Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 32 >> 

1Dina tanggal hiji bulan dua belas, sanggeus dua belas taun hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.

2Timbalana-Na, "Eh anak manusa, raja Mesir ingetan sing keras. Omongkeun ieu timbalan Kami: Talajak maneh lir singa di antara bangsa-bangsa, padahal maneh leuwih nyemu buhaya anu keur kecebar-kecebur di walungan. Cai walungan mani medok ku leutak, da diaduk-aduk ku suku maneh.

3Saupama bangsa-bangsa enggeus kumpul, maneh ku Kami arek ditewak make jaring, sina digusur ka darat ku maranehna.

4Ku Kami arek dibeubeutkeun kana taneuh, tuluy Kami arek ngondang manuk-manuk jeung sasatoan nu aya di dinya, sina ngakanan daging maneh.

5Daging maneh anu geus buruk rek disebar sina nutupan gunung-gunung jeung lebak-lebak.

6Getih maneh arek dikucurkeun sina ngabayabah ka gunung-gunung sarta minuhan susukan-susukan.

7Sajeroning ngabinasa maneh, langit ku Kami arek dirungkupan, bentang-bentang sina ngariles. Panonpoe sina nyumput tukangeun mega, bulan sina ulah cahayaan.

8Sakur anu nyaangan langit ku Kami arek dipareuman, dunya tempat maneh dicelubkeun kana poek mongkleng. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

9Loba bangsa-bangsa bakal sarusah hate, waktu Kami nyebarkeun beja karusakan maneh ka nagri-nagri anu ku maneh can kadenge ayana.

10Loba bangsa-bangsa anu keketegan hate ku kajadian nu ku Kami dikeunakeun ka maneh. Waktu Kami ngayun-ngayun pedang, raja-raja tingdaregdeg palaureun. Dina poean maneh ngagubrag, maranehna kabeh bakal tinggeleper, sieun hirupna ge kitu."

11PANGERAN Nu Maha Agung nimbalan ka raja Mesir, "Maneh bakal nyanghareupan pedang raja Babul.

12Para prajurit bangsa-bangsa anu barengis bakal nyarabut pedang, maneh jeung rahayat kabeh bakal dipaehan. Kabeh rahayat kitu deui sagala rupa anu ku maneh dipiagul bakal dimusnakeun.

13Ingon-ingon maneh di saban tempat cai ku Kami rek ditumpes. Moal aya deui jelema atawa sato anu bakal ngalelecek cai.

14Cai ku Kami rek disina anteng jeung herang, walungan-walungan sina jongjon ngalocorna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung.

15Sanggeus Mesir ku Kami dijadikeun tanah gurun anu sepi, sarta anu caricing di dinya ku Kami geus ditumpes, maranehna bakal nyaraho yen Kami teh PANGERAN.

16Ieu peringetan keras bakal jadi hiji lagu nalangsa. Kaom awewe unggal bangsa bakal ngarawihkeun ieu lagu, nyeungceurikan Mesir jeung rahayatna. Kitu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Agung."

17Dina tanggal lima belas bulan kahiji, taun kadua belas hirup di nagri buangan, kaula ditimbalan ku PANGERAN.

18Timbalana-Na, "Eh anak manusa, ceungceurikan rahayat Mesir anu sakitu lobana. Maranehna katut bangsa-bangsa lian anu karawasa, turun-turunkeun ka dunyana anu paraeh.

19Bejakeun kieu ka maranehna: ‘Pangrasa maneh, maneh teh leuwih geulis ti batur? Maneh kudu turun ka dunyana anu paraeh, ngajoprak di dinya jeung nu balangkawarah.’

20Urang Mesir bakal tumpur, marengan anu tariwas ku perang. Pedang nu baris numpes maranehanana geus sadia.

21Para pahlawan nu panggagahna, kitu deui sakur anu geus marilu tarung mantuan Mesir, di dunya anu paraeh bakal marapagkeun urang Mesir daratang ka dinya. Marapagkeunana bari surak, ‘Jelema-jelema murka anu tariwas di medan perang ayeuna geus daratang, geus araya di dieu ngajalaloprak!’

22Asur di ditu, dikurilingan ku kuburan-kuburan para prajuritna. Kabeh geus tariwas waktu jurit.

23Kuburanana ayana di dunya anu paraeh teh di bagian anu panghandapna. Para prajuritna kabeh geus rarubuh satengahing jurit. Kuburan-kuburanana ngariung kuburan manehna. Padahal keur harirupna mah maranehanana dipikagimir ku dunya anu harirup.

24Elam di ditu, dikuriling ku kuburan-kuburan para prajuritna. Maranehanana kabeh tiwas di medan perang, seug tarurun ka dunya anu paraeh, teu disarunat. Waktu keur harirupna geus nyebarkeun pikagimireun, tapi ayeuna geus paraeh ngajaloprak taya pamorna.

25Elam geus ngajepat di antara nu geus tariwas ku perang, dirariung ku kuburan-kuburan para prajuritna. Kabeh ge teu disarunat, paeh kabeh dina perang. Keur waktu harirupna nyebar rurusuh, tapi ayeuna mah geus paraeh tingjarepat taya hargana, cara anu sejen-sejen, anu tariwas ku perang.

26Mesek jeung Tubal di ditu, dikurilingan kuburan-kuburan para prajuritna. Kabeh henteu disarunat, kabeh paraeh ku perang. Baretona maranehna teh matak gimir nu harirup.

27Dikaluburna henteu jeung tata utama kawas ngubur pahlawan-pahlawan jaman baheula, anu tarurunna ka dunya anu paraeh lengkep katut pakarang-pakarangna, pedang-pedangna diteundeun dina siraheunana masing-masing, tameng-tamengna di luhureun jasadna masing-masing. Pahlawan-pahlawan hebat baheulana mah, matak gimir anu harirup.

28Ku sabab eta urang Mesir bakal kadempet ku nu henteu disarunat, anu tariwas ku perang tea.

29Edom di ditu, katut rajana jeung kapala-kapalana. Keur harirupna maranehna teh prajurit-prajurit anu garagah, tapi ayeuna geus tingjarepat di dunya anu paraeh, maturan anu tariwas ku perang, anu henteu disarunat tea.

30Pangeran-pangeran urang kaler di ditu, kitu deui urang Sidon. Kakawasaan maranehanana kungsi ngageumpeurkeun batur, tapi ayeuna geus tarurun ka dinya, taya hargana deui, geus rareureuh ngajaloprak jeung anu tariwas ku perang, teu disarunat. Geus taya hargana cara nu sejen-sejenna anu geus tarurun ka dunya anu paraeh.

31Nenjo pamandangan anu geus tariwas ku perang, raja Mesir jeung tentarana bakal ngarasa kalipur," kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.

32"Ku kersa Kami eta raja Mesir ngageumpeurkeun nu harirup. Tapi manehna ge jeung tentarana bakal tiwas sarta bakal reureuh ngajoprak jeung anu henteu disarunat, anu tariwas ku perang tea." Kitu timbalan PANGERAN Nu Maha Agung.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 32 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel