Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Ulangan 8 >> 

1"Ieu papakon-papakon anu ku Bapa diwurukkeun ayeuna gumatikeun, supaya maraneh harirup, ngalobaan, jeung laksana engke nya ngancik di tanah anu ku PANGERAN geus dijangjikeun ka karuhun pikeun maraneh.

2Sing aringet, PANGERAN Allah maraneh sakitu ngapingna, nuyun ngambah tanah gurun geus opat puluh taun ieu. Mantenna sok maparin kasukeran-kasukeran, mecak hate maraneh daraek henteuna anut kana sagala timbalana-Na.

3Maraneh disina kalempohan taya dahareun, geus kitu dipaparin manna. Eta kadaharan tacan aya anu enggeus ngadahar. Maraneh tacan, kolot-kolot maraneh tacan. Maksud Mantenna supaya maraneh nyaho yen anu nunjang hirup manusa teh lain ngan dahareun wungkul, saenyana mah saniskara anu ditimbalkeun ku PANGERAN.

4Di jero opat puluh taun ieu, pake maraneh teu datang ka butut, dampal suku teu datang ka maropog.

5Kanyahokeun, PANGERAN Allah maraneh meperihna ka maraneh teh lir bapa ngadidik anak.

6Mana oge lalampahkeun sagala timbalana-Na teh, tuturkeun sagala pikukuh-Na, jeung masing sieun ku Mantenna.

7Ayeuna maraneh ku PANGERAN Allah maraneh keur dicandak ka hiji tanah anu kacida suburna, walungan-walungan cur-cor, cinyusu pating burial, ti jero taneuh cai tinggolontor mapay lebak mipir pasir,

8tanahna pinuh ku gandum, jawawut, anggur, kondang, dalima, jetun, jeung madu,

9taya bahan kalaparan atawa kurang dahar. Gunung-gunung cadasna ngandung beusi, tambaga di pasir-pasir bisa diala.

10Sagala dahareun ge aya. Nu matak abong lamun teu nepi ka maruji sukur teh ka PANGERAN Allah maraneh, dumeh geus dipaparin tanah anu sakitu alusna."

11"Peupeujeuh, ulah nepi ka poho ka PANGERAN Allah maraneh. Peupeujeuh, ulah nepi ka ingkar tina sagala papakon anu ku Bapa diwurukkeun poe ieu.

12Mun enggeus loba hakaneun, enggeus baroga imah alus,

13enggeus loba boga sapi, domba, perak, emas, jeung sajaba ti eta,

14peupeujeuh ulah nepi ka ujub ria terus poho ka PANGERAN Allah maraneh anu ngajait ti Mesir, tempat maraneh diperbudak.

15Mantenna teh enggeus nuyun maraneh ngambah gurun anu nya lega nya pinuh ku nu matak paur, enggon oray nu maratih jeung kalajengking. Di tanah anu garing ngentak-ngentak teu aya cai, Mantenna ngabijilkeun cai tina batu cadas, supaya maraneh bisa ngarinum saseubeuhna.

16Di satengahing jalan maraneh dipaparin Manna, kadaharan anu iraha teh teuing aya anu geus ngadahar, maraneh tacan, kolot-kolot maraneh tacan. Maraneh ku Mantenna sok disusuker, anu maksud-Na mecak kasatiaan maraneh, anu engkena bakal diganjar ku nu pisenangeun.

17Jadi, poma ulah dir, boga pikir beunghar beunang sorangan, kuat kawasa beunang sorangan.

18Sing aringet nu matak barisa usaha nepi ka jadi baleunghar teh saenyana mah paparin ti PANGERAN. Kawantu Mantenna mah nepi ka waktu ieu ge tetep satia kana jangji-Na anu bareto diikrarkeun ka karuhun maraneh.

19Peupeujeuh, ulah nepi ka poho ka PANGERAN Allah maraneh. Ulah nepi ka ingkar tuluy nyembah ngabakti ka allah-allah sejen. (8-20) Lamun nepi ka kitu, Bapa ngingetan ti ayeuna keneh, maraneh tangtu dibasmi.

20(8-21) Teu narurut ka PANGERAN tangtu ditumpurkeun cara bangsa-bangsa anu ku Mantenna geus digempur hareupeun panon maraneh."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Ulangan 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel