Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 4 >> 

1Geus kitu Musa misaur ka eta jelema-jelema, saurna, "Turutkeun sakabeh papakon anu ku Bapa diwurukkeun ka maraneh, tangtu maraneh bakal maratuh di tanah anu rek dipaparinkeun ku PANGERAN Allah karuhun maraneh.

2Lampahkeun parentah Bapa, ulah dileuwihan ulah dikurangan. Lampahkeun sakabeh timbalan PANGERAN Allah maraneh anu ku Bapa geus diwurukkeun.

3Maraneh narenjo sorangan, naon anu geus dipidamel ku PANGERAN di Gunung Peor. Kapan sakur anu nyarembah ka Baal mah kabeh oge ku Mantenna disina tariwas.

4Sabalikna anu tetep suhud ka PANGERAN Allah maraneh mah geuning harirup tepi ka ayeuna.

5Sakabeh papakon ku Bapa geus diwurukkeun ka maraneh, tumut sakumaha timbalan PANGERAN, Allah panutan Bapa. Lampahkeun engke di ditu, di tanah anu engke bakal diteang, nu bakal dicaricingan.

6Lampahkeun sing enya-enya, malar kanyahoan ku bangsa-bangsa sejen yen maraneh teh bangsa anu pinter jeung binangkit. Supaya ana maranehna ngadarenge eta papakon-papakon teh ngucap, ‘Ieu bangsa, keur gede teh nya pinter nya wijaksana!’

7Bangsa sejen, sakumaha gedena ge euweuh anu boga allah anu parek raketna ka umat cara parek raketna PANGERAN Allah urang ka urang. Iraha bae ku urang disambat pitulung-Na, harita keneh ngawaler.

8Bangsa sejen, sakumaha gedena ge euweuh anu bogaeun undang-undang anu adilna cara undang-undang anu poe ieu diwurukkeun ku Bapa ka maraneh.

9Mana sing ati-ati, jaga, sangkan saumur-umur maraneh henteu nepi ka mopohokeun sakur anu geus kasaksi ku panon sorangan. Caritakeun ka anak incu,

10hal maraneh dina poean narangtung di payuneun PANGERAN Allah maraneh di Gunung Sinai, waktu Mantenna nimbalan ka Bapa, ‘Kumpulkeun jalma-jalma, sina ngadarengekeun pangandika anu baris diandikakeun ku Kami, sangkan dialajar nurut ka Kami saumur hirupna, jeung sangkan ngadidik anak-anakna sina diajar sieun ku Kami.’

11Caritakeun ka anak maraneh, yen basa maraneh marek di suku eta gunung, gunungna poek ku haseup, kabulen ku mega kandel jeung ngagedur ku seuneu anu muntab-muntab ka langit.

12Sarta PANGERAN ngandika ka maraneh ti jero seuneu. Gentra-Na kadenge ku maraneh, tapi Mantenna ku maraneh teu katenjo, teu ngawujud naon-naon.

13Mantenna nimbalan ka maraneh, sangkan maraneh nyekel kana perjangjian Mantenna, nya eta ngalampahkeun Sapuluh Timbalan anu ku Mantenna diseratkeun dina dua papan batu.

14Ari Bapa ku PANGERAN ditimbalan mapatahkeun eta papakon-papakon, lampahkeuneun maraneh engke ari geus maratuh di tanah anu ayeuna eukeur dijugjug."

15"Waktu PANGERAN di Gunung Sinai nimbalan ti jero seuneu tea, wujud-Na henteu katembong. Keur pihadeeun maraneh sorangan, kahade

16ulah nyarieun pidosaeun, ulah nyarieun arca sembaheun diri sorangan dina rupa naon bae, boh arca jalma lalaki atawa awewe,

17boh tironan sato atawa manuk,

18sato ngarayap atawa lauk.

19Jeung ulah kagembang nyembah ngabakti ka anu katembong di langit, kayaning panonpoe, bulan jeung bentang-bentang. Nu karitu mah ku PANGERAN geus diajangkeun keur sembaheun bangsa-bangsa sejen.

20Maraneh mah kapan beunang Mantenna ngarebut ti Mesir, ditarik ti jero tungku anu marong, dicandak ti dinya tuluy dijadikeun umat-Na, sakumaha buktina ayeuna.

21Orokaya Bapa mah ku PANGERAN Allah maraneh teh dibenduan, lantaran tingkah maraneh. Mantenna nepi ka sumpah hamo ngidinan Bapa meuntasan Walungan Yordan, hamo ngidinan Bapa asup ka eta tanah anu gemah raharja, anu bakal dipaparinkeun ka maraneh.

22Bapa kudu ajal di dieu, moal nepi ka meuntasan eta walungan. Sabalikna maraneh mah bakal mareuntas, bakal arasup ka eta tanah anu mukti.

23Ku sabab kitu peupeujeuh ulah nepi ka mopohokeun perjangjian anu geus ditetepkeun ku PANGERAN Allah maraneh, lampahkeuneun maraneh. Gumatikeun sagala papakonna. Ulah nyarieun arca keur sesembahan dina rupa naon bae.

24Sabab PANGERAN Allah maraneh teh lir seuneu anu bakal ngalebur, teu aya ampunna ka sakur nu jadi lawanna.

25Sanajan upama maraneh geus lila hirup di ditu nepi ka reuay anak incu, kade ulah nyieun dosa, nyieun arca wujud naon bae keur sembaheun maraneh. Lampah kitu teh jahat dina soca PANGERAN, Allah maraneh.

26Mugia langit jeung bumi poe ieu jadi saksi, yen lamun maraneh teu narurut ka anu dipapatahkeun ku Bapa, tan wande maraneh gancang musna ti eta tanah peuntaseun Walungan Yordan. Maraneh moal lila-lila harirup di ditu. Geus tangtu maraneh engke ditumpurkeun sama sakali.

27Bakal dipabalencarkeun ka bangsa-bangsa sejen, paraeh di tanah batur, nu hirup kari saeutik.

28Di tanah batur mah maraneh kudu ngabarakti ka allah-allah sejen, jijieunan jelema keneh tina kayu, tina batu, allah nu taya kabisa, teu bisaeun nenjo, teu bisaeun ngadenge, teu bisaeun nyatu, teu bisaeun ngambeu.

29Heug maraneh bakal nareangan PANGERAN Allah maraneh sorangan, geus tangtu bakal kapanggih. Kitu soteh lamun enya-enya nareangan.

30Samangsa maraneh kasusahan nandangan rupa-rupa kasangsaraan, heug bae marulang deui ka PANGERAN, aranut deui ka Mantenna.

31Mantenna ge moal nilarkeun deui, moal nyiksa deui, da Mantenna teh Allah anu sipat welas. Sarta Mantenna moal lali kana perjangjiana-Na anu diikrarkeun ka karuhun maraneh.

32Pek papay ka jaman baheula, jaman samemeh maraneh dijurukeun, ti jaman Allah mimiti ngajadikeun manusa di bumi. Pariksa ka sakuliah jagat, iraha aya jelema anu nenjo kajadian anu aragungna kawas kieu?

33Iraha aya jelema anu ngadenge gentra Allah ti jero seuneu tur harirup terus cara anu kaalaman ku maraneh?

34Iraha aya allah sejen anu ngajorag ngarebut hiji bangsa tina genggeman bangsa sejen terus dijadikeun umatna, cara anu dipidamel ku PANGERAN Allah maraneh ka maraneh di Mesir? Ku maraneh katenjo ku panon sorangan, kumaha Mantenna metakeun pangawasa jeung kadigjayaana-Na. Nyebarkeun pagebug, perang, ngadamel mujijat-mujijat, kaahengan-kaahengan, ngadamel perkara-perkara anu pikasieuneun.

35Pangna PANGERAN mintonkeun anu kitu ka maraneh teh supaya maraneh nyaho, yen anu jumeneng Allah teh ngan Mantenna, teu aya deui nu sejen.

36Maraneh ku Mantenna dibere ngadarenge gentra-Na ti sawarga, ngadawuhkeun parentah-parentah ka maraneh, jeung dibere narenjo seuneu-Na anu suci di ieu bumi, bari Mantenna nimbalan ti jero eta seuneu.

37Ku bawaning asih-Na ka karuhun maraneh, heug maraneh teh ku Mantenna dipilih, sarta Mantenna metakeun kakawasaana-Na ngaluarkeun maraneh ti Mesir.

38Saban maraneh maju, bangsa-bangsa anu leuwih gede jeung leuwih kuat ti batan maraneh ku Mantenna disingkir-singkirkeun, supaya maraneh bisa terus dicandak ka ditu, sarta tanah-tanah maranehna dipaparinkeun ka maraneh pikeun saterusna.

39Nu matak sing aringet ulah nepi ka paroho, yen PANGERAN teh anu jumeneng Allah di sawarga jeung di bumi. Taya deui Allah sejen.

40Lampahkeun sagala papakon Mantenna, anu poe ieu diwurukkeun ku Bapa. Lamun kitu, maraneh saanak incu tangtu jamuga, bakal tumuluy nya hirup di tanah anu ku PANGERAN Allah maraneh diajangkeun pikeun maraneh salalanggengna."

41Ti dinya Musa milih tilu kota di wetaneun Walungan Yordan,

42jadi kota suaka pikeun anu nyalametkeun diri lantaran teu kahaja geus maehan jelema nu lain musuhna. Anu boga dosana kudu lumpat ngadon nyalindung ka salah sahiji ti eta kota anu tilu. Lamun geus aya di dinya henteu meunang dibales dipaehan.

43Kota-kota anu kapilih, pikeun kaom Rubin kota Beser, pernahna di tanah gurun luhur, pikeun kaom Gad kota Ramot di wewengkon Gilad, pikeun kaom Menase kota Golan di wewengkon Basan.

44Ti dinya Musa ngawurukkeun papakon-papakon jeung aturan-aturan Allah ka urang Israil.

45(4:45-46) Diwurukkeunana sanggeus maranehna budal ti Mesir, di lebak wetaneun Walungan Yordan, anu nyanghareup ka Bet Peor. Eta wewengkon teh wewengkonna Raja Sihon, raja urang Emor anu ngarajaanana di Hesbon, anu geus dielehkeun ku Musa jeung urang Israil sabada budal ti Mesir.

46(4:45)

47Tanahna terus diandih, kitu deui tanah bogana Raja Og urang Basan, raja urang Emor keneh anu ngarajaan di wetaneun Walungan Yordan.

48Ieu wewengkon, ngamparna ti semet Arur di sisi Walungan Arnon terus ka kaler nepi ka Gunung Siryon, nya eta Gunung Hermon tea,

49kitu deui wewengkon wetaneun Walungan Yordan anu terus ka kidul ka Laut Paeh, terus nepi ka suku Gunung Pisga beulah wetan.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel