa, Tabaot, Keros, Sia, Padon, Lebana, Hagaba, Salmai, Hanan, Gidel, Gahar, Raya, Resin, Nekoda, Gasam, Usa, Paseah, Besai, Mehunim, Nepusim, Bakbuk, Hakupa, Harhur, Baslit, Mehida, Harsa, Barkos, Sisera, Tema, Nesia jeung Hatipa.

47(7:46)

48(7:46)

49(7:46)

50(7:46)

51(7:46)

52(7:46)

53(7:46)

54(7:46)

55(7:46)

56(7:46)

57(7:57-59) Golongan abdi-abdina Suleman anu marulang ti pangbuangan: Sotai, Soperet, Perida, Yaala, Darkon, Gidel, Sepaca, Hatil, Pokeret, Hasebaim jeung Amon.

58(7:57)

59(7:57)

60Jumlah turunan kuli-kuli Bait Allah jeung golongan abdi-abdina Suleman anu marulang ti pangbuangan aya 392.

61(7:61-62) Anu kaasup ka golongan Delaya, Tobia, jeung Nekoda aya 642. Marulangna ti Tel Mela, Tel Harsa, Kerub, Adon jeung Imer, tapi ieu mah teu bisa dibuktikeun yen turunan Israil.

62(7:61)

63(7:63-64) Golongan-golongan imam anu teu bisa nembongkeun sajarah turunanana nya eta: Hobaya, Hakos jeung Barsilai. (Karuhun golongan Imam Barsilai nikahna ka awewe ti golongan Barsilai urang Gilad, tuluy make ngaran mitohana.) Ku lantaran teu bisa nerangkeun saha karuhunna, maranehna ditolak tina kaimaman.

64(7:63)

65Saur gupernur Yahudi maranehna mah teu meunang milu ngadahar tina kurban suci lamun can aya imam anu ngadeg nyepeng Urim jeung Tumim.

66(7:66-69) Jumlah lobana anu marulang ti pangbuangan aya 42.360 jelema. Gandek-gandek lalaki jeung awewe aya 7.337 jelema. Para pamaen musik lalaki jeung awewe aya 245 jelema. Kuda 736; Bigal 245; Onta 435; Kalde 6.720.

67(7:66)

68(7:66)

69(7:66)

70(7:70-72) Barang-barang sumbangan pikeun ongkos ngomean Bait Allah: Ti gupernur: emas 8 kilo, pinggan paranti upacara 50, jubah imam 530; Ti kapala-kapala warga: emas 168 kilo, perak 1.250 kilo; Ti dulur-dulur lianna: emas 168 kilo, perak 140 kilo, jubah imam 67.

71(7:70)

72(7:70)

73Imam-imam, urang Lewi, tukang-tukang jaga Bait Allah, para pamaen musik, sajumlah rahayat biasa, kuli-kuli Bait Allah — kabeh bangsa Israil — caricingna di desa jeung di dayeuh di tanah Yuda.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel