Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 16 >> 

1Ti Bait Allah aya gentra handaruan nimbalan ka malaikat nu tujuh, "Geura indit, tamplokkeun eusi pinggan bebendu Allah ka bumi!"

2Malaikat nu kahiji namplokkeun pingganna ka bumi. Seug jelema-jelema anu marake tanda sato jeung nyarembah kana arcana teh awakna pinuh ku bisul jahat anu kacida nyerina.

3Malaikat kadua namplokkeun pingganna ka laut. Seug cai laut barobah jadi kawas getih jalma paeh. Mahluk-mahluk laut paraeh.

4Malaikat nu katilu namplokkeun pingganna ka walungan-walungan jeung sumber-sumber cai, bruy caina jadi getih.

5Malaikat nu ngajaga cai nyoara, "Hukuman ti Gusti teh cocog, nun Anu Maha Suci, Gustina kiwari Gustina bihari!

6Layak pisan jalmi-jalmi nu ngocorkeun getih umat Allah sareng nabi-nabi teh ku Gusti diinuman getih!"

7Tina altar oge aya soara, "Ya Allah Nu Maha Kawasa! Hukuman-hukuman ti Gusti adil, cocog sakumaha kedahna!"

8Malaikat nu kaopat namplokkeun pingganna ka panonpoe. Sebret panonpoe ngaluarkeun panas luar biasa, ngarerab manusa.

9Jelema-jelema direrab ku panasna, seug nyarumpahan ka pajenengan Allah anu ngawasaan eta balahi-balahi. Maranehna teu eureun tina dosana, ulah-bon muji kana kaagungan Allah.

10Malaikat nu kalima namplokkeun pingganna kana tahta sato tea. Reup wilayah kakawasaanana jadi poek, sarta jelema-jelema katarajang kanyeri luar biasa, tingpereket nepi ka huntuna nyareblok kana letahna.

11Seug nyarumpahan ka Allah sawarga, aral ku bisul-bisulna, teu tahan ku kanyerina. Maranehna teu daraekeun tobat tina kalakuan jahatna.

12Malaikat nu kagenep namplokkeun pingganna ka Walungan Eprat, walungan gede tea. Set caina saat ngoletrak, keur pijalaneun raja-raja ti tatar wetan.

13Geus kitu aya tilu roh najis bangunna jiga bangkong, kaluarna tina sungut naga, tina sungut sato, jeung tina sungut nabi palsu.

14Eta teh roh-roh jahat anu nyieun kaahengan-kaahengan, tuluy ngulayab ka dunya ngadatangan raja-raja, rek dibawa sakait perang dina poe agung, Poena Allah Nu Maha Kawasa.

15"Regepkeun! Kami datang mo kasangka-sangka ibarat datangna bangsat. Salamet nu nyaring ngajaga pakeanana, moal taranjang leumpangna di tengah umum sarta moal nandangan kaera!"

16Tilu roh tea ngerid raja-raja ka tempat anu dina basa Ibrani disebut Armagedon.

17Malaikat katujuh namplokkeun pingganna ka awang-awang. Tina tahta di Bait Allah aya gentra handaruan ungelna, "Geus tinekanan!"

18Tuluy aya kilat tingbaranyay, guludug tingjalegur, jeung lini kacida gedena. Ti barang manusa dijadikeun can aya lini anu sakitu hebatna. Panghebat-hebatna lini!

19Kota nu gede tea nepi ka beulah tilu. Kota-kota sakabeh nagara di sadunya burak-barik. Allah emut ka Babul raya, seug eta nagara teh diinuman ku anggur tina lumur Mantenna, anggur bebendu-Na anu ngentab-ngentab.

20Pulo-pulo, gunung-gunung, kabeh musna.

21Breg hujan es batu anu pohara baradagna nepi ka beuratna masing-masing lima puluh kilogram, ngaburubut ninggangan manusa. Seug maranehna nyarumpahan ka Allah dumeh dibahlakeun ku hujan es anu sakitu hebatna.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 16 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel