Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 22 >> 

1Ti dinya malaikat teh nuduhkeun hiji walungan anu caina matak hirup, caina ngagenclang herang mani kawas kristal, asalna tina tahta Allah jeung tahta Anak Domba,

2terus ka hilir ka tengah-tengah jalan raya kota. Di sisina kenca katuhu aya tangkal kahirupan anu buahanana sataun dua welas kali, saban bulan, daunna paranti nyageurkeun bangsa-bangsa.

3Di eta kota geus moal aya deui anu diragragan supata ku Allah. Tahta Allah jeung tahta Anak Domba bakal aya di dinya, sarta Mantenna dibarakti ku abdi-abdi-Na.

4Abdi-abdi-Na bakal narenjo pameunteu-Na. Jenengana-Na bakal ditulis dina tarang abdi-abdi-Na.

5Di dinya geus taya peuting, teu perlu lampu atawa cahaya panonpoe, geus caang ku cahaya kamulyaan Gusti Allah. Para wargana bakal marentah kawas raja-raja, salalanggengna.

6Saur malaikat ka kaula, "Ieu ucapan teh saestuna, layak dipercaya. Gusti Allah anu maparin Roh-Na ka para nabi geus ngutus malaikat-Na sina nembongkeun ka abdi-abdi-Na perkara anu bakal tereh kajadian."

7"Regepkeun!" dawuhan Yesus. "Kami tereh datang. Salamet anu ngimankeun ucapan nubuat dina ieu kitab!"

8Anu dicaritakeun tadi kabeh kadenge sarta katenjo ku kaula, Yohanes. Sanggeus kabeh kadenge jeung katenjo, brek kaula sideku kana sampean eta malaikat anu nembongkeunana, rek nyembah.

9Tapi saurna, "Ulah kitu! Kaula ge ngabdi kawas andika, kawas nabi-nabi dulur andika jeung sakur anu ngimankeun ucapan nubuat dina ieu kitab. Nyembah mah kudu ka Allah!"

10Saurna deui, "Ucapan nubuat dina ieu kitab ulah dirasiahkeun, sabab geus tereh pisan pijadieunana.

11Jalma jahat sing terus nyieun kajahatan, nu hade lampah sing terus hade lampah, anu suci kalakuan sing tetep suci kalakuan."

12"Regepkeun!" dawuhan Yesus. "Kami tereh datang, mawa upah unggal jelema satimpal jeung lampahna.

13Kami teh Nu Awal jeung Nu Ahir, Kami teh Gusti ti mimiti nepi ka panganggeusan."

14Salamet jelema anu jubahna geus beunang nyeuseuh beresih, meunang ngadahar buah tangkal kahirupan, meunang asup ka eta kota liwat lawang-lawangna.

15Sabalikna anu murtad, tukang sihir, anu tuna susila, tukang maehan, nu muja brahala, jeung tukang bohong, tempatna di luar.

16"Kami Yesus, geus ngutus malaikat Kami mere nyaho ka maneh ieu sagala perkara supaya ditepikeun ka jamaah-jamaah. Kami teh ti turunan Daud. Kami teh bentang timur nu moncorong."

17Roh jeung Panganten Istri tea unjukan, "Sumangga sumping!" Anu ngadarenge hal ieu oge kudu unjukan kitu, "Sumangga sumping!" Nu halabhab ka darieu! Saha bae anu hayang cai anu matak hirup, jadi ganjaran.

18Ka anu ngadenge ieu ucapan nubuat, kaula Yohanes ngipat-ngipatan: saha bae anu nambahan eta ucapan, hukumanana ku Allah bakal ditambahan ku balahi-balahi anu kaungel dina ieu kitab.

19Jeung saha bae anu ngurangan ucapan nubuat ieu kitab, buah tangkal kahirupan bagianana ku Allah bakal dicandak jeung teu meunang aya di Kota Suci nu kaungel dina ieu kitab.

20Anjeunna, anu nyaksian ieu sakabeh perkara ngadawuh, "Kitu saestuna! Kami tereh datang!" Leres! Sumangga sumping nun Gusti Yesus!

21Mugia sakumna umat Allah ginuluran sih kurnia Gusti Yesus.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 22 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel