Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 11 >> 

1"Mana kudu nyaraah ka PANGERAN. Salawasna kudu narurut kana sagala papakon-Na.

2Sing aringet ayeuna naon-naon anu geus kanyahoan ku maraneh perkara PANGERAN tina nu geus kaalaman ku maraneh. Anak-anak maraneh mah teu ngalaman hal-hal cara kitu. Maraneh anu geus narenjo kapunjulan PANGERAN, anu narenjo kakawasaana-Na, kadigjayaana-Na, jeung sagala mujijat-Na.

3Maraneh anu narenjo dikumahakeun raja Mesir jeung sakuliah nagarana ku Mantenna.

4Maraneh anu narenjo kumaha dimusnakeunana balad Mesir anu ngudag ka maraneh, ku PANGERAN dilelepkeun kabeh di Laut Beureum katut pasukan kuda jeung kareta-karetana.

5Maraneh anu geus ngarasa kumaha pitulung Mantenna di gurun, samemeh maraneh nepi ka dieu.

6Kitu deui anu dipidamel ku Mantenna ka Datan jeung Abiram anakna Eliab urang Rubin. Kapan katenjo ku sarerea eta dua jelema teh dilegleg ku bumi anu ngadadak beulah, dicapluk jeung sakulawargana katut jalma-jalma anu bariluk, katut jeung ingon-ingonna.

7Maraneh, nya maraneh anu narenjo eta kajadian-kajadian dadamelan PANGERAN anu sakitu harebatna teh."

8"Anu matak estokeun ieu papakon-papakon Mantenna anu ku Bapa keur diwurukkeun. Lamun kitu maraneh bisa terus meuntas ngarebut tanah anu keur dijugjug ayeuna.

9Sarta engke bisa tetep renggenek di tanah anu kacida gemah ripahna, anu dijangjikeun ku PANGERAN yen bakal dipaparinkeun ka karuhun maraneh turun-tumurun.

10Eta tanah anu rek direbut teh jauh pisan bedana ti tanah Mesir urut maraneh bareto. Di Mesir mah maraneh rek pepelakan teh kudu hese cape heula, kudu ngatur heula picaieunana.

11Sabalikna tanah anu rek direbut mah loba gunungna loba lebakna, tanahna riduh ku hujan.

12Eta mah tanah sataun-sataunna teh dijaga jeung ditalingakeun ku PANGERAN Allah maraneh.

13Mana kudu sing narurut kana timbalan-timbalan Mantenna anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna. Sing nyaraah ka PANGERAN Allah maraneh teh, sing saruhud kumawula ka Mantenna.

14Lamun kitu, lahan-lahan maraneh teh engke ku PANGERAN disiram ku hujan dina musimna, sanggeus maraneh panen, jeung dina waktu mimiti melak. Maraneh bakal cukup gandum, anggur jeung minyak jetun.

15Jukut keur sapi moal kurang, jeung sagala dahareun aya.

16Jadi poma ulah nepi ka ingkar ti PANGERAN tuluy nyembah ka allah-allah sejen.

17Lamun lampah maraneh kitu geus tangtu PANGERAN bendu. Mantenna moal nurunkeun hujan; tanah maraneh jadi garing moal ngabijilkeun hasil. Maraneh geus tangtu tereh maraot, sanajan eta tanah paparin ti Mantenna teh kacida alusna.

18Aringetkeun ieu papakon-papakon teh, pupusti. Cangreudkeun dina leungeun, sangsangkeun dina tarang, supaya teu weleh inget.

19Wurukkeun ka barudak, jeung kudu dipagunemkeun, keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur barang gawe.

20Tuliskeun dina tihang panto, di imah jeung di lawang buruan.

21Lamun kitu maraneh saanak-anak bakal tumuluy saumur-umur nya matuh di tanah anu ku PANGERAN geus dijangjikeun ajang karuhun maraneh, bakal tetep renggenek di dinya sapanjang langit ngauban bumi.

22Sing saruhud nya ngestokeun sagala papakon anu diwurukkeun ku Bapa, nya eta: Nyaah ka PANGERAN Allah maraneh, ngalakonan sagala timbalana-Na jeung satia ka Mantenna.

23Engke ari maraneh geus maju, bangsa-bangsa di ditu anu leuwih gede jeung leuwih kuat ti maraneh, ku PANGERAN bakal disingkirkeun kabeh, nepi ka tanah urutna bisa dicokot ku maraneh.

24Tanah mana bae anu katincak ku dampal suku maraneh bakal jadi milik. Pilegaeunana wewengkon maraneh ti kidul ti semet gurun keusik, kebat ka kaler nepi ka Pagunungan Libanon, ti wetan ti semet Walungan Eprat kebat ka kulon nepi ka basisir Laut Tengah.

25Ka mana bae maneh ngajugjug di eta tanah, pribumina ku PANGERAN bakal disina sarieuneun. Kitu jangji Mantenna. Moal aya anu bisa ngahalang-halang ka maraneh.

26Ayeuna Bapa rek mere piliheun, piberkaheun atawa panyapa.

27Nu piberkaheun, nya eta lamun maraneh ngestokeun timbalan-timbalan PANGERAN Allah maraneh anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna.

28Anu panyapa nya eta lamun maraneh ingkar tina ieu papakon sarta nyembah ka allah-allah sejen anu tadina maraneh can nyaho-nyaho acan.

29Engke lamun maraneh ku PANGERAN geus diasupkeun ka tanah anu rek direbut tea, anu bakal piberkaheun dijalankeunana kudu di Gunung Gerisim, anu bakal jadi panyapa kudu di Gunung Ebal.

30(Ieu gunung duanana aya di peuntas kulon Walungan Yordan, di wewengkon urang Kanaan anu maratuh di Lebak Walungan Yordan. Pernahna ngujur ka kulon, teu jauh ti sapasang tangkal di More, deukeut kota Gilgal.)

31Moal lila deui maraneh bakal meuntasan Walungan Yordan, bakal ngarebut tanah anu ku PANGERAN bakal dipaparinkeun.

32Lamun maraneh enggeus maratuh di ditu, peupeujeuh ieu papakon-papakon anu ayeuna diwurukkeun ku Bapa teh arestokeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 11 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel