Alkitab Mobile SABDA
[VER] : [SUNDA]     [PL]  [PB] 
 <<  Yeremia 23 >> 

1Cilaka raja-raja anu ngaruksak jeung ngacak-ngacak umat PANGERAN! Ku Mantenna tangtu dihukum!

2Sabab kieu timbalan PANGERAN, Allahna Israil, perkara eta para pangereh anu kuduna ngurus ka umat Mantenna, "Umat Kami ku maraneh henteu diurus, malah dipabalencarkeun, jeung disina arindit. Kajahatan maraneh ayeuna ku Kami rek dibales.

3Sesa-sesa umat Kami rek dikumpulkeun ti nagri-nagri tempatna pabalencar, rek dibawa mulang ka lemah caina, sina baranahan nepi ka kacida lobana.

4Kami rek ngangkat pangereh-pangereh pikeun ngurus maranehna. Umat Kami moal sina nyorang deui kasieun atawa karisi, sarta maranehna saurang ge moal aya anu leungit. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

5PANGERAN ngandika, "Geus tereh waktu Kami milih jelema anu berbudi ti turunan Daud keur pirajaeun. Ngarajaanana bakal bijaksana, marentahna bakal jujur jeung adil di sakuliah nagara.

6Lamun geus dirajaan ku eta, urang Yuda bakal bagja, urang Israil ge garenah hirupna. Eta raja bakal disarebut ‘PANGERAN Kasalametan urang’."

7"Geus tereh waktuna," timbalan PANGERAN, "jalma-jalma ana sumpah moal make deui ucapan demi Kami Allah anu jumeneng, anu nuyun urang Israil ti tanah Mesir.

8Ucapan sumpahna teh demi Kami, Allah anu jumeneng, anu nyandak urang Israil ti nagri tatar kaler jeung ti nagri-nagri sejenna, urut maranehna dipabalencarkeun ku Kami. Maranehna bakal tetep maratuh di tanahna sorangan."

9Hate asa remuk, awak ngalaleper. Nya ku sabab PANGERAN, ku sabab sabda-sabda-Na nu suci, kaula jadi kawas jalma mabok, kawas anu kalobaan nginum anggur.

10Ieu nagri pinuh ku jelema anu teu satia ka PANGERAN; jalma-jalma jarahat, sakawenang-wenang, pedah kawasa. Ieu tanah teh prihatin, sampalan-sampalanana gararing, sabab nanggung panyapa PANGERAN.

11Kieu timbalan PANGERAN, "Nabi-nabi doraka, imam-imam doraka, ku Kami katohyan marigawe dosa, tur di jero Bait Allah pisan.

12Jalan anu ditaluturkeunana bakal leueur, bakal poek, maranehna rek sina titarajong, sina lalabuh. Rek ditarajang ku balahi. Wawalesna geus tereh. Kitu timbalan Kami, PANGERAN.

13Nabi-nabi di Samaria katenjo marigawe dosa, ngawarejang ku ngaran Dewa Baal, jeung nyasabkeun umat Kami.

14Tapi nabi-nabi di Yerusalem, dorakana leuwih ti kitu, jarinah jeung galede bohong. Ka nu migawe kagorengan, kalah ka ngahatean, nepi ka taya saurang-urang acan jalma anu tobat tina dosana. Kadorakaanana ku Kami disaruakeun jeung urang Sadumu jeung Gomora.

15Ku sabab kitu, perkara nabi-nabi di Yerusalem kieu timbalan Kami, PANGERAN Nu Maha Kawasa: Eta nabi-nabi rek diparaban bratawali, jeung diinuman racun, sabab di sakuliah nagri maranehna geus nyebarkeun kadorakaan."

16PANGERAN Nu Maha Kawasa nimbalan ka urang Yerusalem, "Maraneh ulah rek ngadenge kana piwejang eta nabi-nabi. Piwejangna mah garenah, tapi palsu. Anu diwejangkeunana teh hasil rekaanana sorangan, lain pangandika Kami.

17Nu arembungeun ngadenge timbalan Kami, henteu weleh-weleh diwejang pisalameteun. Nu barasangkal diwejang yen moal manggih balahi."

18Kaula ngomong, "Saenyana eta anu ngarakukeun nabi teh teu saurang-urang acan anu nyaho kana rusiah manah PANGERAN. Teu saurang-urang acan anu kungsi ngadenge atawa ngaharti atawa ngaregepkeun pangandika-Na.

19Maranehna bakal disamber ku angin ribut bendu PANGERAN.

20Bendu-Na moal waka eureun sapanjang sagala pangersa-Na acan kabeh dibuktikeun. Umat Mantenna kakara bakal ngaharti kana hal eta di jaman ahir."

21Kieu timbalan PANGERAN, "Eta jalma-jalma ku Kami henteu diutus, tapi bet jaradi nabi. Kami teu mere timbalan naon-naon ka maranehna, tapi ana maranehna wewejang sok mamawa ngaran Kami.

22Ari enya mah nyarahoeun kana rusiah manah Kami, atuh anu kudu ditepikeun teh geus tangtu timbalan Kami, sangkan umat Kami tarobat tina dosana, areureun tina lampahna nu jahat.

23Kami teh Allah, aya di mana-mana, lain di satempat bae.

24Moal aya anu nyamuni henteu katingali ku Kami. Na teu nyaraho yen Kami aya di mana-mana, di sawarga, di bumi?

25Kami uninga naon anu diwejangkeun ku maranehna bari ngabohong mamawa jenengan Kami, jeung magarkeun Kami mere timbalan dina impianana.

26Rek nepi ka iraha eta nabi-nabi teh nyasabkeunana ka umat Kami, ngawejangkeun bohong ciptaanana sorangan?

27Panyangkana, eta impian maranehna teh bisa dipake nyasabkeun umat Kami, sina paroho ka Kami, tuluy nyarembah ka Dewa Baal, kawas karuhunna.

28Nabi anu meunang impian jeung tuluy nyaritakeun impianana, kudu nyebutkeun yen anu dicaritakeunana teh sakadar impian. Tapi nabi anu meunang timbalan Kami kudu nerangkeun yen anu dicaturkeunana teh estu timbalan PANGERAN. Sabab naon patalina jarami jeung gandum?

29Pangandika Kami mah ibarat seuneu, jeung ibarat baliung paranti meulah cadas.

30Kami ngamusuh ka eta nabi-nabi, anu ngaku-ngaku nyaturkeun timbalan Kami padahal nyaturkeun omongan ti pada baturna.

31Kami ngamusuh ka eta nabi-nabi anu ngaku-ngaku nyaturkeun timbalan Kami padahal nyaturkeun omonganana sorangan.

32Dengekeun Kami, PANGERAN, rek ngandika! Kami ngamusuh ka eta nabi-nabi, anu ngaku-ngaku yen anu diwejangkeunana teh meunang tina impian, padahal bohong. Impian-impian bohongna, anu dicaturkeunana bari gede omong, nyasabkeun umat Kami. Eta teh euweuh pisan gunana pikeun rahayat, tur Kami henteu ngutus nu karitu. Kitu timbalan Kami, PANGERAN."

33Timbalan PANGERAN ka kaula, "Yermia, upama aya umat Kami, atawa salah saurang ti eta nabi-nabi, atawa ti imam, aya nu nanya ka maneh, ‘Aya pangandika naon ti PANGERAN?’ jawab kieu, ‘Maneh ku PANGERAN rek dipiceun, sabab ngariridu ka Mantenna.’

34Jeung upama aya umat Kami, atawa nabi atawa imam, anu nyebut-nyebut ‘Kabeubeurat ti PANGERAN’, ku Kami tangtu dihukum katut sakulawargana.

35Kuduna nanyakeun ka pada batur atawa ka dulur teh kieu, ‘Kumaha waleran PANGERAN? Kumaha pangandika PANGERAN?’

36Ulah nyarebut ‘Kabeubeurat ti PANGERAN’, sabab ka nu nyebut kitu, pangandika Kami bakal enya-enya jadi kabeubeurat dirina. Eta jelema-jelema teh geus ngotoran pangandika Allahna, Allah anu jumeneng, PANGERAN Nu Maha Kawasa.

37Yermia, tanyakeun ka eta nabi-nabi, ‘Kumaha waleran PANGERAN ka aranjeun? Kumaha pangandika-Na?’

38Upama pangandika Kami ku eta teu ditarurut jeung disebutkeun ‘Kabeubeurat ti PANGERAN’,

39bejakeun yen maranehna tangtu ku Kami diranggeum terus dialungkeun ka nu jauh, kitu deui ieu nagara, anu ku Kami geus dibikeun ka maranehna jeung ka karuhunna.

40Rek sina nanggung kaera jeung kahinaan sapapanjangna, hamo bisa kapopohokeun."


  Share Facebook  |  Share Twitter

 <<  Yeremia 23 >> 


Bahan Renungan: SH - RH - ROC
Download
Alkitab ANDROID
Kamus Alkitab
Kamus Bahasa
Kidung Jemaat
Nyanyikanlah Kidung Baru
Pelengkap Kidung Jemaat
Alkitab.mobi
Copyright
Alkitab.SABDA.org
Android.SABDA.org
SABDA.APP
BaDeNo
Bantuan
Dual Panel Dual Panel