Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 1 >> 

1Ieu kitab medar wahyu ti Allah ka Yesus Kristus ngeunaan perkara-perkara anu geus meh kajadian, supaya ku Anjeunna ditembongkeun ka abdi-abdi-Na. Kristus ngutus malaikat-Na nembongkeun ieu wahyu ka Yohanes, abdi-Na.

2Yohanes medar sagala titingalianana anu diebrehkeun ku Yesus Kristus, nya eta amanat Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina.

3Bagja anu maca ieu kitab, anu ngadenge ieu ucapan nubuat sabda Allah, jeung ngimankeun ka sakur anu ditulis dina ieu kitab! Sabab sakur anu diwahyukeunana teh geus tereh bukti.

4Dulur-dulur di tujuh jamaah di wilayah Asia! Kaula Yohanes. Mugia dulur-dulur dipaparin rahmat rahayu ti Allah, Allah nu keur aya, nu geus aya, jeung nu aya saterusna, jeung ti tujuh roh anu aya di hadirat tahta Allah,

5jeung ti Yesus Kristus, Saksi anu satia, Putra cikal, anu pangheulana digugahkeun tina maot, panguasa raja-raja saalam dunya. Kristus teh asih ka urang, pupus-Na teh ngajait urang tina dosa,

6sarta urang dijadikeun hiji karajaan imam-imam anu kumureb ka Allah, Panutan jeung Rama Anjeunna. Kaagungan, kakawasaan, kasanggakeun ka Yesus Kristus salalanggengna! Amin.

7Tenjo, Kristus geus sumping dina mega! Bakal katembong ku saban jalma, kaasup jalma-jalma anu numbak ka Anjeunna. Jelema saalam dunya bakal tingkoceak nenjo Anjeunna. Geus pasti!

8"Kami teh Nu Awal jeung Nu Panutup," dawuhan Pangeran, Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna.

9Kaula Yohanes dulur aranjeun, panganut Yesus, batur tabah dina kasangsaraan anu kasorang ku sakabeh warga Pamarentahan Allah. Kaula aya di pulo Patmos keur dibuang, lantaran ngembarkeun sabda Allah jeung perkara-perkara anu sayaktina anu diebrehkeun ku Yesus.

10Dina Poean Gusti, kaula kapurba ku Roh Allah, ngadenge anu sasauran ti tukangeun, gentrana tarik kawas sora tarompet, kieu:

11"Tetenjoan maneh tuliskeun, bukuna kirimkeun ka tujuh jamaah di Epesus, Semirna, Pergamus, Tiatira, Sardis, Piladelpia, jeung Laodikea."

12Kaula malik hayang nenjo anu sasauranana. Kaula ningal tujuh suku lampu emas.

13Di antara eta barang aya hiji wujud anu siga manusa, nganggo jubah panjang ngangsar kana sampeana-Na, harigu-Na nganggo beulitan emas.

14Rambut-Na bodas kawas kapas atawa kawas salju, soca-Na hurung siga seuneu,

15sampeana-Na gilap kawas tambaga beunang nyaling, gentra-Na sada guruhna curug.

16Panangan tengen-Na nyepeng tujuh bentang, tina baham-Na bijil pedang anu dua seuseukeutna. Raray-Na moncorong lir srangenge keur manceran.

17Bruk kaula ngarumpuyuk kana sampeana-Na, ngalumbuk kawas nu paeh. Anjeunna nyabak ka kaula ku panangan tengen bari ngalahir, "Ulah sieun! Ieu Kami, Nu Awal jeung Nu Panutup.

18Kami teh anu jumeneng. Kami geus paeh, tapi ayeuna Kami hirup salalanggengna. Kami kawasa kana paeh jeung ka tempat nu paraeh.

19Tuliskeun sakur anu katenjo, boh nu ayeuna boh nu bakal kajadian sanggeusna.

20Kieu harti rasiah ieu tujuh bentang dina leungeun katuhu Kami jeung ieu tujuh suku lampu emas: Tujuh bentang hartina tujuh malaikat ti tujuh jamaah, tujuh suku lampu hartina tujuh jamaah."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 1 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel