Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Rut 3 >> 

1Hiji poe Naomi nyarita ka Rut, "Nyai teh alusna mah boga deui salaki, imah-imah sorangan. Keun ku Ema dipangneangankeun.

2Ras Ema teh ka Boas, baraya urang, anu humana tempat Nyai mulungan tea. Engke peuting tangtu Boas ka huma rek ngirik.

3Ayeuna Nyai mandi sing bararesih, dangdan ku nu pangalusna, make seuseungitan saeutik mah. Engke peuting tepungan ka ditu ka pangirikan. Tapi ulah waka nembongan samemeh bada tuang.

4Di mana anjeunna geus ampih-ampih rek sare, ilik di mana sarena. Mun geus tibra singkabkeun simbutna, Nyai ngedeng tunjangeunana. Engke ku anjeunna tangtu Nyai dibejaan kudu kumaha."

5Jawab Rut, "Mangga, kumaha saur Ema bae."

6Rut geus indit ka pangirikan di huma, nedunan pituduh mitoha.

7Ari Boas, bada dahar hatena ngarasa senang tur lugina, terus reup bae sare, ngagoler dina tumpukan gandum. Rut nyulumun rerencepan nyingkabkeun simbut Boas, dug milu ngagoler di tunjangeunana.

8Tengah peuting Boas lilir. Ari hudang kaget bet aya awewe milu ngedeng.

9"Saha ieu?" saurna. Rut ngawalon, "Abdi Rut, Juragan. Saur pun biang, Juragan teh baraya landes anu kedah nanggel abdi. Abdi sumeja masrahkeun diri."

10Ari saur Boas, "Muga Nyai mendak berkahna PANGERAN. Nyai sakitu pengkuhna nyekel kabarayaan. Tina omongan Nyai bieu beuki tetela ti batan nu enggeus-enggeus, kumaha kasatiaan Nyai ka baraya. Buktina Nyai henteu milih nu lian nu ngora keneh, anu beunghar atawa anu miskin.

11Rut ulah salempang. Saha di lembur ieu anu teu nyaho yen Nyai awewe bageur. Keun ku Bapa diuruskeun.

12Ari Bapa, enya ge baraya landes anu wajib nanggung Nyai, tapi aya keneh baraya nu leuwih landes.

13Keun ayeuna mah sare bae heula di dieu. Isukan isuk-isuk urang coba aya henteuna anu daekeun nanggung Nyai. Lamun aya, kacida hadena. Lamun teu aya, Bapa sumpah demi Allah Anu Jumeneng, nya Bapa anu baris nanggung Nyai. Pek ayeuna mah sare deui nepi ka isuk."

14Dug Rut ngedeng deui tunjangeun Boas. Subuh-subuh keneh pisan memeh aya nu nangenan geus hudang, sabab saur Boas ulah aya nu nyahoeun.

15Saur Boas deui, "Laan harudum Nyai, amparkeun." Bar diamparkeun, bro dieusian gandum kira-kira dua puluh lima kilo. Ret dibeungkeut tuluy disuhun, dipangjungjungkeun ku Boas, terus balik ka lembur.

16Sadatangna mitohana nanya, "Kumaha bejana, Nyai?" Pok Rut cacarita perkara dirina jeung Boas.

17Omongna deui, "Saurna, abdi teh ulah wangsul lengoh, nya dipaparin ieu gandum."

18Ceuk Naomi, "Sabar-sabar bae heula Nyai, dagoan buktina engke. Tangtu Boas oge poe ieu teh moal eureun-eureun ngihtiaran nepi ka beres."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Rut 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel