Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 18 >> 

1PANGERAN nimbalan ka kaula,

2"Maneh kudu indit ka imah panjunan, Kami rek mere timbalan di dinya."

3Bral kaula indit. Ki panjunan kasampak keur barangjieun dina pamuteranana.

4Ana hiji wadah geus ngabangun tapi bangunna kurang bener, taneuh lempungna dibangun deui dijieun wadah naon bae.

5Timbalan PANGERAN ka kaula,

6"Lain bisa Kami oge kua-kieu ka maraneh, urang Israil, kawas eta panjunan kana taneuh lempung? Maraneh dina dampal leungeun Kami lir ibarat taneuh lempung dina dampal leungeun panjunan.

7Najan Kami dina hiji waktu geus ngandika rek ngarabut, ngaburak-barik, atawa ngagempur hiji bangsa atawa karajaan,

8tapi upama eta bangsa teh tobat, eureun tina lampahna nu jahat, eta pangandika Kami moal dilaksanakeun.

9Nya kitu deui hiji bangsa atawa karajaan anu geus disebut ku Kami rek dipelak atawa diadegkeun,

10tapi upama eta bangsa teu nurut ka Kami sarta migawe kagorengan, Kami moal tulus ngabuktikeun eta pangandika.

11Jadi bejakeun ayeuna ka urang Yuda jeung urang Yerusalem yen Kami keur nyieun rarancang pikeun ngalawan maranehna sarta geus sadia pikeun ngahukumna. Titah, maranehna kudu eureun tina cara hirup anu pinuh ku dosa, kudu ngomean kalakuan jeung lampahna.

12Tangtu ku maranehna dijarawab kieu, ‘Ah, keur naon tobat! Mending kieu cara ayeuna, bedegong, goreng, kuma kahayang.’"

13PANGERAN nimbalan, "Tanyakeun ka unggal bangsa, naha geus kungsi kajadian hal nu saperti kitu? Urang Israil geus nyarieun kalakuan anu pohara parnana!

14Cik ari poponclot-poponclot karang di Gunung Libanon kungsi henteu katutup ku salju? Jeung walungan ti eta gunung, anu caina nyecep tiis, naha kungsi saat?

15Tapi umat Kami mah nepi ka paroho ka Kami, ngararukus ka brahala-brahala. Maranehna geus titarajong di jalan nu disorangna, teu nuturkeun deui jalan heubeul anu bener, nu dituturkeunana teh jalan anu teu make tetenger.

16Ieu nagri ku maranehanana geus dijieun tempat anu pikasieuneun sarta jadi bahan pamoyok. Sakur anu ngaliwat ka dinya, tingraranjug ku tetenjoanana, garogodeg mangherankeun.

17Umat Kami rek disina paburisat hareupeun musuh-musuhna, lir kekebul katebak angin ti wetan. Ku Kami rek ditonggongan; lamun balahina geus datang, maranehna moal ditulungan."

18Geus kitu jelema-jelema teh ngaromong kieu, "Yermia urang arah, sina cilaka! Imam pikeun ngawulang mah loba keneh, anu palinter geusan mamatahan urang moal kurang, sarta nabi anu baris nguarkeun timbalan Allah oge salawasna aya bae. Urang kelakkeun jeung omonganana ulah didarenge deui."

19Seug kaula neneda, "Nun PANGERAN, dangukeun ieu piunjuk abdi. Oge dangukeun omongan eta musuh-musuh abdi tina hal diri abdi.

20Naha pantes kasaean dibales ku kajahatan? Maranehna parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi. Gusti emut, abdi sok ngadeuheus ka Gusti, ngabelaan maranehanana, mangnedakeun supados Gusti ulah kantos ngabudalkeun bebendu ka maranehanana.

21Nanging ayeuna mah nun PANGERAN, mugi anak-anakna sina tumpes ku kalaparan, maranehanana sorangan sina tumpur ku perang. Awewe-awewe sina katinggal ku salaki sareng ku anak, nu karolot sina maraot ku panyakit, barudak ngorana sina paraeh di medan perang.

22Rumah tanggana kalawan taya beja taya carita sina diranjah ku gorombolan; sina tinggaroak ku kasieun. Maranehanana parantos ngarali lombang keur ngagebruskeun abdi, marasang pitapak keur newak abdi.

23Gusti nu langkung uninga kana niat maranehanana bade ngabinasa ka abdi. Kajahatanana ulah dihampura, dosana ulah dipaparin ampun. Balang-balangkeun maranehanana sina pasiksak, bendu Gusti budalkeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 18 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel