Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 27 >> 

1Geus kitu Musa jeung para pamingpin Israil misaur ka jalma rea, kieu, "Ayeuna raregepkeun ieu papatah Bapa:

2Engke, dina poean meuntasan Walungan Yordan baris terus asup ka tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah maraneh, kudu ngumpulkeun batu anu galede, baluran ku apu.

3Kabeh ungel hukum Allah jeung pikukuh-pikukuh tea tuliskeun di dinya. Lamun geus narepi ka eta tanah anu makmur, anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah karuhun maraneh,

4sanggeus araya di peuntaseun Walungan Yordan beulah ditu, maraneh kudu ngajugjug Gunung Ebal. Eta batu-batu teh tangtung-tangtungkeun di ditu, sarta baluran ku apu.

5Jeung deui kudu nyieun hiji altar tina batu-batu anu can dipigawe make pakakas beusi,

6sabab altar haturan PANGERAN mah kudu batu-batu weuteuh guluntungan. Dina eta altar maraneh kudu nyanggakeun kurban-kurban anu kudu dibeuleum.

7Jeung kudu meuncit kurban-kurban pikeun panarima, didalahar di tempat eta, payuneun PANGERAN, nandakeun kabungah.

8Tuliskeun ungel hukum-hukum PANGERAN dina batu-batu anu beunang ngabaluran ku apu tea."

9Geus kitu Musa jeung imam-imam urang Lewi ngalahir deui, "Regepkeun, eh sakumna bangsa Israil! Poe ieu maraneh geus jadi umat kagungan PANGERAN Allah maraneh.

10Sing gumati ka Mantenna, gumatikeun sagala pikukuh Mantenna anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu."

11Ngalahir deui Musa ka urang Israil,

12"Di ditu, sanggeus meuntasan Walungan Yordan, waktuna jalma-jalma diberkahan, kaom Simeon, kaom Lewi, kaom Yuda, kaom Isaskar, kaom Yusup, jeung kaom Binyamin, kudu narangtung di Gunung Gerisim.

13Kaom Rubin, kaom Gad, kaom Aser, kaom Sebulun, kaom Dan, jeung kaom Naptali, kudu narangtung di Gunung Ebal.

14Urang Lewi kudu ngucapkeun ieu embaran sing bedas, sarta urang Israil kudu ngajawab, ‘Amin’.

15Urang Lewi, ‘Sing disapa ku Allah, jelema anu nyieun arca ku batu, kayu, atawa ku logam, seug disembah susulumputan. PANGERAN mikagiruk ka nu nyembah ka brahala.’ Jalma rea kudu ngajawab, ‘Amin!’

16‘Sing disapa ku Allah, jelema anu teu hormat ka bapa atawa ka indung, sarta ngantep maranehna kalantar.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

17‘Sing disapa ku Allah, jelema anu mindahkeun patok wates lahan batur.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

18‘Sing disapa ku Allah, jelema anu ngalejokeun nu lolong sina sasab.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

19‘Sing disapa ku Allah, jelema anu ngarampas hak jalma ngumbara, hak para pahatu, jeung hak randa-randa.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

20‘Sing disapa ku Allah, jelema anu kurang ajar ka bapa, manjingan salah saurang pamajikan bapana.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

21‘Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan sato.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

22‘Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan dulur teges atawa dulur tere.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

23‘Sing disapa ku Allah, jelema anu manjingan mitoha awewe.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

24‘Sing disapa ku Allah, jelema anu bubunian maehan.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

25‘Sing disapa ku Allah, jelema anu daek disogok maehan nu tanpa dosa.’ Umat sakumna, ‘Amin!’

26‘Sing disapa ku Allah, jelema anu ingkar tina pikukuh jeung papakon Allah.’ Umat sakumna, ‘Amin!’"


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 27 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel