Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 3 >> 

1"Ti dinya urang terus ngaler ka wewengkon Basan. Raja Og sabaladna budal rek merangan urang deukeut Edrei.

2Tapi aya timbalan PANGERAN ka Bapa, dawuhana-Na, ‘Ulah sieun. Eta raja sabalad-balad, kitu deui sakuliah karajaanana ku Kami rek diserenkeun ka maneh. Jieun cara ka Sihon raja urang Emor di Hesbon.’

3Raja Og sarahayatna ku PANGERAN diselehkeun ka urang, kabeh ditumpes ku urang,

4sarta harita keneh kota-kotana ku urang kabeh direbut taya nu kari. Aya genep puluh kota, tegesna sakuliah Argob, tempat ngarajaanana Og raja urang Basan.

5Kota-kotana dikuatan ku kuta-kuta anu laluhur, make panto-panto jeung tutulak paranti nulakan.

6Kabeh ku urang digempur, pangeusina lalaki, awewe, barudak, paraeh ditumpes, kawas kota-kota bogana Raja Sihon di Hesbon.

7Ingon-ingonna geus boga urang, kota-kotana terus dirayah.

8Kitu harita urang ngarebut eta tanah ti dua raja urang Emor, mimiti ti peuntas wetan Walungan Yordan, ti semet Walungan Arnon nepi ka Gunung Hermon.

9(Ceuk urang Sidon mah Gunung Hermon teh Siryon. Ari ceuk urang Emor mah Senir.)

10Kota-kotana di dataran luhur, wewengkon Gilad jeung Basan, terus ngetan nepi ka Salka jeung Edrei bogana Og raja urang Basan, kabeh dibeunangkeun ku urang."

11(Raja Og teh turunan Repaim anu pameakan. Tambelana aya keneh nepi ka ayeuna di kota Raba di Amon, tina batu. Ukuranana nurutkeun ukuran anu geus tangtu, panjangna opat meter, rubakna meh dua meter.)

12"Sanggeus eta tanah kacangking ku urang, wewengkon di kalereun Arur deukeut Walungan Arnon, jeung sabagian wilayah Pagunungan Gilad katut desa-desana, ku Bapa dibikeun ka kaom Rubin jeung kaom Gad.

13Gilad sasesana jeung Basan tempat Og ngarajaan, tegesna sakuliah Argob, dibikeun ka saparo kaom Menase." (Ari Basan katelahna mah tanah Repaim.

14Wewengkon Argob sakuliahna, nya eta Basan terus nepi ka wates tanah Gesur jeung Maaka, dicokot ku Yair urang kaom Menase. Desa-desana dingaranan ku ngaranna sorangan, katelahna desa-desa Yair nepi ka ayeuna.)

15"Gilad ku Bapa dibikeun ka warga Mahir ti kaom Menase.

16Kaom Rubin jeung kaom Gad ku Bapa dibere wewengkon ti semet wates Gilad nepi ka Walungan Arnon, watesna ti kidul tengah-tengah eta walungan, di kaler Walungan Yabok, anu sabagian jadi wates tanah urang Amon.

17Di beulah kulon wewengkonna ngamparna nepi ka Walungan Yordan, ti semet Talaga Galilea beulah kalerna, terus mudun ka kidul nepi ka Laut Paeh, mengkol ngetan nepi ka suku Gunung Pisga.

18Ceuk Bapa harita ka maranehna kieu, ‘Maraneh ku Gusti PANGERAN geus dipaparin ieu tanah wetaneun Walungan Yordan, cicinganeun. Ayeuna, jalma-jalma maraneh anu garagah inditkeun ti heula ka peuntaseun Walungan Yordan, ngabantu kaom-kaom Israil sejenna mangrebutkeun tanah milikna.

19Anu meunang tinggal di tempat-tempat anu ku Bapa geus dibikeun ka maraneh ngan pamajikan, anak, jeung ingon-ingon. Bapa nyaho, ingon-ingon maraneh kacida lobana.

20Tulungan sasama maraneh urang Israil, supaya bisa nyaricingan tanah milikna paparin PANGERAN, anu ayana di peuntas kulon Walungan Yordan, nepi ka maranehna oge dipaparin kagenahan ku PANGERAN, cara maraneh ayeuna di dieu. Geus beres mah pek rek baralik ge ka dieu, da ieu teh ku Bapa geus dibikeun ka maraneh.’

21Geus kitu Bapa marentah kieu ka Yosua, ‘Hidep geus nyaksian petaning PANGERAN Allah hidep ka Raja Sihon jeung Raja Og. Nya kitu keneh deuih ka sing saha bae anu tanahna baris dirurug ku hidep engke.

22Hidep teu kudu sieun ku maranehna, sabab bakal dipangmerangankeun ku PANGERAN Allah hidep.’"

23"Harita Bapa neneda, sasambat kieu,

24‘Nun PANGERAN Nu Maha Agung, abdi terang yen sugri kajadian anu rohaka sareng araheng, anu ku Gusti parantos dipintonkeun ka abdi teh sayaktosna nembe awitna. Di langit sareng di bumi, teu aya allah anu tiasa ngayakeun perkawis anu aragung kitu, sapertos anu dipidamel ku Gusti!

25Mugi abdi widian meuntasan Walungan Yordan, nun PANGERAN, widian ningal eta tanah anu gemah raharja anu aya di peuntas ditu, widian ningal eta nagara pagunungan anu asri, kitu deui Gunung Libanon.’

26Tapi ku lantaran tingkah maraneh, PANGERAN bendu ka Bapa, paneda panyambat Bapa henteu dikabul. Malah ngadawuh kieu, ‘Geus, ulah ngutik-ngutik deui sual eta!

27Geura unggah ka puncak Gunung Pisga, pek alak-ilik ka kaler, ka kidul, ka wetan, ka kulon. Rarasakeun, serepkeun sakur nu katembong. Sabab maneh hamo nepi ka meuntasan Walungan Yordan.

28Yosua pakihikeun, pengkuhkeun hatena sarta kuatkeun tekadna, sabab manehna kudu meuntaskeun eta jelema-jelema nepi ka bisa majik di eta tanah anu ku maneh katenjo ti dinya, ti kajauhan.’

29Ku hal eta urang teh jadi kacandet di lebak anu nyanghareup ka Bet Peor."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 3 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel