Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 14 >> 

1Ti dinya katingal Anak Domba tea aya di Gunung Sion, jeung 144.000 jelema anu tarangna make tulisan jenengan Anjeunna jeung jenengan Rama-Na.

2Kadenge sora ti langit ngaguruh sada guruhna curug jeung gulugurna guludug, kawas sora kacapi loba dilagukeun.

3Jelema-jelema anu 144.000 teh nyalanghareup kana tahta, ka mahluk nu opat, jeung ka para sesepuh, nganyanyikeun hiji lagu anyar anu ngan maranehna bae anu bisa. Ti sakumna manusa, ngan maranehna anu geus disalametkeun teh,

4anu keur di dunyana ngajaga kamurnian diri tara ka awewe, suci ibarat parawan. Ka mana-mana maranehna ngingiring bae ka Anak Domba. Ti sakumna manusa, maranehna mah geus disalametkeun, diheulakeun disembahkeunana ka Allah jeung ka eta Anak Domba.

5Maranehna tara pisan ngabohong, taya pisan kuciwana.

6Tuluy kaula ningal hiji malaikat hiber luhur di angkasa, mawa warta hal Injil Kasalametan nu langgeng, embarkeuneun ka nu di bumi, ka unggal bangsa, suku bangsa, basa, jeung nagara.

7Eta malaikat cumeluk, "Sing gimir ku Allah! Puji kaagungana-Na! Geus cunduk waktuna Mantenna nerapkeun hukuman ka manusa. Geura sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi, laut, jeung sumber-sumber cai!"

8Malaikat nu kahiji disusul ku nu kadua, anu cumeluk, "Geus rugrug! Babul nu gede teh geus rugrug! Babul geus ngamabokan sakumna manusa ku anggurna, anggur napsu-napsu kotorna!"

9Malaikat nu katilu nyusul, cumeluk, "Sing saha anu nyembah ka si sato jeung ka arcana sarta tarang jeung leungeunna marake tanda eta sato,

10bakal diinuman ku anggur ti Allah, anggur bebendu-Na anu ku Mantenna geus dieurihkeun sataker tanaga kana lumur bebendu-Na! Bakal disiksa ku seuneu jeung walirang, disaksian ku malaikat-malaikat suci jeung ku Anak Domba.

11Haseup seuneu panyiksana ngebul mumbul salalanggengna. Nu nyarembah ka si sato jeung ka arcana, anu tarang jeung leungeunna marake tanda ngaran eta sato, tangtu disiksa beurang peuting teu eureun-eureun."

12Umat Allah, anu narurut kana timbalan-timbalan Allah jeung satia ka Yesus, ku ieu perkara diingetan kudu tabah.

13Geus kitu kaula ngadenge aya nu nyoara di sawarga, ungelna, "Tulis kieu: Bagja jelema-jelema, anu ti semet waktu ieu paehna keur ngawula ka Gusti!" Diwaler ku Roh Allah, "Saestuna! Maranehna bakal eureun tina gawe beurat, sabab hasil panglayananana salilana bakal ngareujeungan ka maranehna."

14Ti dinya katenjo aya mega bodas, dicalikan ku nu jiga manusa, mastaka-Na nganggo makuta emas, panangana-Na nyepeng arit seukeut.

15Aya hiji malaikat deui kaluar ti Bait Allah, nyoara tarik ka nu keur calik dina mega, "Babadkeun arit Gusti kana pibuateun, bumi parantos asak, meujeuhna dipibuatan!"

16Seug nu calik dina mega teh ngayun arit-Na ka bumi, bumi dipibuatan.

17Aya deui malaikat anu kaluar ti Bait Allah di sawarga, eta oge nyekel arit seukeut.

18Aya deui malaikat purah ngajaga seuneu kaluar tina altar, nyoara tarik pisan ka malaikat nu nyekel arit seukeut tea pokna, "Geura pake arit andika, pake ngeureutan ranggeuyan anggur tina tangkalna di bumi, sabab geus arasak!"

19Seug arit teh diayunkeun ka bumi, ngeureutan ranggeuyan anggur tina tangkalna tuluy dialung-alungkeun kana bak pameresan anggur bebendu Allah.

20Anggur teh diperesna di luar kota. Anu kaluar tina bak pameresan teh getih, mani ngocor kawas walungan, panjangna tilu ratus kilometer, jerona meh dua meter.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 14 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel