Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Wahyu 4 >> 

1Sanggeus eta, harita keneh aya titingalan sejen. Di sawarga aya panto muka, jeung aya nu ngagentra kawas sora tarompet, gentra-Na saperti anu ti heula sasauran ka kaula tea, saur-Na: "Ka dieu unggah, Kami rek nembongkeun kajadian-kajadian saterusna!"

2Harita keneh kaula kapurba ku Roh Allah, ningal di sawarga aya anu keur linggih dina tahta.

3Pameunteu-Na mancur siga cahaya batu widuri pandan jeung permata dalima. Tahtana sakurilingna dikubengan ku katumbiri warna jambrut,

4diputer ku dua puluh opat tahta anu dicaralikan ku dua puluh opat sepuh anu anggoanana bodas jeung ngaranggo makuta emas.

5Tina tahta bijil kilat kekerelepan jeung sora gugur tinggulugur. Di hareupeun tahta aya anu hurung saperti obor reana tujuh, nya eta tujuh Roh Allah.

6Di hareupeun tahta keneh aya nu siga lautan kaca herang ngalenggang kawas kristal. Eta tahta opat sisina dilingkung ku opat mahluk hirup, anu awakna bagian tukang jeung hareup pinuh ku mata.

7Bangunna nu kahiji siga singa, nu kadua siga sapi jalu, nu katilu beungeutna siga beungeut jelema, nu kaopat siga manuk rajawali keur ngalayang.

8Opatanana baroga jangjang genep-genep anu luar jerona katutup ku mata. Beurang peuting eta opat mahluk hirup teh teu eureun-eureun mumuji: "Suci-suci, suci Gusti Allah Nu Maha Kawasa, nu aya, nu geus aya, nu aya saterusna."

9Kitu pupujianana, ngamulyakeun, ngahormat, jeung muji sukur ka nu linggih dina tahta, anu jumeneng salalanggengna.

10Waktu eta opat mahluk hirup maruji, sepuh-sepuh anu dua puluh opat teh bruk nyaruuh ka hadirat anu linggih dina tahta, ngabakti ka anu jumeneng salalanggengna, ari makuta-makutana digolosorkeun ka hareupeun tahta, tuluy nyembahkeun piunjuk:

11"Nun Pangeran, nun Allah! Mung Gusti anu layak diagungkeun, dihormat, nu layak nyangking kawasa. Reh Gusti teh nu nyiptakeun saniskara, nya ku karana pangersa Gusti eta sadaya kumelip hirup."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Wahyu 4 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel