Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 40 >> 

1Poe eta tanggal sapuluh, awal taun anu kadua puluh lima ti semet kaula sarerea dibuang, nincak taun kaopat welas ti semet Yerusalem ditaklukkeun, kaula ngarasa aya dina kakawasaan PANGERAN.

2Dina eta titingalan kaula ku Allah dicandak ka tanah Israil, sarta di ditu kaula diteundeun di hiji gunung anu luhur. Kaula ningal anu siga kota, pinuh ku wawangunan.

3Sanggeus kaula dibawa ka dinya, ningal hiji jelema, awakna herang kawas tambaga, keur nangtung deukeut hiji gapura bari nyekel tali ukuran tina lawon linen jeung tumbakan.

4Anjeunna sasauran ka kaula, "Eh manusa, awaskeun sing tenget anu ku Kami rek ditembongkeun ka maneh, jeung pasang ceuli masing awas. Sabab nu matak maneh dibawa ka dieu teh ieu maksudna. Sagala rupa anu baris katenjo ku maneh, engke caritakeun ka urang Israil."

5Geus kitu kaula ningal Bait Allah, dibudeur ku kuta. Eta kuta ku jelema teh diukur ku tumbakanana anu panjangna tilu meter. Luhurna kuta tilu meter, kandelna tilu meter.

6Geus kitu jelema teh nyampeurkeun panto gapura anu nyanghareup ka wetan, cat unggah kana hambalanana nepi ka luhur, tuluy ngukur bangbarung lawang ti luar ka jero, aya tilu meter.

7Ti lawang ka ditukeun aya gang, di kenca-katuhueunana aya kamar-kamar jaga sabeulahna tilu-tilu, ukuranana kabeh pasagi, panjang tilu meter rubak tilu meter. Antara kamar jeung kamar heuleutna dua satengah meter. Beh ditueun kamar-kamar jaga aya deui gang panjangna tilu meter, brasna ka hiji rohangan anu nampeu ka Bait Allah.

8(40:8-9) Eta rohangan diukur, rubak ka jerona opat meter. Eta rohangan teh nampeu pisan ka Bait Allah, tepasna jadi tungtung gang anu ti lawang gapura, sarta tembok jerona sisi ditu kandelna sameter.

9(40:8)

10(Kamar-kamar jaga kenca-katuhueun gang tea ukuranana sarua, kitu deui heuleutanana oge sarua anggangna.)

11Geus kitu eta jelema teh ngukur lawang gapura (ti tungtung tihang ka tungtung tihang), legana kabeh tujuh meter. Rubak lolongkrangna wungkul lima meter.

12Di hareupeun unggal kamar jaga aya tembokan handap, luhurna lima puluh senti, kandelna lima puluh senti. (Legana kamar-kamar jaga tea masing-masing tilu meter pasagi.)

13Ti dinya anu diukur teh anggang ti kamar ka kamar anu paeunteung-eunteung kaheuleutan ku gang tea, ti tembok tukang nu beulah ditu ka tembok tukang nu beulah dieu, aya opat belas meter.

14Kamar anu dina tungtung gang tea brasna ka hiji buruan, sarta sanggeus diukur legana teh sabelas meter.

15Ari panjangna gang ti hareup nepi ka kamar anu pangdituna teh dua puluh dalapan meter.

16Unggal kamar, tembok hareupna make liang leutik, kitu deui tembok gigir beulah jero ti kamar ka kamar, kabeh make liang leutik. Unggal kamar anu nyanghareup kana gang tea tembok jerona diukir, direkakeun tangkal-tangkal korma.

17Ti dinya kaula ku eta jelema dibawa ka buruan, ngaliwatan panto gapura. Peuntaseun tembok beulah ditu aya kamar-kamar, tilu puluh, make emper anu dibalay ku batu.

18Emperna muteran buruan luar, anu pernahna leuwih handap ti batan buruan beulah jero.

19Dina undak anu rada luhur aya lawang, brasna ka buruan jero. Ti lawang dieu ka lawang ditu ku anjeunna diukur, anggangna lima puluh genep meter.

20Geus kitu anjeunna ngukur lawang gapura beulah kaler, anu brasna ka buruan luar.

21Kamar-kamar jagana anu tilu-tilu kenca-katuhueun gangna, heuleutna ti kamar ka kamar, kitu deui kamar gedena, ukuranana sarua jeung nu aya di bagian gapura beulah wetan. Panjang gangna kabehna dua puluh lima meter, rubakna dua belas satengah meter.

22Kamar gedena, jandela-jandela, kitu deui ukiran tangkal-tangkal kormana, sarua jeung anu aya di gapura beulah wetan. Tangga gapurana tujuh umpak, sarta kamar gedena aya di tungtung gang, nyanghareup ka buruan.

23Peuntaseun buruan anu ti gapura kaler, aya deui hiji lawang anu brasna ka buruan jero, kawas anu di beulah wetan. Ti lawang beulah dieu ka lawang beulah ditu ku anjeunna diukur, anggangna lima puluh meter.

24Ti dinya kaula ku anjeunna dibawa ka beulah kidul. Di dieu ge aya gapura. Ku anjeunna diukur, sarua jeung gapura nu sejen.

25Kamar-kamar sapanjang gangna sarua marake jandela kawas di bagian sejen. Panjang gangna ti semet lawang gapura dua puluh lima meter, rubakna dua belas satengah meter.

26Tangga gapurana tujuh umpak. Kamar gedena oge nya kitu ayana di tungtung gang, nyanghareup ka buruan. Unggal kamarna anu nyanghareup kana gang, tembokna kabeh diukir direkakeun tangkal-tangkal korma.

27Di dieu ge aya hiji lawang anu brasna ka buruan jero. Ti lawang beulah dieu ka lawang beulah ditu ku anjeunna diukur, anggangna lima puluh meter.

28Geus kitu kaula ku anjeunna dibawa ka buruan jero, asupna ti gapura beulah kidul. Lawangna diukur, sarua legana jeung lawang-lawang anu di beulah luar.

29(40:29-30) Ukuran kamar-kamar jagana, kamar gedena, kandelna tembok beulah jero, kabeh sarua jeung anu aya di bagian gapura-gapura sejen. Pon kitu unggal kamar di bagian gapura anu ieu oge marake jandela. Panjang gangna kabehna dua puluh lima meter, rubakna dua welas satengah meter.

30(40:29)

31Kamar gedena nyanghareupna ka buruan, sarta tembokan sapanjang gangna dihias ku ukiran anu direkakeun tangkal-tangkal korma. Tangga ieu lawang dalapan umpak.

32Ti dinya kaula ku anjeunna dibawa ka buruan jero, jalanna ti gapura beulah wetan. Lawangna diukur, legana sarua jeung lawang gapura nu sejen.

33Kamar-kamar jagana, kandelna tembok di jero kamar-kamar, kamar gedena, barang diukur teh sarua jeung nu aya di bagian gapura-gapura sejen. Kamar-kamarna marake jandela, kitu deui kamar gedena. Panjang gangna kabeh dua puluh lima meter, rubakna dua belas satengah meter.

34Kamar gedena nyanghareupna ka buruan luar. Tembokan sapanjang gangna dihias ku ukiran anu direkakeun tangkal-tangkal korma. Tangga gapurana dalapan umpak.

35Geus kitu kaula dibawa ka gapura beulah kaler. Lawangna ku anjeunna diukur, sarua jeung lawang gapura sejenna.

36Kawas di bagian sejen bae, di dieu ge aya kamar-kamar jaga, tembok di jero kamar-kamarna dihias ku ukiran, aya kamar gede, sarta kamar-kamarna dijandelaan. Panjang gangna dua puluh lima meter, rubakna dua belas satengah meter.

37Kamar gedena nyanghareupna ka buruan luar. Tembok sapanjang gangna dihias ku ukiran anu direkakeun tangkal-tangkal korma. Tangga gapurana dalapan umpak.

38Buruan teh aya sosompangna, anu nyambung kana lawang kaler, brasna ka hiji rohangan gede anu nyanghareup ka buruan. Di dinya aya anu keur ngarumbah sato-sato beunang meuncitan, pikeun kurban beuleuman.

39Di eta kamar aya opat meja, dua di sisi kenca, dua di sisi katuhu, paranti meuncit sato-sato pikeun kurban beuleuman, pikeun kurban panebus dosa, jeung pikeun kurban panebus kasalahan.

40Di luareun rohangan aya opat meja deui anu kawas eta, dua di kencaeun lawang, dua deui di katuhueunana.

41Jadi aya dalapan meja paranti meuncit sato kurban, opat di jero, opat di luar deukeut ka buruan.

42Opat meja anu di luar, eta paranti nyadiakeun kurban beuleuman, dijieunna tina batu beulahan, jangkungna satengah meter, daun mejana pasagi, panjangna tujuh puluh lima senti, rubakna oge sakitu. Parabot paranti meuncit diteundeunna dina eta meja anu opat.

43Dina biwir mejana sakurilingna aya cacantol-cacantol anu rubakna masing-masing tujuh puluh lima milimeter. Daging pikeun kurban digundukkeunana dina meja-meja anu eta.

44Ti dinya kaula dibawa ka buruan jero. Di dinya, di buruan jero, aya dua rohangan anu muka, hiji gigireun lawang beulah kaler nyanghareup ka kidul, hiji deui gigireun lawang beulah kidul nyanghareup ka kaler.

45Jalma anu mawa kaula tea nyaurkeun, yen rohangan anu nyanghareup ka kidul paranti para imam anu papancenna ngabakti di Bait Allah,

46rohangan anu nyanghareup ka kaler paranti para imam anu ngalalayanan altar. Imam-imamna kabeh turunan Sadok. Ngan maranehna bae jalma-jalma ti kaom Lewi anu meunang ngadeuheus pikeun ngabakti ka PANGERAN teh.

47Jelema teh tuluy ngukur buruan jero anu bangunna pasagi, unggal sisina lima puluh meter. Ari Bait Allah ayana di beulah kulon, sarta di hareupeunana aya altar.

48Kaula ku anjeunna dibawa ka lawang anu brasna ka rohangan Bait Allah. Lawangna ku anjeunna diukur, legana tujuh meter, rubakna ka jerona dua satengah meter, tembokna kenca-katuhuna kandelna masing-masing satengah meter.

49Lawang ka rohangan teh make tangga umpak, ari rohanganana rubak hareupna sapuluh meter, rubak ka beulah jerona genep meter. Kenca-katuhueun lawangna make pilar.


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 40 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel