Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yehezkiel 8 >> 

1Dina tanggal lima bulan kagenep, sanggeus genep taun di pangbuangan, kaula keur aya di imah jeung para kokolot anu dibuang ti nagri Yuda. Dumadakan sim kuring keuna ku pangaruh pangawasa PANGERAN Nu Maha Agung.

2Kaula tanggah, breh aya titingalan gaib, ningal nu siga manusa anu ngagebur. Ti semet angkeng ka handap rupana siga seuneu, ari ti semet angkeng ka luhur siga cahaya parunggu nu anyar digosok.

3Geus kitu anu siga pananganana ngolebat, ngajenggut buuk kaula. Dina eta titingalan kaula teh diangkat ka awang-awang ku Roh Allah, dicandak ngapung ka Yerusalem, ka Bait Allah, ka lawang buruan jero beulah kaler. Di dinya aya hiji brahala anu ngalantarankeun Allah jadi bendu.

4Bray aya cahaya gumebyar, nandakeun sumpingna Allah Israil, sarua jeung anu katingal basa di sisi Walungan Kebar tea.

5Allah nimbalan ka sim kuring, "Eh anak manusa, tenjo ka beulah kaler." Sim kuring ngalieuk ka dinya. Breh brahala anu ngajadikeun Allah bendu teh aya di dinya, deukeut altar anu ayana deukeut lawang panto jero.

6Allah nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, katenjo ku maneh aya naon? Kalakuan urang Israil di dieu teh pikacuaeun wungkul. Kami ku maranehna disuntrung-suntrung beuki jauh ti tempat Kami anu suci. Loba keneh kalakuanana anu leuwih hina batan eta."

7Kaula ku Mantenna dicandak ka lawang panto buruan luar, breh ningal tembok anu gorowong.

8Timbalan Mantenna, "Eh anak manusa, maneh moncor ka dinya." Kaula moncor, gok jeung hiji panto.

9Mantenna nimbalan deui, "Asup maneh ka dinya, lalajo kalakuan maranehna di dinya anu pikaijideun."

10Kaula asup, tuluy alak-ilik. Bilik kamarna dihias ku gambar-gambar oray jeung gambar-gambar sato-sato haram, jeung rupa-rupa gambar deui sakur anu dipuja ku urang Israil.

11Tujuh puluh kokolot Israil araya di dinya. Malah aya Yaasanya bin Sapan. Kabeh naranggeuy parukuyan, haseup dupana ngarelun.

12Allah nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, katenjo eta para kokolot Israil keur naraon rerencepan? Keur ngabarakti di jero kamar anu pinuh ku gambar-gambar sesembahanana. Alesan maranehna: ‘Urang moal katingali ku Allah. Mantenna geus ngantunkeun ieu nagri.’"

13Timbalana-Na deui ka kaula, "Aya deui kalakuanana anu bakal katenjo ku maneh, leuwih matak ijid ti batan eta."

14Geus kitu kaula ku Mantenna dicandak ka gapura Bait Allah beulah kaler. Di dinya aya awewe-awewe keur careurik, nyeungceurikan paehna Dewa Tamus.

15Mantenna nimbalan ka kaula, "Eh anak manusa, katenjo eta? Aya keneh anu leuwih hina ti batan eta."

16Tuluy kaula dicandak ka buruan Bait Allah beulah jero. Di dinya, deukeut lawang ka kamar suci, antara altar jeung gang, aya jelema reana kurang leuwih dua puluh lima urang. Maranehna narukangan kamar suci, sarujud ka beulah wetan, keur nyarembah ka panonpoe anu eukeur meletek.

17Timbalan PANGERAN ka kaula, "Eh anak manusa, katenjo eta? Eta teh urang Yuda. Maranehna can ngarasa cukup nyieun pikagirukeun saperti anu bieu katenjo ku maneh, can ngarasa cukup ku kabengisanana di sakuliah nagri. Can pararuas. Anu matak tuluy karikituan di dieu, di jero Bait, nambah-nambah amarah Kami.

18Pek awaskeun, sakitu ngahinana ka Kami, sakitu nangtangna! Keun sina ngarasa kumaha hebatna amarah Kami engke. Kami moal tanggung-tanggung, moal karunya. Engke maranehna bakal tingjarerit ka Kami, tapi moal dipalire."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yehezkiel 8 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel