Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 34 >> 

1Ti dinya Musa angkat, ti padataran Moab nanjak ka Gunung Nebo, unggah ka puncak Gunung Pisga wetaneun Yeriho. Ti belah dinya, sakuliah tanah tea ku PANGERAN ditembongkeun ka anjeunna, nya eta wewengkon tanah Gilad anu terus ka kaler nepi ka kota Dan;

2sakuliah wewengkon Naptali; wewengkon Epraim jeung wewengkon Menase; wewengkon Yuda anu terus ka kulon nepi ka basisir Laut Tengah;

3bagian pakidulan Yuda; kitu deui tanah lempar ti semet Soar nepi ka Yeriho, dayeuh anu pinuh ku tangkal korma.

4Ngandika PANGERAN ka Musa, "Tah eta tanah anu dijangjikeun ku Kami teh, anu diikrarkeun ka Ibrahim, Ishak, jeung Yakub, ajang turunan-turunanana. Eta ku Kami ditembongkeun ka maneh, tapi Kami moal ngidinan maneh ka ditu."

5Sanggeus kitu Musa abdi PANGERAN puput nyawa di tanah Moab, sakumaha anu geus ditimbalkeun ku PANGERAN.

6Ku PANGERAN dikurebkeun di hiji lebak di tanah Moab, palebah dayeuh Bet Peor. Tapi nepi ka kiwari ge pajaratanana mah taya anu terangeun.

7Musa pupus dina yuswa saratus dua puluh taun, salirana cangker keneh, socana awas keneh.

8Meunang tilu puluh poe anjeunna dicaleungceurikan ku sakumna bangsa Israil di tanah datar Moab.

9Ari Yosua putra Nun, gaganti Musa, binangkit sarta binekas, sabab ku Musa geus diberkahan. Urang Israil narurut ka Yosua. Sagala papakon PANGERAN anu diwurukkeun ku Musa tea diarestokeun.

10Di Israil tacan aya nabi anu saperti Musa, anu dicandak sasauran papayun-payun ku PANGERAN.

11Taya deui nabi anu ku PANGERAN dipaparin kawasa ngayakeun mujijat-mujijat jeung kaahengan-kaahengan, saperti anu diterapkeun ku Musa ka raja Mesir katut para gegedenna jeung ka sakuliah nagarana.

12Taya deui nabi anu bisa ngayakeun kajadian-kajadian anu sakitu hebatna, saperti anu dijalankeun ku Musa kalawan kasaksian ku urang Israil.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 34 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel