Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Nehemia 9 >> 

1(9:1-2) Dina tanggal dua puluh opat bulan eta keneh, urang Israil kumpul, arek paruasa nyirikeun kaduhung ku dosa-dosana. Masing-masing geus nyegah maneh tina campur jeung bangsa batur. Mararake karung, nareundeun lebu dina sirah, ciri prihatin. Deg narangtung, rek ngakukeun dosana jeung dosa karuhunna.

2(9:1)

3Tuluy dipangmacakeun Hukum PANGERAN Allahna kurang leuwih tilu jam lilana, dituluykeun ku ngakukeun dosa-dosa sarta ngabakti ka PANGERAN Allahna, tilu jam deui lilana.

4Di dinya aya panggung, dieusi ku urang Lewi nya eta: Yesua, Bani, Kadmiel, Sebanya, Buni, Serebya, Bani jeung Kenani, narangtung neneda ka PANGERAN Allahna, sorana ditarikkeun.

5Yesua, Kadmiel, Bani, Hasabneya, Serebya, Hodia, Sebanya jeung Petahya, urang Lewi, ngayakeun uaran nyambat sembahyang, kieu nyambatna, "Geura narangtung, puji PANGERAN Allah panutan; mulyakeun salalanggengna. Puji jenengana-Na nu mulya, ku saban jalma, najan puji ti manusa kurang hargana."

6Breng urang Israil ngunjukkeun paneda, kieu, "Nun PANGERAN, mung Gusti anu jumeneng PANGERAN. Gusti nu ngadamel sakuliah antariksa, nu ngadamel bentang-bentang, Gusti ngadamel daratan, lautan saeusina, ngahirupan saniskara. Sadaya kakuatan langit ka Gusti sujud sumembah.

7Nun GUSTI Allah, Gusti milih Abram, dicandak kaluar ti tanah Ur di Babul, namina digentos jadi Ibrahim.

8Kauninga, anjeunna ka Gusti satia, Gusti ngadamel perjangjian sareng anjeunna. Gusti ngajangji, anjeunna bade dileler tanah urang Kanaan, tanah urang Het, tanah urang Emor, tanah urang Pares, tanah urang Yebus, tanah urang Girgas, baris jadi banjar karang pangancikan turunanana. Gusti ngabuktoskeun jangji kawantu Gusti teh tigin.

9Karuhun abdi sangsara waktos di Mesir, Gusti waspaos. Gusti ngadangu panyambatna di Laut Beureum.

10Gusti ngeunakeun mujijat-mujijat ka raja Mesir, ka para gegedenna, ka rahayatna, reh Gusti uninga umat Gusti ku eta dikaniaya. Gusti jadi kamashur dugi ka kiwari.

11Gusti ngadamel jalan di dasar laut, umat dituyun nyorang taneuh anu tuhur. Nu ngarudagna mah tilelep di dinya, lir batu ngalelep di laut anu keur motah.

12Umat ku Gusti diraksa di jalanna, siang ditungtun ku mega, wengi dicaangan ku tihang seuneu.

13Di Gunung Sinai, Gusti lungsur ti sawarga, ka umat ngandika, maparin papakon sareng pangajaran-pangajaran sae.

14Maranehna diwulang kedah kukuh kana Sabat Gusti, sareng ku perantaraan Musa, ku Gusti dipaparin papakon-papakon.

15Ana maranehna lapar, dipaparin roti ti sawarga. Ana maranehna hanaang, dipaparin cai ngagolontor tina cadas. Ku Gusti ditimbalan asup ka tanah anu dijangji ku Gusti.

16Nanging karuhun anggur adigung sareng bantahan, henteu narurut kana timbalan.

17Maranehna embung tunduk, lali ka pitulung Gusti lali kana mujijat-mujijat Gusti. Nalika keur arangkuhna, maranehna milih kapala, sina nungtun wangsul deui ka Mesir, ka urutna kumawula. Nanging Gusti, Allah lautan hampura, sipat murah pinuh ku kanyaah, tara enggal-enggal amarah. Welas asih langkung-langkung, ka maranehna teu kersa ngantun.

18Maranehna nyieun arca, rupi sasapian, diangkenna eta teh allah anu nuyun maranehna ti Mesir. Sakitu ngahinana eta teh ka Gusti, nun PANGERAN!

19Najan kitu basa keur aya di gurun, ku Gusti teu dikantunkeun, reh Gusti mah sipat welas. Mega sareng tihang seuneu tea, ku Gusti teu dicandak sirna, tetep nuduhan jalanna, siangna sareng wengina.

20Gusti anu mulya manah, nuduhan kedah kumaha. Maparin manna keur tedaeunana, maparin cai keur ngarinumna.

21Di gurun keusik opat puluh taun lamina, dicekapan sugri kaperluanana. Pakeanana tara dugi ka rajet dampal sukuna teu dugi ka marelepuh.

22Dina perang ngayonan bangsa-bangsa, ngarebut karajaan-karajaan sareng tanah-tanah sabudeureunana, ku Gusti dipaparin kaunggulan. Maranehna ngarebut tanah Hesbon, anu digeugeuh ku Sihon. Ngarebut tanah Basan, anu ku Og dirajaan.

23Dipaparin seueur turunan, lir bentang di langit tanpa wilangan. Diancikkeun dina tanah beunangna ngarebut, tanah nu ku Gusti dijangjikeun ka karuhunna.

24Maranehna ngarebut tanah Kanaan, jalmi-jalmi urang dinya ku Gusti kasoran. Umat Gusti dipaparin kawasa, tiasa samemena ka urang Kanaan sareng ka raja-rajana.

25Umat Gusti ngarebut kota-kota anu dibenteng, ngarebut tanah-tanah anu salubur, imah-imah nu pinuh ku harta banda, ngarebut bendungan-bendungan, tangkal-tangkal jetun, tangkal-tangkal bubuahan, kebon-kebon anggur. Sagala pangabeukina kasorang, awakna lalingsig, ku Gusti dipaparin rupi-rupi kasenangan.

26Nanging eta umat Gusti teh barontak, ka Gusti ngalawan. Hukum Gusti ditukangan. Nabi-nabi nu ngemutan, nu ngajak tobat ka Gusti, diparaehan. Salamina eta teh ngahina bae ka Gusti.

27Kitu nu mawi ku Gusti diselehkeun ka musuhna, dijajah ku musuh-musuhna. Sabot sangsara mah sasambat neda pitulung ka Gusti. Panyambatna ku Gusti didangu ti sawarga. Gusti anu maha welas, maparin para pamingpin, anu ngaleupaskeun maranehna ti musuh-musuhna.

28Nanging ari parantos salamet mah prak deui ngadamel dosa. Ku Gusti diselehkeun deui ka musuhna. Nanging ana tararobat, tur nyuhunkeun dirahayukeun, ku Gusti ti sawarga tara teu didangu, ku Gusti dijait, bawaning ku mikawelas.

29Ku Gusti dipepelingan, kedah tumut kana timbalan-timbalan. Nanging kalah ka adigung, papakon-papakon Gusti ditolak. Padahal tumut kana Hukum Gusti teh matak rahayu jamuga hirup. Ari maranehna mah nolak, kawantu adatna bedegong, wangkelang.

30Ti taun ka taun Gusti teu weleh nyabaran, teu weleh ngelingan. Gusti maparin ilham ka nabi-nabi, sina maparin wawadi. Nanging nu diwawadian anggur notorekkeun maneh, nu mawi ku Gusti diselehkeun ka bangsa-bangsa lian.

31Nanging piwelas Gusti teu aya watesna, maranehna teu dikantunkeun, teu dimusnakeun. Gusti teh Allah anu sipat murah sipat welas.

32Nun Allah, nun Panutan, Gusti sakalangkung agung! Langkung pikagimireun, langkung kawasa! Nanging satia kana sagala jangji. Abdi-abdi ti jaman digencet ku raja-raja Asur, dugi ka ayeuna langkung-langkung nya sangsara! Raja-raja abdi, para kapala, para imam, nabi-nabi, para karuhun, dulur-dulur sadayana, ngarandapan sangsara. Mugi kaemut, abdi-abdi sakieu sangsarana!

33Mugi ngahukum abdi-abdi kalayan adilna. Sanajan abdi-abdi parantos dosa, Gusti mah tetep satia.

34Karuhun-karuhun abdi, raja-raja, para imam, para kapala, teu narohonan Hukum Gusti. Henteu ngagarugu kana timbalan sareng pangeling-ngeling ti Gusti.

35Gusti ngaberkahan raja-raja nu marentah ka umat Gusti, di tanah anu nya lega nya subur. Nanging maranehna teu daraek eling tina dosana, ka Gusti henteu ngabakti.

36Ayeuna abdi sadaya, di tanah sorangan jadi badega, nya di tanah anu sakieu suburna, paparin ti Gusti tea.

37Hasil bumi asupna ka raja-raja, anu ku Gusti diwenangkeun ngajajah abdi sadaya, dumeh abdi-abdi gaduh dosa. Kalakuan raja-raja ka abdi-abdi sareng ka ingon-ingon kacida sakama-kamana, bati nalangsa kabina-bina!"

38Ku lantaran eta sagala perkara, urang teh urang Israil, ayeuna nyieun ieu ikrar, tur ditulis jeung ditanda ku para pamingpin, ku urang Lewi, jeung ku para imam.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Nehemia 9 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel