Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 7 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula, timbalana-Na,

2"Eh anak manusa, Kami, PANGERAN Nu Maha Agung, rek ngucap kieu ka Israil: Ieu ahirna riwayat sakuliah ieu nagri!

3Eh nagri Israil, maneh geus tangtu lebur. Rasakeun amarah Kami. Maneh ku Kami tangtu dihukum satimpal jeung kalakuan. Sagala kalakuan maneh anu pikagirukeun tan wande dibales.

4Kami moal tanggung-tanggung, moal karunya-karunya. Kalakuan maneh anu pikagirukeun teh aya hukumanana, sangkan maneh nyaho yen Kami teh PANGERAN."

5Kieu sabda PANGERAN Nu Maha Agung, "Maneh bakal dirongrong ku balahi gunta-ganti.

6Ieu teh panungtungan, panganggeusan. Umur maneh bakal buntu.

7Jalma-jalma eusi nagri, tereh datang kana poe panungtungan. Tereh nitih kana wanci, tempat-tempat karamat di pagunungan baris jempling, moal aya deui upacara-upacara, kabeh geus awut-awutan.

8Maneh geus tereh ngarasakeun hebatna amarah Kami. Kami moal teu ngahukum, satimpal jeung lampah maneh. Kalakuan maneh anu pikagirukeun bakal dibales. Maneh moal disesakeun.

9Kami moal tanggung-tanggung, moal karunya. Maneh tan wande disiksa, ganjaran kalakuan anu pikaijideun. Sangkan nyaho, Kami teh PANGERAN, sarta nya Kami anu ngahukum ka maneh."

10Balahi ka Israil geus nampeu. Kakerasan beuki meuweuh. Kaangkuhan beuki muncugug.

11Kalaliman beuki nambahan kajahatan. Maranehna bakal muluntu, kabeungharanana, kamulyaanana, kaagunganana, bakal musna.

12Geus datang mangsana, geus cunduk poena, jual-beuli bakal tambuh, sabab unggal jalma keuna ku hukuman ti Allah.

13Nu daragang moal kaburu nampa ladangna, Allah benduna ka unggal jelema. Nu jarahat moal aya nu salamet.

14Tarompet disada, saban jalma tatan-tatan, tapi taya saurang nu maju perang, sabab wera Allah keuna ka saban jalma.

15Di jalan-jalan rame nu perang. Di imah nya sasalad jeung kalaparan. Di luar kota tiwas ku perang, di jero kota paeh ku sasalad jeung kalaparan.

16Sawareh bakal aya nu bisa luput kalabur ka gunung-gunung kawas japati digebah ti lebak, ear maridangdam, kaduhung ku dosa-dosana.

17Leungeun-leungeun bakal ngaraplek, tuurna bakal nyorodcod.

18Maranehna bakal marake karung, sakujur awakna ngadegdeg. Sirahna digarundulan, martabatna jadi hina.

19Emasna, perakna, dialung-alungkeun ka jalan kawas runtah, sabab boh perakna, boh emasna, teu bisa nyalametkeun maranehna tina kabendu PANGERAN. Teu bisa dipake nyumponan kahayang, teu bisa dipake nyocokan beuteung. Emasna reujeung perakna, kalah ka nungtun kana dosa.

20Boro tadina mah araragul boga permata arendah, dijieunan brahala pikacuaeun. Ku sabab eta kakayaanana teh ku PANGERAN dibalikkeun sina dipikacua ku maranehna keneh.

21"Sina dirampogan ku bangsa-bangsa asing," timbalan PANGERAN. "Harta kakayaanana sina diranjah ku tukang ngalanggar hukum, sina dinajiskeun.

22Hanas harta kakayaan Bait Kami ge karanjah, nepikeun ka digedor jeung dileyek, Kami hamo paduli.

23Kabeh bakal awut-awutan. Tanahna pinuh ku tukang mergasa, kota-kotana pinuh ku nu tarelenges.

24Sabab Kami bakal ngondang bangsa-bangsa anu pangjahat-jahatna, sina narajang ka dieu jeung ngajabelan imah-imah. Jalma-jalma maneh anu panggagahna ge bakal tingpurungkut lamun eta rampog geus ambreg ka tempat-tempat maneh babakti.

25Maneh bakal pegat pangharepan. Hayang aman pimanaeun.

26Balahi gunta-ganti, beja-beja goreng pasusul-susul. Maneh bakal menta dipangramalkeun ka nabi-nabi, tapi geus teu barisaeun deui ngaramal. Imam-imam geus teu barogaeun ajarkeuneun, para kokolot geus beakeun nasehat.

27Raja sungkawa, putra makuta beak pangharepan, jalma-jalma tingdaregdeg ku kasieun. Maneh bakal dihukum satimpal jeung kalakuan maneh sarta dihakiman satimpal jeung cara maneh ngahakiman ka batur. Sangkan maneh nyaho, Kami teh PANGERAN."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 7 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel